Sunan Margataka Prajurit Pinilih Pajajaran Jadi Santri di Gunung Jati Cirebon

- 17 Januari 2023, 11:34 WIB
Abah Maman keru nyekel Batu Loceng, titinggal Dalem Margataka, prajurit pinilih Pajajaran nu saterusna jadi santri di Gunung Jati.
Abah Maman keru nyekel Batu Loceng, titinggal Dalem Margataka, prajurit pinilih Pajajaran nu saterusna jadi santri di Gunung Jati. /

GALURA “Tah, ieu kuburan Sunan teh,” ceuk Abah Maman, Kuncen di makam karamat Batu Loceng, nu pernahna di Desa Suntenjaya, Kacamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat.

Anu dimaksud kuburan Sunan di karamat Batu Lonceng teh, taya lian ti kuburan Sunan Dalem Margataka, nu kumereb di eta tempat.

Muru ka eta karamat Batu Loceng kudu nyorang jalan satapak. Leumpang dina tanjakan netek matak ngahegak bakat ku cape.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Leuwih ti dua kilo meter ti imah kuncen, anjog weh ka nu karamat Batu Lonceng.

Kenca-katuhueun jalan katangen rajeg kebon pinus jeung kebon bogana warga.
Makam Sunan Dalem Margataka, pernahna teh di mumunggang pasir.

Eta pasir teh handapaeun Gunung Malang nu diapit ku Gunung Palasari jeung Bukit Tunggul. Luhureun pisan lembur Batu Loceng.

Makam Sunan Dalem Margataka, ngaran aslina Sembah Dalem Kusumah, dibenteng ku tembok nu geus semu lukutan. Dina lawang saketeng aya plang ngajeblag, ngabewarakeun eta makam teh geus jadi cagar budaya.

Baca Juga: H. Uya Mulyana: Anggota Dewan Ngawadahan Aspirasi Warga Ulah Kapahung ku Widang Komisi

Sakuriling makam rajeg tatangkalan nu garede nu geus ratusan taun umurna, samodel tangkal kai kalimorot, ki hujan, camara, jeung sajabana. Ari kuburan Margataka panjangna kurang leuwih 5 meteran.

Kabeneran, keur laha-loho ka eta patempatan, diparengkeun panggih jeung hiji wanoja nu ngaku urang Ujungberung. Eta wanoja ngaranna, Hani Latifah, 35 taun. Cenah, geus aya dua mingguna ngadon nyepen di dinya.

”Leres, Sembah Dalem mah, waktos nembongan ge ka abdi, salirana jangkung, kasep, gagah pisan, nganggo jubah warna hejo, disorban,” pokna.

Panggih jeung khodamna Dalem Kusumah, sakedapan mah jajantung Hani asa ratug, meh-mehan kabur pangacian, bakating ku kasima.

Baca Juga: Anggaran SKTM Teu Puguh Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung Komunikasi Antar OPD Teu Hade

“Ngan neger-neger diri we, Kang, najan rampang-reumpeung ge, inget kana paniatan, mun ngejat alamat teu lulus, teu tahan uji,” pokna.

Hani nekad nyepen di dinya, alatan peurih, rumah tangga awut-awutan. Usaha nu sakitu majuna ngadadak bangkrut. “Abdi gaduh Toko Klontongan di pasar, kiwari ancur,“ pokna.

Basa tepung jeung Sembah Dalem, pangacianna mimiti normal deui sanggeus kadenge Sang Dalem, nyaritana halimpu, leubeut ku kanyaah.

”Anjeunna mapagahan ka abdi, kudu sabar, loba tirakat, hirup kudu deukeut jeung nu Nyipatekeun, kitu kasauranna,” pokna.

Baca Juga: Rembug Bedas di Kecamatan Margahayu Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Dua Desa

Diaku ku ieu indung dua budak teh, Sembah Dalem, mere katineung kadirina nu mangrupa barang. Ana ditanyakeun, Hani mugen, embung nyebutkeun, embung nembongkeun barangna.

Papagah sejenna, kudu ati-ati dina lengkah. Cenah, caritaan Margataka nu kadenge ku dirina, di nagara urang dua taun kahareup, baris aya huru-hara nu teu dipiharep. “Sing waspada,” pokna.

Kumaha mimitina panggih jeung Sembah Dalem Margataka teh? “Abdi nuju nyepen di kamar nu aya Batu Orok, ujug-ujug aya haseup ngelun, jangelek anjeunna uluk salam,” tembalna.

Sembah Dalem Margataka nangtung, awakna harulung jangkung. “Abdi tepi ka dangah, sakedapan mah nya colohok we, kabur pangacian,” pokna.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

Dua kali, cenah, Margataka nyampeurkeun ka dirina. Nu sakali mah ngawujud, nu sakali deui mah ukur sorana. “Tilu poe deui, abdi dipiwarang mulang,” pokna deui.

Abah Maman nyebutkeun Dalem Kusumah teh teureuh ti Karajaan Galuh, salah saurang prajurit Karajaan.

“Ngan, nu kaimpenkeun ku abdi mah, anjeunna kantos babakti di Karajaan Sumedanglarang, lajeng tatapa di ieu patempatan, muka paguron, kitu sakaterang mah,” pokna.

Nyalusur Sembah Dalem Margataka, memang henteu gampang, ku lantaran kurangna data informasi jeung fakta sejen nu aya patalina jeung dirina.

Najan kitu, tina sawatara sumber, Margataka teh salah saurang prajurit Pajajaran nu asalna ti Galuh.

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

Dina sajarah Karajaan Sumedanglarang, Dalem Kusumah teh nu milu ngawal dipasrahkeunana Makuta Binokasih ku Batara Pancar Terong Peot.

Makuta Binokasih teh, pusaka Pajajaran nu dijieun ku Prabu Bunisora Suradipati, taun 1357.

Pangna dipasrahkeun ka Sumedang Larang, luyu jeung parentah ti Prabu Ragamulya Suryakancana.

Harita, Sumedang Larang masih bawahanna Karajaan Pajajaran nu kadesek ku Cirebon jeung Banten.

Waktu Pajajaran perang ngalawan Cirebon jeung Banten, Dalem Kusumah, prajurit nu teuneung ludeung, gede wawanen.

“Inyana, senapati nu siap ngorbankeun nyawa demi kahormatan Pajajaran,” ceuk Dude Rustandi, salah saurang warga Sumedang nu gemet kana sajarah.

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Ceuk Dude, can kapaluruh kumaha jujutanna atawa lalakonna, sanggeus Margataka marengan Terong Peot mikeun Makuta Binokasih saterusna ujug-ujug kumereb di Suntenjaya.

“Can terang Kang, lalakonna, “ pokna. Ceuk sakaol, sabada Pajajaran burak, Margataka biluk ka Cirebon, jadi santri di Gunung Jati, neuleuman elmuning agama Islam.

Batu Loceng jeung Batu Kujang
Ti iraha Dalem Kusumah kumereb di Batu Loceng.”Duka, persisna mah teu apal, ngan abdi mah jadi juru kunci teh neruskeun lacak nu jadi sepuh we,” ceuk Abah Maman.

Kumerebna Margataka, ninggalkeun sawatara pakarang pusaka, di antarana, Keris Awi Cagak, Karis Borojol eluk tujuh, keris panjang jeung pedang panjnag katut meja lesnar.

Eta pakarang pusaka teh, kabehna kiwari dirawatan ku Maman jeung pamajikanna, Fatimah. “Nu langkung hak cumarita sajarah mah, pun bojo, da puguh aya patalina jeung ti luluhurna. Abdi mah ukur minantu,” ceuk Abah Maman.

Sawatara pakarang pusaka, ditembongkeun ku Fatimah. Samemeh diurus ku dirina, eta pakarang pusaka teh, diurus ku nu jadi kolotna, Iding jeung Rukmini.

Baca Juga: SDN Kuningan 17 Pindah, Acep : Bangunan Heubeul Rek Dibebenah Jadi Lahan Parkir

Sawarehna pakarang pusaka, aya di imah kosong bogana Aki Entis, adina Nini Rukmini nu sarua mangsa keur hirupna kungsi jadi kuncen di Batu Loceng.

Nu ditembongkeun ku Fatimah, keris Borojol eluk tujuh jeung keris Hujan Angin katut sababaraga peso.

Pangna disebut keris Hujan Angin, lamun keur hujan gelap dor-dar, hujan angin, heg Fatimah kaluar ti imah kaburuan terus nancebkeun eta keris, dumadakan hujan angin teh jadi rerep.

“Ari Keris borojol mah, bekel urang mun aya disatengahing tempat pangperangan, insya Alloh, urang moal cecel bocel ku senjata naon bae ge. Ku pelor moal teurak,” ceuk Fatimah.

Pakarang sejenna titinggal Dalem Kusumah nu fenomenal, nya Batu Loceng jeung Batu Kujang.

Eta dua pusaka teh, diteundeun dina wangunan nu beda di makam karamat batu loceng.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Batu Loceng, diteundeun di hija kamar jero saung, warnana hideung lestreng. Batu loceng teh ku urang dinya mah disarebutna teh, Batu Orok, pedah bentukna siga orok.

“Batu loceng, beuratna 25 Kg,” ceuk Maman. Batu teh aya nu nyicingan, ngaranna, Raden Jabang Bayi Gada Suwu Liman.

“Pareng kawenehan mah, tangtungan awakna persis we budak leutik, make kopeah hideung, raksukanna baju taqwa warna bodas kahandapna calana komprang semet tuur,” pokna.

Mun aya nanaon, eta batu sok disada kawas loceng, matakna nelah we batu loceng. Baheula, batu loceng kungsi ngagulutuk kahandap ninggang leuit. Matakna, di wewengkon Batu Loceng, tepika ayeuna aya lembur nu ngaranna, Babakan Batu Leuit.

Batu Kujang, ceuk Abah Maman, saenyana wujud tina pusaka Kujang Pangarang Kinasihan, nu baheulana tara lesok sok dibabawa ku Margataka.

“Ti heula, eta batu kujang teh nanceb, siraheun kuburan Margataka. Kiwari, eta Batu Kujang dipindahkeun ka jero saung,” ceuk Abah Maman.*** Cecep Ks.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah