Jaroh Majlis Baitun Nidzom ka Makam Mbah Priuk jeung Luar Batang, Ngadu'akeun nu Maot, Pepeling ka nu Hirup

30 Januari 2023, 14:30 WIB
Makam Mbah Priok nu sok dijugjug pikeun jaroh kubur, di Jl. Jampea No. 6, Koja, Jakarta Utara./Galura/Rameli Agam /

 

GALURA - Jaroh Majlis Talim Baitun Nidzom ka Makam Mbah Priuk jeung Luar Batang lumangsung poe Minggu 29 Januari 2023.

Makam Mbah Priuk nu jadi pangjarohan Majlis Baitun Nidzom teh perenahna di Jl. Jampea No. 6, Koja, Jakarta Utara. Anapon Makam Luar Batang mah di wewengkon Penjaringan, Jakarta Utara.

Eta rombongan Majlis Baitun Nidzom nu rek jaroh teh diwengku 60 jamaah, kalawan tumpak beus miang ti lembur Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sabada subuh kira tabuh 05.30 WIB.

Baca Juga: Lukisan 'Imaji Barong' Karya R Cahyadi Jang Paméran Sa-Asia Tenggara

Rombongan jamaah dipingpin ku sesepuh Majlis Ta'lim Baitun Nidzom Cihanjuang, Ustadz HM Syihabudin Mahmud.

Di sapaparat jalan hujan ngaririncik, kira tabuh 08.30 anjog di Makam Mbah Priok.

Harita kaayaan budeureun makam tembong geus gegek ku nu rek jaroh ti nu jauh jeung deukeutna, puluhan beus minuhan tempat parkir.

Baca Juga: Mikawanoh Elmu Sihir, Aya dina Al Quran tapi Haram mun Dipuhit Komo Diamalkeun

Tina spanduk nu napel dina beus katiten, tetela rombongan nu jaroh ka Makam Mbah Priok teh aya nu ti Lampung, Pemalang, Cirebon, Brebes, Jogja, Banten, Depok, Bandung, tur nu lianna, samalah oge aya nu ti Madura.

Mbah Priok ngaran aslina mah Al Imam Al Arif Billah Sayyidina Al Habib Hasan bin Muhammad Al Haddad, gumelar di Palembang taun 1727.

Taun 1756, Mbah Priok jeung Al Arif Billah Al Habib Ali Al Haddad balayar ka Pulo Jawa geusan dakwah syiar Islam.

Baca Juga: Kopi Munding, Urang Rajadesa geus Mikawanoh Pelak Kopi ti Jaman Walanda Mula

Mangsa balayar salila kira dua bulan, teu weleh dihahalang ku tentara kolonial, katambah oge nyanghareupan ombak nu sakitu gedena.

Mbah Priok tilar dunya tur dimakamkeun di Priok ayeuna, anapon Habib Ali sanggeusna di Priok teh laju miang ka Sumbawa tug dugi ka wafatna di Sumbawa.

Makam Mbah Priok tepi kiwari tara ieuh sepi ku nu jaroh ti ditu ti dieu.

Tah, satutas rengse ngadu'a di Makam Mbah Priok, jamaah Baitun Nidzom tuluy ngajugjug makam Luar Batang.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Teu nepi sajam, rombongan anjog di Luar Batang, nu oge harita tembong gegek ku jamaah nu rek jaroh.

Di Luar Batang, ngadeg Masjid Luar Batang nu jadi cagar budaya DKI Jakarta, tur aya makam Al Habib Husein bin Abubakar Alaydrus, nu hijrah ti Hadramaut ka Jawa taun 1736.

Habib Husein ngadegkeun Masjid Luar Batang nu rengse ping 29 April 1739.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak, Lambang toleransi di Karajaan Demak

Lian ti syiar Islam, Habib Luar Batang ge bajoang merangan penjajah kolonial, tepi ka wafatna 24 Juni 1756.

Boh perjoangan Mbah Priok boh Habib Luar Batang, dianggap minangka perjoangan suci geusan nanjeurkeun syiar Islam sarta ngalawan penjajah.

Jamaah Majlis Baitun Nidzom keur ngadu'a di Makam Mbah Priok, di Jl. Jampea No. 6, Koja, Jakarta Utara./Galura/Rameli Agam
Makamna jadi tempat pangjarohan meh umat Muslim, kaasup nu ti mancanagara.

Parat tepi ka waktuna lohor rombongan jamaah Majlis Baitun Nidzom di Luar Batang teh. Ti dieu mah laju ngajugjug ka Masjid Kubah Emas nu aya di Meruyung, Kota Depok.

Ceuk HM Syihabudin, jaroh ka makam nu dianggap wali teh leubeut ku rupaning hikmah.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa (HHM); Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung CS Hurgronje

Antarana wae minangka wujud hurmat ka nu geus maot, tuluy ngadu'akeun aranjeunna malar teu weleh dipaparin nikmat kubur kalawan diganjar magfiroh sarta rahmat di alam barjahna.

Lian ti eta, hikmah jaroh kubur nyaeta pepeling keur urang ngeunaan maot, katut ngandelan sipat zuhud nyaeta ngajauhan sipat-sipat kaduniawian.

"Ku inget kana maot, urang sadayana sing terus ihtiar milampah kahadean geusan pibekelen engke di alam kubur," pok HM Syihabudin Mahmud.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

Sabada ibadah, nitenan kaayaan Masjid Kubah Emas bari reureuh, pasosore rombongan jamaah Majlis Baitun Nidzom mulang ka lembur tur anjog di Cihanjuang kira tabuh 21.00 WIB.***

 

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler