Sakola-Sakola nu Ngadeg di Bandung jeung Wewengkon Sejen Mangsa Walanda, Aya HIS jeung MULO

19 Februari 2023, 13:30 WIB
Ilustrasi murid sakola jaman Walanda/Istimewa /

GALURA - Walanda atawa Belanda nalika ngawasa di Indonesia, kacatet kungsi ngadegkeun sawatara sakola, kaasup di Bandung jeung wewengkon sejenna.

Eta sakola rereana keur barudak Walanda nu dijurukeun di nagara urang. Tapi aya oge nu ditujulkeun keur pribumi babakuna kulawargana menak.

Ku ayana sakola di nagara jajahan, Walanda teu kudu nyakolakeun barudakna ka nagarana, di Eropa --najan tangtu aya hiji dua nu miangkeun barudakna ka nagarana, alatan teu percaya ka sakola di nagara jajahan.

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Sakola naon wae nu kungsi ngadeg mangsa jaman Walanda? Dicutat tina buku "Sejarah Pendidikan Daerah Jawa Barat" karangan Edi S Ekadjati et al (Depdikbud, 1986), di handap ieu di antarana:

- Hoofdenschool (1879).

- Hollandsch-Inlandsche-Kweekschool (HIK) atawa Sakola Raja (1875).

- Europeesche Lagere School (ELS); sakola dasar husus keur barudak Walanda jeung menak, kalawan make bahasa Walanda.

Baca Juga: Angklung, ti Tatar Sunda Sumebar ka Nusantaran jeung ka Mancanagara

- Volksschool, Sakola Desa keur somah (1907). Ieu sakola ngadeg di sawatara desa di Kabupaten Bandung jeung Ciamis.

- Hollandsch-Inlandscheschool atawa HIS (1914). Ieu sakola pikeun neruskeun nu lulus ti Volksschool sabada nyuprih elmi salila tilu taun.

- MULO (Meer Uitgebreid Lager Onderwijs), sakola keur neruskeun nu lalulus ti HIS.

- Algemeene Middelbareschool (1920); ieu sakola sajajar jeung SMU jaman ayeuna.

Baca Juga: Angklung  Buhun di Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran

- Hogere Burgerschool atawa HBS. Ieu sakola awalna ngan ngadeg d Batavia, tapi saterusna ngadeg oge di Bandung.

- Desa Landbbouwshool (1910), sakola kajuruan ngadeg di Soreang.

- Cultuurschool atawa Sakola Pertanian (1911), awalna ngadeg di Bogor.

- Middelbare Landbouwschool, sakola pertanian satingkat SMU ayeuna, ngadeg taun 1920.

Baca Juga: Denny Rianto Kapeto Minangka Ketua PELANGI Kabupaten Kuningan

Sakitu tah sawatara sakola nu kungsi ngadeg di Bandung jeung wewengkon sejenna dina mangsa Walanda. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler