Kabayan Ngalanglang Jaman (28) : Gempungan di Karaton  

- 8 Juni 2023, 10:41 WIB
/Desain: REA/

 

SANGGEUS nyarita kitu mah, Oidipus maréntahkeun ka paragegedén jeung parasesepuh Thebes sangkan harita kénéh ngayakeun gempungan.

“Parasesepuh jeung paragegedén anu ngokolakeun nagara,” ceuk Oidipus muka pangbagéana.

Kabéh nu ngaluuhan dina éta riungan saregep ngabandungan.

“Sakumaha pamundut Hyang Widi yén urang téh kudu meresihan kota tina rurujit jeung werejit, wayahna kabéh-kabéh kudu sabilulungan luyu jeung kamampuh sewang-sewangan.”

Parasesepuh jeung gegedén téh sawaréh ting parelong, teu ngarti ka mana léokna omongan Oidipus.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak II Juni 2023, Ngaguar Kabupaten Majalengka nu Dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin

Ari nu sawaréhna deui mah aya nu unggut-unggutan tandaning ngarti.

Oidipus surti da mémang parasesepuh jeung para gegedén anu dikumpulkeun ayeuna téh, sawaréh di antarana aya nu henteu milu kana riungan saméméhna.

“Aéh, enya, meureun aya di antarana anu teu nyaho, ku naon pangna kaula ngumpulkeun paragegedén jeung parasesepuh di dieu,” ceuk Oidipus bari tuluy méré isarah ka Kreon sangkan ngadadarkdeun maksud jeung tujuanana éta gempungan diayakeun kalawan ngadadak.

“Kieu, dulur-dulur…,” omong Kreon teu ngaengkékeun deui, “… sakumaha nu kaalaman ku urang saréréa, di ieu kota téh keur aya musibat anu rongkah. Méga nu ngandung racun keur nyumebarkeun pati. Unggal waktu urang teu weléh nunggu-nunggu pati, nuturkeun dulur-dulur urang, indung-bapa, mitoha, pamajikan, anak, incu, anu geus tariwas ku lantaran nyeuseup hawa racubn anu duka ti mana sumberna. Geus sabaraha rébu nyawa anu teu bisa katulungan lantaran unggal detik teu weléh aya nu tiwas. Boa urang gé sakeudeung deui bakal ngalaman nasib nu sarua. Ku kaayaan kieu aya kamungkinan nagri urang bakal ancur burakrakan.”

Baca Juga: Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

Ngadéngé omongan kitu, parasesepuh jeung paragegedén ting parelong deui. Beungeutna sarepa bangun taya getihan.

“Tuluy kumaha carana sangkan urang bisa ngungkulan ieu musibat?” ceuk salasaurang sesepuh.

“Bener! Bener!”

“Bener! Kumaha carana?”

Para sesepuh jeung paragegedén réang patémbalan.

Iwal nu geus nyaho anu teu nyoara téh.

“Ké heula. Répéh heula, dulur-dulur! Omong Kreon bari ngulangkeun leungeun katuhuna.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (27): Nagri nu Pinuh ku Pepedut Getih

Jep baé saréréa jempé.

“Dulur-dulur,” ceuk Kreon deui. “Anu penting mah lain sual kumaha carana, tapi…”

“Teu bisa kitu!” témpas salasaurang sesepuh.

“Enya, teu bisa kitu! Da tetep baé urang kudu nyaho kumaha cara ngungkulan ieu masalah. Éta nu penting mah!” témpas nu séjénna.

“Ké heula… ké heula… maksud kami mah…”

“Bisa wé nyebutkeun teu penting. Kapan ceuk andika gé tadi, ieu musibat téh mun teu gancang-gancang diungkulan bakal ngancurkeun nagri urang. Bener teu, Lur?” omong salasaurang gegedén ménta kamandang ti nu séjén.

“Bener.”

“Bener!”

“Enya, bener tah!”

“Enya, teu salah!”

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

Raéng deui patémbalan.

“Répéh! Répéh heula! Ulah waka nyoara!” omong Oidipus. Sorana agem ngemu wibawa.

Jep, saréréa jempé.

“Anu dimaksud ku Kreon lanceuk kaula mah, sual ngungkulanana ogé penting, kawilang pentingna. Tapi aya nu leuwih penting deui ti éta…”

“Naon anu leuwih penting ti éta téh, Gusti Prabu?” ceuk salasaurang gegedén.

“Teu béda ti kahuruan. Ngungkulan kahuruan mah gampang, tinggal banjurkeun wé cai kana seuneu nu keur ngabebela, pareum geura. Tapi pan teu cukup ku kitu wungkul, urang gé kudu nyaho ti mana sumberna kahuruan téh…”*** (Lajengkeuneun)  

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

        

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x