“Naon, Abi, dédéngéan téh anjeun… anjeun…?” Hindun teu kebat nuluykeun omonganana.
“Naon, Abu Sufyan? Anjeun manut kana ajaran Muhammad?!” Ikrimah gé sarua teu bisa nyumputkeun semu kagétna. Bari dibarung ku amarah kituna téh.
“Enya, kuring duaan jeung Hakim bin Hizam geus manut kana ajaran Muhammad,” cék Abu Sufyan tandes naker, éstu teu sieun ku balukar omonganana. “Aranjeun ogé aya hadéna nuturkeun ketak kuring. Geura arasup Islam, sing percaya, aranjeun bakal salamet!”
Ti jauhna kareungeu aweuhan jalma ayeuh-ayeuhan paselang jeung sora tatabeuhan perang katut gurutukna kuda jeung onta muru ka Masjidil Haram, ka palebah maranéhanana keur karumpul.
“Tah, reungeukeun ku saréréa. Muhammad jeung pasukanna geus ngaweuhan muru ka dieukeun. Lamun aranjeun hayang salamet, tong talangké, geura turut omongan kuring anu nyata-nyata paréntah ti Rosululloh!”
Enya baé, kasaksian pisan ku Hindun jeung ku saréréa, kumaha Rosululloh jeung sapuluh rébu umatna kaom muslimin ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut muru ka Masjidil Haram, ka lebah maranéhna keur ngarariung. Atuh tangtu baé, anu keur ngarariung téh ting buriak muru ka tempat-tempat anu tadi disebutkeun ku Abu Sufyan. Aya nu ka imah Abu Sufyan minangka jaminan kasalamétan, aya nu ka imah Hakim bin Hizam, aya nu asup ka Masjidil Haram, sarta teu saeutik ogé anu mulang ka imahna séwang-séwangan bari gebrug nutupkeun pantona rapet-rapet.
Ari Ikrimah bin Abu Jahal, kalah ngajak balad-baladna pikeun nyerbu pasukan Muhammad. Ngan kabéhanana kasoran ku pasukan anu dipingpin ku Khalid bin Walid. Sawaréh tiwas, sawaréhna deui mah pada mabur, kaasup Ikrimahna sorangan.
**
PEUTING sabada kajadian Fathu Makkah, nalika umat Muhammad jeung para sahabat qiyam Ramadan jeung tadarus di Masjidil Haram, di imahna Hindun binti ‘Utbah teu weléh marudah haté. Haténa katodél ku kajadian tadi beurang. Sapuluh rébu jalma ngageunjleungkeun Kota Mekah, ngagung-ngagung katauhidan Alloh. Allohu Akbar! Allohu Akbar! Allohu Akbar!
Hindun binti ‘Utbah mungguh ngarasa gimir. Lain gimir ku kasieun. Lain gimir ku diperangan. Tapi gimir kana ayana Nu Maha Ghoib, anu salila ieu jadi kayakinan Muhammad jeung umat-Na, anu teu bisa ditingal tina wujud-Na tapi bisa dirasakeun tina kayakinan diri.