Alumni SMPN 1 Lebakwangi Ngahiji Dina IKA SPENSANGI

23 April 2023, 18:24 WIB
Kepala SMPN 1 Lebakwangi, Surya (kenca) sasalaman sabada nampa cindera mata, basa Reuni Akbar Alumni SMPN 1 Lebakwangi, Ahad, (23/4/2023).8 /Ajun Mahrudin/


GALURA-Geus ilahar, saban bada lebaran idul fitri sok rea anu ngayakeun reuni. Salah sahiji diantarana Ikatan Keluarga Alumni SMPN Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, nu perenahna di Jalan Raya Cineumbeuy, Desa Cineumbeuy, Kecamatan Lebakwangi, ngayakeun Reuni Akbar, Ahad, (24/4/203).


Reuni Alumni SMPN 1 Lebakwangi taun ieu beda ti sasari. Teu rek kitu kumaha, ku sabab pesertana kaasup rea batan reuni anu diayakeun taun-taun samemehna.

Kurang leuwih 1500 urang alumni anu miluan reuni teh, 55 angkatan nyaeta alumni angkatan 1968-2022.

Baca Juga: Harga Daging Sapi Undak di Pasar Baru Kuningan


Kepala SMPN 1 Lebakwangi, Surya, nyebutkeun bungah kacida lantaran dina taun ieu alumni SMPN 1 Lebakwangi bisa ngahiji sabeungkeutan dina wadah organisasi Ikatan Keluarga Alumni SMP Lebakwangi (IKA SPENSANGI).

Ceuk Surya, ti beh ditu mula inyana geus boga rarancang hayang ngahijikeun alumni SMPN Lebakwangi dina beungkeutan eta organisasi.

Nya kakara taun ieu bisa ngawujud atawa ngabentuk IKA SPENSANGI, dipupuhuan ku Toto Sunarto.

Baca Juga: Polres Kuningan Nyalurkeun Bantuan, Pikeun Warga Anu Katibanan Musibat Alam

Reugreug, disesepuhan ku Irjen Purnawirawan H. Hasyim Irianto, salaku dewan penasehat. Pon kitu deui ku pangurus sejenna.


Salaku Dewan Pembina IKA SPENSANGI, Surya miharep ngadegna IKA SPENSANGI, para alumni SMPN 1 Lebakwangi  bisa leuwih  mageuhan simpay baraya.

Eta luyu reujeung sasanti IKA SPENSANGI nyaeta Bersama Besatu Peduli. Cindekna babarengan, ngahiji jeung paduli pikeun kahadean.

Baca Juga: HANTER Mere Hadiah Lebaran Ka Supir Angkot
.
Memang, ceuk Surya, salila ieu alumni SMPN 1 geus rea mere pangrojonh  anu kawilang luhur hususna pikeun kamajuan atikan di sakola anu dipingpinna kiwari.

Diantarana wae milu ngadeudedeul ngawagun rohangan kelas jeung masjid anu agreng. Tapi butuh wadah pikeun ngabangun komunikasi silaturahmi anu leuwih lega ambahanna.


Ngadegna Ika SPENSANGI, ceuk Surya, pinuh dinamika, lantaran mimitina itu ieu taya anu siap jadi pangurus.

Baca Juga: Bantuan Ti Kodim 0615 Kuningan jeung Puspita Cipta Grup, Pikeun Warga Korban Urug Dusun Ragawangsa

Nya Antukna mah bisa ngayakeun pamilihan pangurus tur geus ditetepkeun, dipupuhuan ku Toto Sunarto. Ti dinya jadi cukang lantaran pikeun ngayakeun Reuni Akbar ti 55 angkatan teh.


Reuni Akbar, ceuk Surya, lain tujuan utama. Anu leuwih utamana mah pikeun jadi media komunikasi ngahijikeunalumni ti saban angkatan, nyaruakeun pamadegan pikeun babarengan sauyunan paduli nyieun kahadean.

“Sim kuring miharep, ngadegna IKA SPENSANGI langkung nanjeur dina ngawedelan komunikasi kanggo sukses babarengan, ngahiji paduli kana kahadean,” ceuk Surya.***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler