Karamat Talun Kabupaten Cirebon Patilasan Pangeran Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan

19 Desember 2023, 15:06 WIB
Karamat Talun, di Cirebon Girang, Kecamatan Talun, Kabupaten Cirebon. Titinggal Mbah Kuwu Sangkan Cakrabuana. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Karamat Talun teh salasahiji wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun. Unggal malem Jumaah, babakuna malem Jumaah Kaliwon teu weleh loba nu jaroh ka Kemarat Talun.

Kitu deui dina maleman taun anyar kalender Jawa, malem tanggal 1 Suro atawa maleman 1 Muharam.

Anu disebut Karamat Talun teh patilasan Walangsungsang atawa Cakrabuana. Ku urang Cirebon saterusna dilandi Mbah Kuwu Sangkan.

Baca Juga: Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman

Nu matak dina plangna oge ditulis  Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan, henteu ukur ditulis Cakrabana wungkul atawa Mbah Kuwu Sangkan wungkul. Karamat Talun teh patilasan lain makam.

Ceuk sakaol ku sabab nu jaroh mindeng tahlilan, saterusna patilasanana disebut Talum. Talun teh asalna tina kecap Tahlilun atawa Tahlil.

Pangna patilasanana oge loba nu ngajarohan lantaran Mbah Kuwu Sangkan teh nu naratas dibentukna pamarentahan di wewengkon Cirebon sarta nu ngabangun Cirebon.

Ceuk urang Coirebon, Mbah Kuwu Sangkan seuweu Sri Baduga Maharaja ti  Subanglarang. Ari Subanglarang siwi Ki Gedeng Tapa, panguasa di basisir kaler Cirebon.  Subanglarang geus ngagem agama Islam, santrina Syeh Quro di Karawang.

Baca Juga: Barendelan Lululuhur Ciamis  jeung Tasikmalaya, Luluhur Satempat jeung Satingkat Raja Wilayah

Nu matak teu aneh mun aya nu nyebutkeun Sri Baduga teh ngagem agama Islam.

Moal mungkin Subanglarang daekkeun dipihukum  ku Sri Baduga mun Sri Baduga teu ngagem Islam. Teu meunang hiji wanoja muslim kawin ka lalaki non muslim.

Di Pakuan Pajajaran, Subanglarang angger ngajalankeun ajaran agama Islam, kaasup ka seuweu-seuweuna: Walangsunsang, Larasantang jeung Raja Sagara.

Ninggalkeun Pakuan Pajajaran oge udaganana keur leuwih neuleuman agama Islam, bareng jeung adi-adina. Sabot ngajugjug ka Cirebon, Walangsungsang jeung adi-adina sumarimpang, di antarana ka Gunung Cakrabuana jeung ka Gunung Marapi di Rajadesa Ciamis.

Baca Juga: Luluhur Sunda di Wewengkon Limbangan Garut, Jumlahna Ngaratus

Di Gunung Marapi jadi murid Danuwarsih. Walangsungsang ngadahup ka siwi Danuwarsih nu ngaranna Endang Geulis sarta dibawa ngumbara ka Cirebon.

Siwina  ngaranna Nyi Mas Pakungwati sarta dipihukum ku alona, ku Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Djati). Syarif Hidayatullah teh seuweu Rara Santang nu waktu munggah haji meunang jodo ka urang Mesir.

Di Cirebon ngadegkeun karaton Pakungwati di Lemah Wungkuk. Pakungwati teh ngaran siwi Walangsungsang ti bojo lianna.

Tadina Cirebon jadi bawahan Pajajaran. Walangsungsang dibenum jadi panguasa wilayah oge ku Sri Baduga.

Ngan sanggeus Cirebon dicangking ku Sunan Gunung Djati, saterusna Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran.***

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler