Sapeupeuting Chatting

26 Desember 2023, 14:05 WIB
Ilustrasi carpon Sapeupeuting Chatting. /Budi Riyanto/galura.co.id

 

Carpon: Rakéan Bratalegawa

KOMPUTER dihurungkeun deui. Modem di-connect-keun. Rék chatting. Kuring rék maluruh nu ngaran Romihah, Nugeraha Sudeurajat atawa saha waé boh lalaki boh awéwé, man­sabodo. Hiji hal anu gegerejeg hayang dipokkeun ka anjeun. Kuring hayang solat deui leuwih awal ti sasari. Hayang ngarumah tangga. Hayang chattingan deui jeung para chatter hususna anu samodél anjeun. Lain jeung ce_saraf, cewedower, ci_peuleu­keuk_cowomongflo. Rék ditulis ku hurup baradag geusan ditarapelkeun dina panto kamar kuring, ‘Kiamat bisa waé kajadianana lima menitan deui….nyaho!’

“Haluuuu…!”

Euweuh jawaban. “Hallluuu,…halluuu…!”

Taya réaksi. “Niat chatting moal ieu téh?” Angger euweuh naon-naon. Tilu jajar kalimah lungsé tanpa jawaban ti peuntas ditu. Kuring gé kagét. Ratusan kali chattingan, kakarak manggih nickname anu sederhana pisan. Basajan, simpel jeung konsérvatif, Romihah tanpa émbél-émbél. Padahal para nickname nu aya dina chanel #Indonesia kacida baragemna, kerén-kerén, légég jeung gaya béak karep, geura aya ce_kréén, si_rancunit, cewekece, cowoknongnong, zazaka_gagah, callboy jeung loba wéh nu leuwih ti kitu gé. Kuring gé pan nickname téh Sa_Trya Gwan_tenk. Ari Romihah, coba? Just Ro­mihah? Halah ngaran urang kampung, Romihah, Saodah, Roqo­yah, Halimah, Oyoh, Kocih, Emoh halah… ngaran-ngaran anu mu­lang kana ngaran hareup. Mun Halimah pasti Mamah, Roqoyah moal hanteu Yayah. Asép Sura­sép, Tatang Suratang, Kardun Sukardun, Ohim Surohim… Adut pasti Suradut.

“Halllouu! moal diwaler yeuh? Ok ku kuring diputus ayeuna kénéh. Cuang itung sampé tilu,” keuheul tuda, mémangna harga pulsa telepon murah kitu? “Hiji...!” euweuh réaksi. “Dua…!” Taya jawaban. Rék sacret-creteun ngetik ‘tilu’, lol jawaban ti Si Romihah, “Muslim?” Muncul dina baris anyar. Teu sailaharna chatter séjén anu sok nulis munggaran ku pananya ‘A/S/L’, umur, awéwé lalaki-na jeung lokasi, asal ti mana ti mendi-na. Matak men­tegeg, naha nu pangheulana dita­nyakeun téh bet urusan SARA? Muslim? Mémangna kuring téh teu boga ageman kitu. Panan kieu-kieu ogé ngalaman keurseus adzan jeung komat.

“Muslim? Awas diitung yeuh tepi ka tilu.”

Dua kali nanyakeun. Haduh maké ancaman sagala. Kuring jebi, tok tok tok, jebréd wéh, “Tangtunya donk,” kesel asa dilédék atuda, “Indung bapa kuring muslim, adi lanceuk muslim, pembantu muslim, para tatangga muslim. Puas, Néng?” Ampir-ampiran nuliskeun yén ucing jeung domba kuring ogé muslim. Kesel atuda lah.

“Mun teu salah salamna urang muslim mah lain hallouuu pan?”

Haduh asa digitik hulu yeuh. Chatter anu teu sabasajan jeung nickname-na. Kuring kudu ati-ati kaya kieu mah yeuh.

“Ass, Nénéng…”

“Naon Ass téh?”

“Assalamu’alaikum…!”

“Wa’alaikumussalam waroh­ma­tullohi wabarokatuh.”

Euleuh panjang euy jawaban­ana. Tapi ku sakituna kuring jadi leuwih kapincut. Panasaran. Chatter-chatter anu tadi diajak ngobrol saharita diputus-putus­keun. Kuring fokus ka Romihah.

“Hiji enol, nya? :)” Ayeuna kari sa-window jeung nu ngaran Romihah. Dasar ontohod, kuring diseungseurikeun deuleun. Ru­mus :) tandana nyeungseurikeun, pan. 

“Ok, hiji enol. Tunggu serangan balik lah!” Kuring nyorowok liwat ketikan, “A/L?”

“Nanya-nanya umur sagala ih.”

“Teu meunang kitu?”

“25/Jkt.”

Beu, sasama jeung kuring atuh. Tapi piraku ah, aya ngaran Romihan di Jakarta. Sabodo kétang.

“Sok arék dilanjut?”cenah nga­­geb­ray ujug-ujug.

“Ok!”

“U”, chatter biasa nyingget you ku ‘U’. ”U, Ti jam sabaraha chattingan?”

“Bada Isya, kira-kira tabuh 19.10.” Cék kuring sakeunana wé, nanaohaon sih nanya-nanya jam sagala. “Geus isya-an acan?” Beu, indung ogé tara natanyakeun nu karitu. Tara ngagerejud maksa kudu ka cai barina ogé. Saha sih manéhna téh. Wawuh gé acan geus kumawani tutah-titah sho­lat. “Geus Isya-an acan?”

Ah, enyaan maksa. Kakara ayeuna chattingan tepi ka geregeteun kieu yeuh. Biasana kuring anu jadi manukna ngaheureuyan para chatter awéwé. “Pasti encan nya? Mun enggeus mah pasti ngajawab yés ké, muhun ké, tangtu ké, off course ké….”

“Mun acan kumaha? Pan janari ogé bisa kénéh!”

“Hé nu kasép, mémang u yakin bisa kénéh hirup tepi ka janari?”

Hadduh, punduk asa kapepeg. “Kiamat bisa waé kajadianana lima menit deui, nyaho!”

Asa bénjol binti genyur ieu sirah, ”Geus cukup bekel kitu, keur nyalopa di kuburan?”

Haduh, kuring ngabirigidig. “Chattingan puluhan jam, ma­enya sholat anu pira lima menit teu kapaliré.”

Cundang, peuting ieu mah chattingan téh. Kuring ngabelepbep total. Kuring ngoléséd ka toilet. Saha sih Romihah téh? Sholat jelas ébat. Lima menit ti rohang pangshalatan, telenjeng deui ka hareupeun komputer. Bray, “Gué katé jugé apé!” ceuk manéhna ngajibrutan. Sabodo, kuring langsung narajang.

“U geus aya nu boga, acan?”

Jempling. Sok lah kuring ayeuna di atas angin,  Sa_Trya Gwan_tenk téa atuh. Urusan perayuan umum mah moal aya tandinganana. “Héy, U geus aya nu boga teu? Awas diitung tepi ka tilu nya!”

“Teu acan!”

“Bener?”

“Leres!”

“Geus wé kieu, kumaha mun U jadi kabogoh Ay? Satuju?” Asa gagah kuring ayeuna mah tapi layar nambleg alias euweuh balesan. Lila-lila, ”Ay anti bobogohan!” Wah boa lain anak Batawi meureun. Piraku teu wawuh jeung nu ngaranna bobogohan dina jaman now. “Harom!”

“Harom?”

“Muhun, Harom!”

“Kumaha mun langsung wé jadi may waif, kumaha? Pan teu merlukeun taaruf-taaruf sagala lah kabarabé-barabé.” Ceuk ku­ring sumanget. Maké kodeu :) LOL.

“Ngaran Kakang saha sih? Lain Sa_Trya Gwan_Tenk ah nya?”

Tah, beunang siah Romihah. Taluk lah ka kuring ayeuna mah. Kuring nuliskeun ngaran mare­ngan irung melendung superbeukah, “Mahésa Dandika.”

“Nami abdi mah…” ngaloading memenitan. Gereget da. Tapi, tah, manéhna geus daék nyebutkeun ngaran aslina, KO siah Romihah! Moal enya ukur Ro­mihah wungkul ngaran téh. Pasti lah aya tambahanana, Rétty, Rénny, Salsa, Bélla, Fébby, Shéfia, Naura, Calfatara, Cindy, Dévy atawa Clara.

“Nami abdi mah…”

Pok-pok siah, mani hararésé. Pira nuliskeun ngaran. Kitu da ari anu rumasa éléh mah, soak kareureuhnakeun sigana mah. Kuring téa atuh, King Of The Chatt. Haha! Si Résfonsif Ulung!

“Nami abdi Nugeraha Sudeu­rajat…”:)

Curuk kuring saparakanca ngadadak leuleus. Lalaki geu­ning?  Haduh Seblu, kudu dikamanakeun ieu beungeut? Sakilat komputer dipareuman, modemna dicabut. Gebut kana kasur bari nyabet bantal disesegkeun kana beungeut. Koplok, orongoh, ontohod, kanjutrayud, tangkurak, jedding, kurang asem, dasar seblu!  Wakwékwok tina biwir kuring paburasét minuhan rohang ka­mar. Tapi, heup. Apanan cukang lantaran manéhna, kuring gesat-gesut sholat Isya téh. Panan tara-tara ti sasari. Maké geregeteun hayang maluruh obyék chatting. Maké gutrut nulis hayang jadi kabogohna, malah teu euleum-euleum ngotrétkeun kekecapan hayang ngawin sagala, sanajan tangtu kabéhanana ideu kuring anu super eusleum. Da nyakitu, boa lawan chatting kuring ogé api-api jadi lalaki, apanan bisa waé. Buru-buru kuring hudang. Hiji kasadaran anu kuring sorangan teu ngarti. Ngalir kana saka­béh jajalaneun getih sakujur awak. Hiji kacinta kana diménsi anyar. Enya, hiji kacinta anu sa­ma sakali can kungsi ka­asaan.*** (Dimuat dina Galura cetak II Januari 2020)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler