Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda

10 April 2023, 04:45 WIB
Pintonan drama musikal réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” pidangan Teater Senapati di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang, Kota Bandung, Jumaah-Saptu, 7-8 April 2023.* /Fadilatdishareza/T. Senapati/

 

GALURA – Tanggal 10 Muharam 16 Hijriah, kalawan diiringkeun ku 72 urang para ahlulbait, putu Rasulullah, nyaéta Imam Husain bin Ali, ngajugjug Kufah. Maksud ngajugjug Kufah téh pikeun rundingan jeung warga pangeusi Kufah nu geus jangji rék ngabaeat Imam Husain minangka khalifah.

Tapi di tengah jalan, rombongan Imam Husain dicegat ku pasukan Yazid bin Muawiyah, khalifah nu kakawasaanana tétéla meunang ku jalan telenges ku cara maténi Imam Hasan bin Ali Thalib, rakana Imam Husain.

Di Karbala, kajadian perang nu teu imbang, rombongan Imam Husain ngalawan 40 rébu pasukan Yazid. Imam Husain perlaya, rombonganana ukur nyésa 20 wanoja, kaasup Zainab Al-Kubra, rayina Imam Husain, tur 12 barudak ti kaom Bani Hasyim.

Maranéhanana dijadikeun tawanan, diabringkeun ka Kufah, nyakséni kabiadaban pasukan Yazid nu nancebkeun mastaka parasuhada dina tombak.

Baca Juga: Workshop Drama Basa Sunda di Pusat Budaya Pagerageung, pikeun Guru SMA jeung SMK Sa-Jawa Barat

Salasahiji adegan drama religi

Zainab Al-Kubra tetep teuneung bébéla ka ahlulbait Nabi Muhammad saw. Di hareupeun pangawasa Yazid jeung Gubernur Ibnu Ziyad, pidato anjeunna mungguh ngageuing katineung sakumna nu hadir kana kétak Imam Ali ra.

Zainab Al-Kubra lir matapoé nu nyaangan runtuyan sajarah Islam jeung ajén kamanusaan.

Kitu gurat badag lalakon Imam Husain nu perlaya di Karbala dina drama réligi Sunda Kasidah Cinta Al-Kubra pidangan Teater Senapati Bandung, di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang, Kota Bandung, Jumaah-Saptu, 7-8 April 2023.

Éta drama réligi karya sutradara Rosyid E Abby téh minangka “daur ulang” tina drama Kasidah Cinta Zainab Al-Kubra taun 2012 jeung 2018.

Kalawan noron, ti mimiti 2006, meh unggal bulan Ramadan Teater Senapati midangkeun episode “Kasidah Cinta” nu digarap semi-kolosal, ngadumaniskeun seni drama, seni musik, jeung tari, kalawan wangun paguneman (dialog) dina basa Sunda.

Kungsi éta gé, alatan pandemi Corona jeung nu séjénna, ukur 5 kali “Kasidah Cinta” teu minton, nyaéta taun 2013, 2015, 2020, 2021, jeung 2022.

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Dina

Konsistensi ngagarap “Kasidah Cinta”, jadi matak kétak Teater Senapati lir nu teu bisa leupas tina pagelaran drama Sunda réligi geusan ngeusi bulan Ramadan.

Interaksi akting parapamaén senior saperti Abah (Heri) Awie, Rinrin Candraresmi, Apip Catrixs, Dian Hendrayana, Dado Tisna, Dadan Darto, jeung nu lianna, lir jambatan nu ngajaga lumangsungna regenerasi ka parapamaén entragan ngora enggoning tetep micinta kana kahirupan drama Sunda, utamana dina téma réligi jeung kamekaran sajarah Islam.

Dina Kasidah Cinta Al-Kubra harita, Abah Awie jeung Rinrin Candraresmi maénkeun tokoh salaki-pamajikan Mush’ab ibn Zubair jeung Sukainah binti Husain, anu ogé nyambungkeun carita minangka  narator.

Kamampuh maranéhanana témbong asak dina ngariwayatkeun pirang-pirang runtuyan adegan, tepi ka nu lalajo lir teuleum kana nyipta-nyipta kaayaan, kaasup nepikeun kontekstualna téma pintonan jeung kaayaan kiwari, horéng agama sok dijajadikeun kedok keur ngahontal kakawasaan.

Dipasieup ku aksi nguah panggungna minangka transfer élmu ti senior ka yuniorna ku cara ngaping nu pikagenaheun.

Baca Juga: Pagelaran Longser 4D, Daring, Durarang, Duraring, Dong, Sambada UPI Bandung, Hirup Mah Perjoangan!

Sakumaha nu ditepikeun ku Iman Soleh, aktor/sutradara nu dosen teater Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, dibandingkeun jeung daérah séjén di Indonesia, kahirupan drama basa Sunda téh kawilang pangsuksesna. Ti mangsa ka mangsa, minat masarakat, kaasup ti entragan ngora, terus ngageder micintana kana drama basa Sunda.

“Éta téh teu leupas tina kétak komunitas-komunitas teater nu tetep konsisten ngagarap drama Sunda, saperti Teater Senapati,” pokna.

Adegan Imam Husain (Dian Hendrayana) dicaram ku Ummu Salamah (Andari) pikeun mangkat ka Kufah, dina drama

Ceuk Iman Soleh, kétak Teater Senapati nu méh noron midangkeun drama episodial “Kasidah Cinta” unggal bulan Ramadan, éta téh wujud konsistensi enggoning miara kalumangsungan drama basa Sunda.

“Leuwihna ti éta, lian ti ngeusi bulan Ramadan, pidangan drama Kasidah Cinta tétéla geus jadi media alamiah proses regenerasi ka sakumna masarakat nu karep micinta kana drama basa Sunda, ogé transfer élmu perkara sajarah kamekaran Islam jeung ajén-inajén kamanusaan,” pokna deui.

Konsistensi Teater Senapati gé meunang apresiasi ti aktris Paramitha Rusady, pokna téh, “Sateuacanna, hapunten danget ayeuna kuring teu tiasa ngaapresiasi. Kuring seja ngawilujengkeun Kasidah Cinta Al-Kubra. Pidangan drama réligi Teater Senapati sing tetep nanjeur geusan miara kahirupan drama basa Sunda.”

Anapon episode drama “Kasidah Cinta” pidagan Teater Senapati saméméhna téh, nyaéta Jalma-jalma nu Iman (2006), Sang Muadzin (2007 & 2019), Sang Singa Allah (2008 & 2017), Sang Sahabat (2009), Sang Abid (2010), Palagan Karbala (2011), Al-Kubra (2012 & 2018), Al Faruq (2014), Shahabiyah (2016), katut Hamzah Asadullah (2017).***

Baca Juga: Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler