Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!

18 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

MUN geus kitu, hésé rék ngarobah pamadegan salakina téh.

Tapi, Iokaste boga cara. Najan kumaha baé, manéhna gé tetep hayang boga anak. Naon anu diramalkeun ku Orakel, ceuk pamikirna mah ngan saukur ramalan anu moal ngabukti.

Tepi ka dina hiji waktu, ahirna Iokaste bisa ngajak salakina sapatemon.

Éta gé kétah sanggeus hésé béléké manéhna ngolo-ngolo salakina anu harita keur mabok anggur.

Mabok gé éstu lain kahayang salakina, saenyana mah.

Dina hiji pésta nu diayakeun di Karaton Thebes, Iokaste teu weléh ngeusian cangkir salakina ku anggur. Béak anggur sacangkir, geuwat dieusian deui tepi ka pinuhna. Kitu jeung kitu wé, tepi ka béak sababaraha cangkir.

Baca Juga: Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, Ngaprak ka Gandrungmangu Cilacap, Kapamingpin Zaman Pajajaran

Laius anu teu eungeuheun yén éta téh réka perdaya Iokasta, sakitu gampilna harita kénéh diajak sapatemon ku pamajikanana.

Salapan bulan ti harita, gubrag wé anakna ka alam dunya.

Enya, kapan anakna téh... manéhna pisan! Manéhna anu boga ngaran Oidipus. Manéhna anu kudu nyorang takdir anu geus diguratkeun ti sungapanana kénéh. Manéhna anu kudu nandangan tunggara balukar dosa bapana. Manéhna anu kudu mamanggul dosa turunan, padahal dirina teu nyaho naon-naon!

**

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (15) : Ramalan Orakel Apolo di Delfi

KEUR huleng jentul kitu, ana burisat téh ti luhur aya nu ngaburisat. Séah angin karasa ngahiuk tarik naker kana awakna, tangka awakna tijengkang. Disusul ku sora anu ngaguruh, ceuli gé asa katorékan.

Oidipus geuwat ngadapang. Leungeunna anu dua dipaké meungpeukan ceulina. Teu kuat ku kekebul anu mulek mancawura ka mana-mana, geuwat panonna dipeureumkeun, bari haténa mah neger-neger manéh tina kareuwas.

Jep, sora anu ngaguruh téh jempé.

Angin gé tinggal ririhna.

Nyah panonna beunta. Teu katénjo aya naon-naon, éstu remeng-remeng kénéh, da kekebul masih kénéh ngahalangan panénjona.

Panonna sababaraha kali dikerejep-kerejepkeun, angger can katénjo naon-naon. Sawaréh kekebul asup kana kongkolak panonna, geuwat dipeureumkeun deui.

Peureum sawatara jongjongan.

Nyah beunta deui.

Remeng-remeng kénéh.

Baca Juga: Polres Majalengka Nyangkalak Ulon-ulon  nu Nipu Calon Jamaah Umroh

Lila-lila mah, bréh baé aya hiji barang anu ahéngna kacida, ngabagug hareupeunana, teu jauh ti manéhna ngadapang.

Kareuwas anu tadi can sirna téh, mingkin ngandelan baé.

Koréjat hudang, bari kekepruk.

Bari neger-neger manéh tina kareuwas, Oidipus nyidik-nyidik ku matana anu seukeut lir mata heulang nyanghareupan hayam.  

Beuki reuwas deui Oidipus sanggeusna katengetan tina éta barang ahéng téh aya panto anu muka.

Teu lila, témbong aya jelema duaan kaluar ti dinya.

"Duh, hampura, Lur. Euweuh maksud kami ngareureuwas andika," ceuk saurang di antarana.

Baca Juga: Conto Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Oidipus ngembang kadu. Tayohna kasima ku jalma anyar datang.

Kétah, duka jalma, duka mangkeluk nanahaon, duka mangkeluk ti mana horéng deuih.

Tuda mun disebut jalma, asa piraku, papakéan anu diparaké ku nu duaan éta éstu teu ilahar jeung manéhna. Kitu deui tina omonganana, enya-enya teu pikahartieun.

"Ssss... sa... saha arandika téh?" ceuk Oidipus, arapap-areupeup. "Naha andika duaan téh... déwa nu diutus pikeun ngahukuman kaula? Naha andika duaan téh utusan Déwa Zeus putra Kronos?"

Jalma duaan nu karék kaluar tina barang ahéng téh, silipelong.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (14) : Oidipus, Nanggung Dosa ti nu Jadi Bapa

“Beu, tétéla urang téh nyasar ka tempat anu henteu sajaman jeung urang, Sangkuriang. Jeungna deui, anu pikahariwangeun mah urang nyasar ka tempat anu masarakatna béda pisan basana, teu pikahartieun omonganana. Bieu pan kareungeu ku andika meureun, basana mungguh teu matak kaharti. Enya, ieu mah lain Tanah Sunda, Sangkuriang. Basana gé lain basa Sunda. Kumaha atuh, urang bakal hésé gunem catur?” ceuk nu saurang ka nu disebut Sangkuriang.

Mireungeuh pananyana teu diwaro ku nu duaan éta, Oidipus ngomong deui leuwih tatag ti nu tadi. Tayohna mah neger-neger manéh.  

“Sok jawab, saha ari arandika?”

Profesor Kabayan jeung Sangkuriang, deui-deui silipelong.

“Duh, cilaka, Sangkuriang. Urang kumaha ngobrolna atuh?”*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Galura Edisi II Mei 2023, Ngalanglang Gunung Merapi jeung Putri Thailand di Selaawi Limbangan

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler