Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

- 11 Februari 2023, 12:00 WIB
Nusa Larang di Situ Lengkong Panjalu Ciamis Jawa Barat, aya patalana jeung Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda sabada Tarumanagara runtag.
Nusa Larang di Situ Lengkong Panjalu Ciamis Jawa Barat, aya patalana jeung Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda sabada Tarumanagara runtag. /

 

GALURA -Ngadegna Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda sanggeus Karajaan Tarumanegara runtag. Daerah kakawasaan Karajaan Tarumanagara ngawengku Banten, DKI, Jawa Barat, jeung wewengkon Banyumas katut Brebes.

Alatan Karajaan Tarumanagara beuki hengker nu antukna kubra, ngadeg Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda nu tapal watesna Ci Tarum. Taun diadegkeunana sarua: taun 669 Masehi.

Wilayah Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda urut wilayah Karajaan Tarumanagara. Karajaan Galuh diadegkeun ku Wrektikendayun. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa.

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

Karaajan Galuh puseur dayeuhna di Kendan nu ayeuna kaasup daerah Nagreg Kabupaten Bandung. Ari Karajaan Sunda puseur dayeuhna di Pakuan Pajajaran.

Sangkan repeh-rapih, Wretikendayun jeung Tarusbawa sapuk tapel wates Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda teh Ci Tarum, walungan nu pangpanjangna jeung pangbadagna di Pulo Jawa beulah kulon.

Wetaneun Ci Tarum wilayah Karajaan Galuh, ari kuloneun Ci Tarum wilayah Karajaan Sunda.

Sabaraha lilana ngeunaan Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda teu kacaturkeun deui, boh dina naskah boh dina prasasti.

Baca Juga: Palabuan-Palabuanna Ngarangrangan, Karajaan Sunda Jadi Hengker

Karek abad ka-11, Prasasti Sanghyang Tapak nu titimangsana taun 1030 Masehi, ngaran Galuh disebut deui.

Prasasti Sanghyang Tapak nu kapanggih di Sukabumi nulis ngaran Maharaja Sri Jayabhupati nu kumawasa di daerah nu ngaranna Prahajyan Sunda.

Dumasar panalungtikan sajarawan Nugroho Notosusanto, Sri Jayabhupati teh taya lian ti Rakeyan Darmasiksa (1033-1183) nu dina Carita Parahyangan dipertelakeun raja di Galuh.

Ti dieu bisa dicindekkeun puseur Karajaan Galuh pernahan di wewengkon nu ngaranna Prahajyan. Harita Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda ngahiji, henteu misah. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah