Warga Kampung Cibeureum, Desa Tanjungsiang, Subang, Masih Ngaleukeunan Bedog Barlen

- 18 Januari 2023, 10:30 WIB
Bedog Barlen. Kitu katelahna bedog jieunan warga Desa Tanjungsiang Kacamatan Tanjungsiang, Subang, teh/Galura/Aam Permana S
Bedog Barlen. Kitu katelahna bedog jieunan warga Desa Tanjungsiang Kacamatan Tanjungsiang, Subang, teh/Galura/Aam Permana S /

 

GALURA - Bedog (golok) Barlen. Kitu katelahna bedog jieunan warga Desa Tanjungsiang Kacamatan Tanjungsiang, Subang, teh.

Meunang jujuluk Barlen, sabab bedog ti ieu tempat boga ciri mandiri, beda ti bedog nu diproduksi di tempat sejen.

Cirina, dina sarangkana aya hiasan logam ipis kawas tali, nu ngalantarankeun sarangkana kuat, tur endah katingalina.

Baca Juga: Warga Kampung Cibeureum, Desa Tanjungsiang, Subang, Masih Ngaleukeunan Bedog Barlen

Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Di tempat sejen, kawas di Garut, saenyana sok aya pangrajin bedog nu nyieun sarangka bedog model Barlen.

Najan kitu, bedog Barlen nu asli Tanjungsiang mah, tetep bisa kanyahoankeun, tina lemes jeung rapihna sarangka.

“Nu asli ti dieu mah aya bentenna ti bedog produksi tempat sanes,” cek Dadan, hiji pangrajin bedog Barlen, basa ditepungan Galura anyar-anyar ieu di imahna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (1)

Galura, anyar keneh pisan memang ngahaja laha-loho ka sentra bedog di Tanjungsiang.

Sajaba ti hayang apal kumaha kaayaanna ayeuna, Galura oge panasaran ku sohorna.

Sabab mun aya tukang ngajualan bedog nu dipapay ka unggal imah di Sumedang, manehna sok nyebutkeun yen bedogna bedog Barlen buatan Tanjungsiang.

Baca Juga: Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

Tetep Produksi

Sakumaha anu kapaluruh, di Desa Tanjungsiang teh aya ratusna warga anu sasat hirup tina nyieunan bedog khas Barlen.

Jumlah pastina mah teu aya. Ngan ceuk Pipik, warga Kampung Cibeureum Desa Tanjungsiang, warga anu usaha nu aya patalina jeung bedog teh kurang leuwih aya 500 urang.

“Warga nu jumlahna sakitu  teh aya nu purah nyadiakeun bahan baku, manday, maranggi, nepi ka masarkeun bedogna ka luar,” pokna.

Baca Juga: Guha Pawon Kakoncara, Endah tapi Aheng, Kungsi Kapanggih Rorongkong Manusa Purba

Ari gasoli atawa pandayna, di Tanjungsiang teh, jumlahna aya kana 20-na.

Wargana, pokna, aya awewe, lalaki, jeung kolot.

Malah teu saeutik oge rumaja nu boga rasa tanggungjawab neruskeun lengkah atawa usaha kolot-kolotna, najan karek semet nyieunan perah bedogna wungkul (maranggi).

Rumaja teh, pokna, nepi ka ayeuna arang keneh malah bisa disebutkeun can aya nu hayang diajar manday.

Baca Juga: Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...

Pipik nu basa ditepungan ku Galura keur aya di panday netelakeun, pangrajin bedog di Tanjungsiang mah, bisa disebutkeun teu kapangaruhan ku jaman jeung kaayaan.

Basa sasalad Covid-19 ngancam jiwa, warga Cibeureum terus mrodusi bedog Barlen.

Cenah, sok sanajan masarkeunna rada hese, tapi para pangrajin tetep nyieunan bedog, teu beda ti kawas keur kaayaan normal.

“Janten alhamdulilah, sanaos usum covid taun kamari, para pangrajin tetep gaduh pangasilan, sanaos rada nyirorot ge pangasilanna,” pokna.

Baca Juga: Di Kuningan, Zakat Fitrah Ramadhan 1444 H Rp 30 Rebu

Nu matak bungahna deui, najan jumlahna ngurangan, nu pesen bedog ti pasar-pasar  kawas pasar di Sumedang, Majalengka jeung Kuningan, oge Kota Bandung, tetep aya dina mangsa ayeuna.

“Nya alatan eta para pangrajin tetep produksi teh,” cek Pipik. ***

 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah