Kabayan Ngalanglang Jaman (24): Nu Kagunturan Madu Karagragan Menyan Bodas

1 Juni 2023, 10:46 WIB
/Desain: REA/

SANGKURIANG jeung Profésor Kabayan melong seukeut ka Oidipus, ngarep-ngarep caritaan satuluyna.

Tapi, Oidipus kalah anteng ngumbar lamunanana.

"Dina hiji mangsa, kumaha tah...?" ceuk Sangkuriang, ngarasa panasaraneun.

"Waktu kaula dirempug ku rombongan ti Karaton Thebes di pasampangan jalan satapak anu muru ka Daulis téa, sanggeusna maténi Raja Laius jeung badéga-badégana téh, aya saurang anu mabur, nyaéta pangawalna…”

“Tuluy?” Profésor Kabayan jeung Sangkuriang méh bareng, lantaran Oidipus nyaritana ngarandeg heula.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

“Mimitina mah manéhna teu wanieun ngungkabkeun kajadian anu saenyana ka rahayat Kota Thebes téh.

“Teu wanieun? Teu wanieun kumaha?” Profésor Kabayan panasaraneun.

“Kétah lain teu wanieun, tapi ngarasa éra, wirang...”

“Haaar… Wirang téh wirang kumaha?” Profésor Kabayan mingkin panasaraneun baé, tur ngarasa hémeng deuih ku éta pangawal anu didongéngkeun téa ku Oidipus.

“Wirang, da piraku rombongan karaton anu samakta ku pakarang éléh wowotan nyanghareupan kaula anu ngan saurang. Nya ahirna manéhna ngaréka-réka carita bohong, yén rombongan karaton geus perlaya ku perdayana gorombolan rampog."

"Beu… Ngakal ogé tah ponggawa téh,” ceuk Profésor Kabayan.  

“Geus kitu, kumaha?" ceuk Sangkuriang, panasaraneun ogé.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Profésor Kabayan ngarérét ka Sangkuriang bari ngaenyakeun kana pananyana, tuluy neuteup ka Oidipus, panasaraneun kana jawabanana.  

"Ké heula, urang selang heula ku ngadadarkeun dongéng kaula satuluyna," témbal Oidipus.

"Nya heug baé. Kumaha tah?" Sangkuriang angger tetelepék, kawas budak tetelepék ka indungna, nanyakeun sagala nu katénjo.

**

RAHAYAT Thebes anu tadina saruka bungah pédah monster Sphinks téa geus paéh ku perdayana pahlawan anyar, ngadéngé Raja Laius nandangan pati ku rampog mah, teu cacap némbongkeun kabungahna.

Pikeun sababaraha poé mah rahayat téh aya dina kaayaan alum ngungun, nyeungceurikan perlayana Sang Raja.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Mémang, najan Raja Laius téh gedé amarah, teu kaop kasigeung haténa sok langsung sosorongot, ari enas-enasna mah Raja Laius téh hiji raja anu gedé wibawa.

Tepi ka hiji poé, sanggeusna sungkawa rahayat Thebes ka rajana ngurangan, lanceukna Iokasta nu ngaranna Kreon geuwat ngumpulkeun rahayat.

Dina éta gempungan Kreon netelakeun, yén Oidipus payus diangkat jadi raja Thebes, ngaganti Raja Laius anu geus perlaya ku rampog.

Atuh prameswarina, Iokasta nu ditinggalkeun maot ku salakina, disérénkeun ogé sina dikawin ku Oidipus.

Harita mah Oidipus mungguh ngarasa bungah. Bungahna ogé mungguh nataku. Manéhna nu geus dianggap pahlawan, nu geus diugung-ugung ku rahayat Thebes minangka nu nyalametkeun pangeusi nagri tina teror monster Sphinks, ayeuna dihadiahan tahta karajaan anu sakitu didama-damana ku kaom ménak.

Leuwihna ti éta, prameswari Iokasta anu sakitu geulisna, anu sakitu méncrangna taya tanding, lir ibarat cahaya panonpoé nu nyaangan Kota Thebes, kiwari bisa kapimilik jadi prameswarina.

Baca Juga: Ti 1 Juni 2023 Kareta Api nu Eureun di Stasiun Ciamis Leuwih Loba

Bungah liwat-liwat ti bungah!

Bagja liwat-liwat ti bagja!

Manéhna lir kagunturan madu kaurungan menyan bodas.

Rék teu bungah kumaha?! Rék teu bagja kumaha, geura sok?! Manéhna boga angkeuhan geus hasil nyingkahan takdirna, teu saukur keur saayeunaeun wungkul, tapi ka hareupna gé bakal bébas tina takdir anu diguratkeun ku Apolo, bébas tina supata Pelops anu salila ieu teu weléh ngaririwaan pikiranana.

Najan kitu, najan geus ngarasa bébas, Oidipus geus mancegkeun niat moal rék nincak-nincak deui Korintus, nagri di mana "bapana" (sahenteuna anu dianggap atawa diaku bapa ku manéhna) kumawasa.           

Lebah dieu, Oidipus teu eungeuh, enya teu misadar, yén takdirna anu mongkléng kacida téh geus dimimitian waktu manéhna maténi Raja Laius. Enya Raja Laius, anu sasatna bapa tegesna pisan. Kari-kari ayeuna manéhna ngawin prameswari Iokasta, atuh puguh dosa téh beuki numpuk, ngahunyud dina gurat takdirna.

Baca Juga: Ku Program Impresif, Lulusan SMK Pasundan Cikalongkulon Cianjur Digawe di 15 Pausahaan

Manéhna teu misadar, jeung da mémangna teu nyaho, yén saenyana mah Iokasta anu dikawinna téh indung tegesna pisan.

Enya, ramalan Orakel di Delfi téh ayeuna ngabukti.

Tina hasil kawinna jeung indungna, Oidipus boga budak opat: lalaki dua, nyaéta Eteokles jeung Polineikes, sarta awéwé duaan, Antigone jeung Ismene.

Ku kituna, éta budak nu opat téh lain baé anak-anakna, tapi ogé adi-adina. Oidipus samasapisan teu nyahoeun, kitu deui rahayat Kota Thebes.

Ngan saurang nu nyahoeun téh, nyaéta peramal lolong nu ngaranna Tiresias.

Mun sakalieun Tiresias aya deukeuteun Oidipus, éta peramal téh teu weléh miceun beungeut, ngan henteu tepi ka nyarita nanaon.

**

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (23): Tarucing Sphinks 

"TEPI ka semet harita, andika teu eungeuh yén andika téh geus maténi bapa sorangan?" Sangkuriang pok nanya.

Oidipus gideug.

"Teu misadar deuih yén anu dikawin ku andika téh indung sorangan?"

Oidipus gideug deui.

"Beu, tepi ka kituna nya takdir andika," Sangkuriang gogodeg. Teu eungeuheun yén manéhna keur dipelongkeun ku Profésor Kabayan.

"Lebah dieu mah andika téh masih kénéh untung, Ki Sangkurang," omong Profésor Kabayan, bari angger melong ka Sangkuriang.

"Untung? Untung kumaha?"

"Anjeun mah tacan sempet pruk ka Nyi Dayang Sumbi, béda jeung ieu dulur urang nu geus ngawin prameswari Iokasta. Jadi, takdir andika mah masih kénéh ditangtayungan ku Hyang Widi sangkan henteu tigebrus kana dosa gedé, ngawin indung sorangan."

Baca Juga: Sajak Rosyid E Abby: Nu Syuhada di Palagan Karbala

"Ké heula, Ki Kabayan... Ulah ngarasa yakin heula, can tangtu Dayang Sumbi téh indung teges kaula," témpas Sangkuriang.

"Na ari andika, kalah ngukut kateunyaho, geuning. Buktina ieu dulur urang, apan mimitina gé teu nyahoeun yén Raja Laius téh bapa tegesna pisan. Kitu deui ngeunaan prameswari Iokasta, apan tadina mah ieu gé teu dipikanyaho minangka indung tegesna Ki Oidipus. Lain kitu, Lur?" ceuk Profésor Kabayan ka Oidipus.

Oidipus unggeuk.

"Bener, kitu pisan. Tapi ké heula, ulah waka pacéntal-céntal. Tuluykeun, ulah?"

"Is, tuluykeun atuh."

"Enya, sok tuluykeun. Kumaha tuluyna, tah?" Sangkuriang haget némbalan.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler