Amitan

- 4 Desember 2023, 13:16 WIB
Ilustrasi Carpon Amitan
Ilustrasi Carpon Amitan /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Elih Herlina

TROK...trok...trok....”

Kadéngé sora nu ngetrok kaca, ari dirérét sihoréng cakcak, “Kasebelan!” Tungkul deui kana pagawéan. Trok-trok deui, geuning lain cakcak. Panasaran hordéng disérélékeun terus noong ka handap.

Breh, tangtungan hiji lalaki nu kungsi ngeusian haté keur ngajanteng bari nang­keup buket kembang eros bodas jeung nyekel hiji kotak leutik, keur ngawaskeun ka luhur ka lebah kuring. Jirim nu geus heubeul teu témbong, dedegan nu teu ha­yang katingali deui.

Ti saprak harita, mang­sa ieu haté  nu keur meujeuhna mang­kak ligar, dipiteskeun nepi ka ancur lebur. Manéhna kungsi meruhkeun rasa, kungsi ngagolakkeun asmara, kungsi méré hare­pan éndah. Manehna kungsi hadir dina mangsa nu pinuh ku wawangi tur  mamanis. Kiwari nu nyesa ukur tatu gudawang nu hésé litana.

“Duh, rék nanahaon atuh ari anjeun?” Kutuk gendeng sorangan.

Isukna wanci kitu, manéhna geus aya deui di dinya. Aya rasa karunya, inget sabaraha bulan ka tukang, mangsa kuring masih kénéh aya di lembur, manéhna kungsi datang ka kantor.

“Néng, aya peryogi sakedap, tiasa upa­mi urang ka payun heula.”

“Hapunten, abdi nuju didamel, aya peryogi mah mangga wé di dieu.”

“Asa kirang raos di dieu mah, atuh sanés waktos wé.”

Ti harita kuring meunang pancén pendidikan ka luar kota. Jeung  manéhna can kungsi panggih deui, keur mah teu hayang panggih, sok asa kasuat-suat, inget lalakon mangsa kaliwat. Manéhna teureuh ménak, ari kuring cacah kuricakan.

Kulawargana geus ngawiwirang kuring. Manéhna nu ngomongna rék bajoang sangkan kuring ditarima ku kulawargana, geuning teu bisa kukumaha. Ti harita pleng teu béja teu carita ninggalkeun kuring dina kanalangsaan.

Geus saminggu manéhna unggal peu­ting sok cicing di dinya, handapeun tangkal samoja. Aya kapanasaran, léos deui kana hordéng. Katingali manéhna leumpang lalaunan  ngajauhan, rumanggieung. Bet asa watir. 

Durugdug turun ti loténg muru panto, terus ka luar. Ngajanteng dina lawang panto ngawaskeun nu miang lapat-lapat beuki jauh. Hayang ngageroan tapi baham ka­peungpeukan ku kanyeri masih nyayang dina ati. Disérangkeun nepi ka ngilesna diteureuy petengna peuting.

Isukna réngsé préséntasi aya WA ti dunungan. Eusina pondok tapi matak nyentug kana jajantung. Pikiran teu paruguh. Réwuan pananya pagaliwota dina uteuk.

 “Bilih can uninga Pa Firman ngantunkeun tadi wengi.”

Keur méakkeun kapanasaran nga-WA ka Si Budi, sobat kuring nu baheula jadi panglayar kuring jeung manehna. Tétéla cenah manéhna teh gering geus lila, malahan komana ogé geus saminggu. Si Budi ménta dihampura teu kaburu ngabéjaan ti anggalna.

“Ari nu saminggu ieu sok ngajanteng handapeun samoja saha? Moal kapalingan, dedeg pangadegna, keureut beungeutna sanajan ti kajauhan ogé, malahan baju nu dipakéna ogé, apanan baju kameumeut kuring baheula.”

Leng titingalian karonéng. Bruh-bréh panineungan heubeul nu geus leungit narémbongan deui. Peurih, mémang matak peurih, ari ras kana lalakon bihari. 

Puguh keuna ku paribasa, waja mah kudu ka waja deui teu meunang nyanding jeung kaléng. Kuring rumasa kaléng mun dipaksa nyandingkeun waja moal kuat, pa­ling gé kalah miley. Manéhna nu jangji moal ningali kana nanaon, geuning bet sulaya, beurat ka kulawarga. 

Tiket karéta geus dibeuli ti saminggu ka tukang.  Sajajalan keukeuh hémeng pi­pikiran. Beungeut  manéhna terus ngalang­kangan. Siga aya hiji rusiah nu hayang dite­pikeun. Atra tina cara manéhna neuteup ka lebah kuring, sanajan anggang teuteupanna asa niruk kana jajantung.

Nepi ka lembur pabeubeurang. Si Budi ngabagéakeun terus ngajakan tajiah ka imahna. Asa bingung, inget lalampahan baheula. Asa peurih sabenerna mah ku talajak maranéhna, mangsa harita nolak kuring sapajodogan pédah teu satata. Geus dijodokeun jeung anak sobatna cenah.

“Ka makam wé atuh Is, pan manéhna téh nyaáheun pisan ka Euis,” ceuk Budi.

“Ah éra, bisi aya dulurna.”

“Moal atuh, pan dimakamkeunana ogé geus ti kamari.”

Indit ka makam dianteur ku Budi jeung Widi, sobat-sobat kuring nu apal lalakon hirup kuring. Teu katahan kuring nga­gukguk ceurik, sagala kaheuheul nu salila ieu minuhan dada, sirna sapada harita.

Reres ngadu’a, teu disangka di tukang­eun aya nu ngajanteng sababaraha urang. Sung-song ngajak sasalaman. Geuningan dulur-dulurna nu baheula nolak kuring téa.

“Néng Euis mangga linggih heula!”

Lanceuk cikalna ngeukeuhan kudu nyim­pang heula.

“Hapunten Pa, abdi rusuh, sanés waktos wé.” Kuring nolak lemes.

“Néng, ieu téh penting pisan aya patalina almarhum sareng salira, sing hawatos geulis. Peupeuriheun kapungkur Akang rumaos dosa ka salira.”

“Aya patalina sareng abdi, perkawis naon?”

“Muhun, engké di rorompok ngado­ngéngna, di dieu mah kirang saé.”

Kapanasaran mingkin rohaka. Lan­ceuk­na nu baheula sombong kacida, ningali  ayeuna mah asa pikawatireun. Si Budi ngaharéwos, nitah ngagugu kana kahayangna, pajarkeun téh karunya.

Nepi ka imahna nu teu jauh ti makam. Barabat wé Si Akang téh ngadongéngkeun kaayaan manéhna sabada dititah megat­keun kuring. Manéhna gering nangtung ngalanglayung, gawéna ngan huleng jentul  aya kana genep bulanna. Lanceuk-lanceukna karunyaeun, nya diidinan wé, bisi rék neruskeun lalakon hirup jeung kuring.

Manéhna giak, dadak-sakala cageur. Cari­tana mah manehna  indit ka imah kuring. Hanjakal elat, kuring geus kawin, karék saminggu. Cenah manéhna kacida kuciwana. Aya taunna manéhna ngungun, tapi lila-lila mah bisa palér, pamustunganana kawin jeung wanoja nu geus dirérémokeun ti baheula.

Sabot lanceukna cacarita, pamajikan almarhum ngaléos ka kamar. Balik deui mawa hiji kotak leutik. Song dibikeun ka kuring.

“Ieu kotak kanggo salira.”

“Kanggo abdi?”

“Muhun, ti Kang Firman.”

“Naon ieu téh?”

“Duka, abdi gé teu terang, ieu kapendak tina lomarina, nembé kapendak tadi waktos mérésan anggoanana, mangga tampi, ieu aya nami salira.”

Rada kalékéd rék narima téh. Asa teu puguh rasa.

“Mangga Néng tampi, ieu amanat, dosa pami teu didugikeun.” Si akang mairan, semu maksa nitah narima éta kotak.

Kotak ditampanan lalaunan bari leu­ngeun mah ngeleper. Breh katara aya nga­ran kuring diukir dina éta kotak. “Kanggo Euis nu Kapiati Salamina.”

Aya nu nyérédét dina haté. Rét ka pamajikan almarhum. Pastina ogé peurih pisan. Da sarua awéwé, kuring bisa nga­rasakeun kumaha peurihna ditinggal­keun ku jalma nu dipikacinta. 

“Dikonci geuning Téh.”

“Muhun, mung koncina teu kapendak.”

“Cing  urang cokel wé.” Si Akang ngasongkeun ide.

Song éta kotak dibikeun ka Si Akang. Teu kungsi lila geus bisa dibuka.

Lalaunan dibuka. Eusina surat-surat cinta jeung poto-poto baheula. Aya  cepuk perhiasan deuih. Cepuk dibuka eusina ali meneng sapasang, aya ngaran kuring jeung manéhna, kongkorong jeung liontinna ngawangun daun maple ditarétés permata, antingna ogé sawangun jeung liontin, katut geulang koroncong genep siki.

Cimata teu kaampeu. Rét deui ka pamajikan almarhum.

“Téh, ieu perhiasan mangga rawatan wae ku Tétéh.”

“Ih ulah, apanan ieu mah kanggo salira, atra dina seratanana ogé,” pokna dumareuda.

“Eta mah lalakon kapungkur-kapungkur. Ayeuna mah Tétéh istrina, Tétéh ahli warisna.”

“Eta téh tawis kaasih Kang Firman kanggo salira. Ti kapungkur gé Kang Firman mah mung micinta salira.”

Pamajikan almarhum ngagukguk ceu­rik. Teuing naon nu aya dina pikiranna. Kuring ngagabrug awakna, paungku-ungku ngedalkeun parasaan sewang-sewang. Réwuan rasa gumulung jeroeun dada. 

Breh katembong si jenat ngolebat bari imut ngagelenyu, tuluy indit. Ayeuna mah léngkahna bangun nu taya karingrang.*** (DImuat dina Galura cetak edisi I Desember 2020)

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x