Dina Film Serial ‘The Last of Us’, Jakarta jadi Sumber Sasalad

- 27 Januari 2023, 09:52 WIB
Adegan serial
Adegan serial /HBO Published/

GALURA - Film serial The Last of Us anu salasaurang pamaénna ngabaud aktris Indonesia, nyaéta Christine Hakim, kiwari jadi sabiwir hiji.

Enya, ieu film serial téh jadi viral di media sosial. Lain baé pédah salasaurang pamaénna aktris senior Indonesia, tapi salasahiji lokasina ogé lumangsung di Jakarta. Komo kapan dina carita téh disebutkeun  Jakarta jadi kasang sumberna sasalad (wabah) zombi. Ieu nu matak ‘rame’ di kalangan warganet téh. Résponna tangtu aya nu pro, aya oge anu kontra. Patojaiyah di antara dua pihak.

Anu pro ngarasa reueus pédah aya pamaén film ti urang anu (bisa) ngamancanagara, bari jeung lokasina di Jakarta, bisa ngawanohkeun Ibukota Indonesia ka dunya internasional.

Ari nu kontra, manghanjakalkeun ku naon éta film nyokot kasang tempat di Jakarta, bari diungkabkeun yen éta Ibukota téh sumberna sasalad (wabah) zombi. Najan fiktif tapi angger wé karasa négatif, ceuk nu kontra téh.

Baca Juga: Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar 

Christine Hakim dina film serial
Christine Hakim dina film serial instagram

Adaptasi gim

Serial The Last of Us téh nyaritakeun kajadian 20 taun ka tukang sabada ancurna peradaban modérn. Kacaritakeun Joel (Pedro Pasca) nu disewa pikeun nyusupkeun Ellie (Bella Ramsey) nu umurna karék 14 taun sangkan bisa kaluar ti zona karantina.

Satuluyna, duanana kudu meuntas Amerika Serikat sarta nyanghareupan rupaning hahalang sangkan bisa mertahankeun hirup.

Horéng ancurna dunya dina ieu carita sumberna tina infeksi jamur Cordyceps atawa Cordyceps Brain Infection (CBI). Éta jamur bisa ngabalukarkeun sakumna jalma katerap/kainféksi tur paripolahna ogé jadi leuwih gangas kacida. Ku éta virus jamur, maranéhna jaradi zombi.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

The Last of Us téh serial nu diadaptasi tina gim nu judulna sarua, ditulis jeung diproduksi ku Craig Mazin jeung Neil Druckmann.

Mimiti tayang di HBO ti 15 Januari 2023, ieu serial musim kahiji bakal ngawengku 10 épisode.

Aktor Indonesia nu makalangan dina ieu film serial, iwal Christine Hakim téh aya ogé Yayu Unru nu merankeun Agus Hidayat, jenderal TNI bintang 3. Duanana muncul dina épisode ka-2 The Last of Us anu tayang di HBO Go, Salasa (23/1/2023).***

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah