Drs Aca Nyusud Naskah Carita Purwaka Caruban Nagari tepi ka Palembang jeung Banjarmasin

- 17 Februari 2023, 11:30 WIB
Naskah Pangeran Wangsakerta nu geus ditranslate koleksi arsip Pepusnas Jakarta. Drs Aca dina nyusud Pustaka Nagara Kretabhumi tepi ka nyaba ka luar Pulo Jawa.
Naskah Pangeran Wangsakerta nu geus ditranslate koleksi arsip Pepusnas Jakarta. Drs Aca dina nyusud Pustaka Nagara Kretabhumi tepi ka nyaba ka luar Pulo Jawa. /

GALURA -Meunang bewara tina naskah Carita Purwaka Caruban Nagari nu ditranslate jeung ditarjamaahkeunana, Drs Aca udar-ider nyusud jeung neangan Pustaka Nagara Kretabhumi karya Pangeran Wangsakerta.

Drs Aca dina nyusud Pustaka Nagara Kretabhumi susunan Pangeran Wangsakerta ngurilingan Pulo Jawa malah mah tepi ka Luar Pulo Jawa sagala. Unggal aya informasi teu diengkekeun deui langsung miang.

 Ti paro taun 1977, naskah Pustaka Nagara Kretabhumi susunan Pangeran Wangsakerta nu diteangan ku Drs Aca mimiti kaparanggih sarta dibeuli ku Museum Negeri Sri Baduga (Jawa Barat).

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Ti dinya mah nungtutan naskah-naskah sejenna karya Pangeran Wangsakerta daratang ka Museum Negeri Sri Baduga, dibikeun ku nu bogana anu lolobana mah dumuk di luar Pulo Jawa.

Jenatna Edi S. Ekadjati, dina buku Naskah Sunda (1988), ngariwayatkeun lalakon 47 naskah Pustaka Wangsakerta. Opat di antarana kapanggih di Banten.

Ceuk Edi S. Ekajati, naskah    Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara (Parwa II, Sarga 2), dikumpulkeun antara taun 1967-1969 di Banjarmasin, Kalimantan Selatan, lobana 69 lambar  ti saurang padagang. Ti Serang (Banten) lobana 33 lambar.  Taun 1977 ieu naskah kabeh dijilid  jeung geus dianggap lengkep

Naskah Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara (Parwa II, Sarga 3), kapanggih taun 1949 di Palembang jeung sabagean deui di Banten ti saurang dukun nu ngider ngajualan jamu.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Sababaraha naskah taun 1964 kapanggih di Palembang, loba nu kakeueum laladeg akibat banjir Walungan Musi. Taun 1979, naskah kabeh dihijikeun.

Anu sejenna, Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara (Parwa III, Sarga 5), beunangna ti Banten tanggal 4 September 1983; Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa (Panyangkep), sabagean ti Palembang (Atmo Darmodjo), sabagean ti Serang (Yusuf), sabagean deui ti Jambi (Hassan).  Taun 1978 dijilid.

Tina 47 naskah Pangeran Wangsakerta, kaungkab kandel unggal jilid antara 100 tepi ka 250 kaca. Tulisan unggal halamanana antara 21 tepi ka 23.

Dumasar laporan pengujian di laboratorium Arsip Nasional (1988), keretas daluang nu digunakeun dina  naskah-naskah Pangeran Wangsakerta, umurna leuwih ti 100 taun.

Ku kituna naskah-naskah Pangeran Wangsakerta, bisa dikategorikeun kana  Naskah Kuno. Ditulis make mangsi japaron, ngagunakeun aksara jeung  basa Kawi Jawa Kuno, gaya Cirebon.

Disebut gaya Cirebon lantaran memang basa Kawi Jawa Kuno nu dipake dina naskah-naskah Pangeran Wangsakerta beda jeung basa Kawi ti wetan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah