Lirik atawa Rumpaka Lagu 'Ulah Ceurik' nu Nepi ka Ayeuna Pada Mikaresep, Tempang Soal Pepegatan

- 9 Februari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi lirik atawa rumpaka lagu Ulah Ceurik/pixabay/ginavollendorf
Ilustrasi lirik atawa rumpaka lagu Ulah Ceurik/pixabay/ginavollendorf /

GALURA - Tembang "Ulah Ceurik" nu kungsi dihaleuangkeun ku Detty Kurnia jeung sawatara panembang Sunda sejenna, nepi ka ayeuna pada mikaresep keneh.

Eta hal katiten tina lagu nu sok diputer dina radio di Jawa Barat dina acara-acara tembang Sunda. Lagu "Ulah Ceurik" masih keneh diputer.

Lian ti eta, katiten oge dina unggal hajatan. Lagu "Ulah Ceurik" masih jadi lagu nu dipenta ditembangkeun ku panembang.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Kumaha ari lirik atawa rumpaka laguna? Mangga di handa ieu rumpakana dicatet lengkep.

Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna

Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah