“Ké heula, répéh, répéh! Tong waka ngagugu napsu! Aranjeun moal sanggup ngalawan pasukan Muhammad anu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut muru ka ieu kota. Rosululloh rék umajak ka aranjeun sangkan geuwat-geuwat ninggalkeun tradisi jahiliyah ku jalan dami. Teu nanaon aranjeun nolak kana pangajak Muhammad, tapi aya saratna.”
“Naon saratna téh, ya Abu Sufyan, naon? Naon?!”
“Sing saha anu asup ka imah Abu Sufyan,” bari nepak dada sorangan, “manéhna bakal salamet.”
Mireungeuh kitu, Hindun nu ti tatadi geus aya di tengah-tengah kaom Quraisy, salakat-sélékét muru ngadeukeutan salakina.
“Gagabah boga salaki téh. Anjeun téh pamingpin kaom anjeun sorangan, ya Abi. Piraku tepi ka taluk ku pangaruh Muhammad!” Tuluy ka saréréa, “Ya, kaom Quraisy Kota Mekah, hayoh siap-siap geura perang. Tong nurut pangajak salaki kuring, anu mungguh sagoréng-goréngna pamingpin kaom urang.”
“Montong!” Abu Sufyan ngagebés. “Aranjeun kabéh montong ngagugu kana omonganana. Sing percaya, Muhammad keur ka dieukeun bari mawa kakuatan anu lain lawan-lawaneun. Ku kituna, gancang geura asup ka imah kuring, aranjeun bakal salamet!”
“Ari anjeun, Abu Sufyan!” Ummu Hakim, pamajikan Ikrimah anu ti tatadi teu kecét-kecét, ngagebés. “Piraku jalma sakieu réana bisa asup kabéh ka imah anjeun?!”
Saréréa papada raéng deui ngaenyakeun omongan Ummu Hakim. Tapi Abu Sufyan teu miroséa, kalah nuluykeun omonganana, “Sing saha asup ka imah Hakim bin Hizam, manéhna bakal salamet!”
Kabéh raraéng deui.
“Sing saha nu asup ka Masjidil Haram, manéhna bakal salamet! Sing saha nu nutupkeun pantona rapet-rapet, manéhna bakal salamet!” Abu Sufyan angger teu miroséa anu raéng patémbalan, kalah tuluy sorana handaruan meneran tengah poé éréng-éréngan. “Hé, dulur-dulur kaom Quraisy, reungeukeun ku aranjeun … Kuring geus asup Islam!” Ujug-ujug baé anu raraéng teu puguh déngékeunana téh kabéh jarempé, kawas gaang katincak. Kabéh teu nyoara, carolohok bari silipelong papada baturna.