Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah

17 Februari 2023, 12:30 WIB
Museum Negeri Jawa Barat Sri Baduga Bandung. Naskah Pangeran Wangsakerta ngawengku opat seri sejarah. /

GALURA -Para filolog nyebutkeun tina naskah-naskah nu aya di Museum Negeri Jawa Barat Sri Baduga Bandung bisa dicindekkeun aya  opat seri sejarah  naskah Pangeran Wangsakerta.

Eta opat seri naskah Wangsakerta nu aya di Museum Negeri Jawa Barat Sri Baduga teh: Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara; Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa; Pustaka Nagara Kretabhumi, jeung; Pustaka Carita Parahiyangan.

Salahsahiji opat seri sejarah naskah Pangeran Wangsakerta koleksi  Museum Negeri Jawa Barat Sri Baduga, Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa V sarga 5 eusina katalog ngeunaan pustaka-pustaka atawa buku-buku. Ti dieu  bisa kaungkab judul-judul kabeh naskah  nu disusun ku Pangeran Wangsakerta.

Baca Juga: Putri Anjungsari (30), Ku Maung nu Disambatna Suba Dibawa ka Tempat Putri Anjungsari Reureuh

Buku-bukuna teh disusun  jaman pamarentahan Panembahan Girilaya, jeung jaman  Pangeran Wangsakerta geus jadi Panembahan Cirebon.

Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa V sarga 5 oge ngaberendelkeun judul-judul naskah nu ditulis ku Panembahan Losari (jaman Susuhunan Jati) jeung Pangeran Manis (jaman Panembahan Ratu).

Aya 1703 judul naskah  nu ditulis di Keraton Cirebon, di antarana 1218 judul karya Pangeran Wangsakerta sabatur-batur.

Eusi naskah-naskahna ngawengku rupa-rupa widang pangaweruh, saperti sejarah, hukum,  jeung kasehatan.

Baca Juga: Enteh Jawa Asalna ti Jerman jeung Jepang, Mimiti Dipelakna di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan Garut

Basa naskahna sakurang-kurangna aya nu make basa Jawa kuna, Melayu kuna, Bali kuna, jeung Sunda kuna. Ceuk jenatna Ayatrohadei, naskah-naskah bieu umumna naskah lontar jeung prasasti.

Pangeran Wangsakerta dina naskahna nyebutkeun  di antara pustaka bogana karaton Kasepuhan, aya oge naskah bogana para duta atawa mahakawi (pujangga sohor) ti daerah lain, nu ngahaja datang ngaluhaan musyawarah (mapulung rahi) di Cirebon taun 1599 Saka (1677 M). Di antarana aya nu mere naskah ka Sultan Cirebon.

Teu saeutik nu ukur nginjeumkeun pikeun saheulanan, sanggeus disalin atawa dibaca dibawa deui ka tempat asalna.

Naskah-naskah karya Mpu Prapanca oge dibawa ka Cirebon ku mahakawi utusan ti Bali lain dibawa ku utusan ti Jawa Timur. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler