Sajak Emha Ubaidillah

17 Juli 2023, 14:45 WIB
/

 

Sajak Emha Ubaidillah

Hanjuang di Gunung Padang
(Sinom)

Hanjuang di Gunung Padang
Na geger pasir nyengceling
Bangun anu ngagupayan
Geusan nyaba ka bihari
Geusan ngaragap diri
Ka tebihna ka lawung dumuk
Ka jaman nu mana boa
Sumampeur tigin maripi
Ngabulungbung balungbang luang baheula.

Hanjuang di Gunung Padang
Jentulan pangĕling-ngĕling
Beureum hibar narawangan
Puluh abad ratus warsih
Kaludangna kiwari
Supagi getĕn maluruh
Janten luang kasadaran
Ngararab ĕlmuning Gusti
Geusan nangtung nangtang ngeunteung ka wiwitan.

Hanjuang di Gunung Padang
Burahay pucukna lilir
Iceus nataan juringkang
Nu ngaleut ti tepis wiring
Ngadu manis hariring
Parentul lacak karuhun
Muragabaya samakta
Guritan Bujangga Manik
Lana lasteu lastari lunta lampahna.

(Mumunggang Gunung Padang, Ujung April 2015)

 

Kinanti Bandung Cianjur

Mitembey ti puseur Bandung
Haneut moyan nurih wanci
Meulah puhu beurang reup bray
Nyisit tiris lamping pasir
Nyemprung niruk gugunungan
Gegerna bandung bihari.

Nembus ray-rayan halimun
Dibagĕa langit praspris
Na pecat sawed malebah
Malibir sasak lungkawing
Jambatan Rajamandala
Nyeblak ku baluas teuing.

Ka tetelarna padumuk
Anjog ka wewengkon asri
Nĕtĕ akar ngembing jangkar
Gunung Padang imut nyari
Ngadago nu ngaronghĕap
Rampohpoy ngorĕjat deui.

Rawayan Bandung-Cianjur
Saringkang ku nu ngagurit
Bruh-brĕh alam mangsa lawas
Di tetengger batu mĕnhir
Diundakan tatapakan
Diayun ambing hiliwir.

(Pakidulan Cianjur, 2015)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Sajak Étti RS

Sajak Cecep Ks.

Sajak Sunda Karya Siswa SD

Sajak Emha Ubaidillah

Sajak Emha Ubaidillah

Terpopuler