Impian

- 29 Juni 2024, 18:41 WIB
Ilustrasi carpon Impian karya Budi  Riyanto.
Ilustrasi carpon Impian karya Budi Riyanto. /galura.co.id/

 

Carpon Aan  Merdéka Permana

BASA Suyéti nu jadi anakna mudik ti kota, Ma Iyah téh nampa béja anu matak hariwang keur dirina. Saenyana ukur impian. Tapi teuing cenah mani  terus jadi pikiran.

“Ema, abdi téh kamari ieu ngimpi, tapi matak pikasieuneun,” ceuk Suyéti.

“Lah, piraning ngimpi. Ngimpi mah pan ukur kembangna tidur ceuk batur gé,” témbal Ma Iyah, mimitina mah.

“Puguh gé mani asa enya, Ema …,” ceuk Suyéti keukeuh daria jeung jiga hayang dipercaya.

“Cing sok béjakeun!” ahirna Ma Iyah nitah anakna cacarita.

Atuh sabot budakna anu duaan keur jongjon arulin cocooan, Suyéti medar impianana.

Cenah dina éta impian téh, salakina, Jang Nana, keur nguntun buuk Si Nénéng anu ngarumbay panjang. Ari lanceukna, Si Arip keur jongjon ngetik dina komputer, mamaké pakéan SMP.

“Enya, Ema, kagambarkeunana mah, barudak téh geus galedé. Imah ogé gedong sigrong, lain imah kontrakan rupeuk nu di Jakarta ayeuna,” ceuk Suyéti.

Ma Iyah neuteup ka incuna anu duaan. Incu nu kahiji Si Arip keur nyoo momobilan, umurna kakara opat taun. Incu nu kadua Si Nénéng, kakara bisa ngorondang, keur ngudag-ngudag bal leutik.

“Ceuk rarasaan mah, abdi téh aya di dinya. Tapi, naha nya boh barudak, boh Kang Nana, jiga anu hare-haré ka abdi,” ceuk Suyéti.

Ku sabab diharé-harékeun, tungtungna Suyéti ngaléos ka kamar. Kamar  nu méwah sagala aya. Aya lomari pakéan, aya kaca hias keur ngeunteung bari dina méja ngabarak alat kecantikan. Kamarna ogé dipasangan AC, teu jiga di kamar kontrakan anu dipasang kipas angin leutik.

“Jadi dina éta impian téh caritana mah Kang Nana  suksés usahana, lain sakadar kuli bangunan, tapi geus jadi pemborong,” ceuk Suyéti.

“Terus kumaha?” Ma Iyah jadi panasaran.

“Tah, aya anu matak abdi reuwas téh, naha basa abdi asup ka kamar, di sisi kasur springbéd anu sepréna bodas kembang-kembang téh, bet aya awéwé keur diuk.”

“Awéwé? Saha?”

“Puguh abdi téh reuwas kacida. Éta awéwé téh diuk dina sisi ranjang, pakéanana jiga pakéan tidur warna bodas, tapi ka handapna pinuh ku taneuh beureum. Basa pateuteup beungeut jeung abdi, naha geuning beungeut abdi éta mah, jiga kekembaran. Ngan bédana, manéhna mah beungeutna pias, jeung semu alum ….”

“Ah, manéh mah sok ka mana baé nyarita téh …,” ceuk Ma Iyah tapi bulu pundukna muriding.

*

CENAH Jang Nana mah, nyaéta nu jadi minantuna Ma Iyah, kakara bisa mudik téh tilu poé saméméh lebaran. Lain proyék ngabangun imah di Jakarta geus bérés, ngan baé pemborong anu jadi dununganana, méré peré saminggu. Jadi bakal kumpul ngariung téh jero saminggu, tilu poé  saméméh lebaran jeung jeung dua poé sabada lebaran. Jumlah peré saminggu téh, pan kaasup sapoé balik ka Bandung jeung sapoé balik deui ka Jakarta.

Ukur impinan sabenerna mah. Jeung Ma Iyah ogé embung percaya. Ngan teuing atuh, ti saprak anakna dodongéng soal impian, bet jadi pikiraneun.

Ma Iyah téh geus ditinggalkeun maot ku salaki, baréto. Boga anak ngan hiji,  Suyéti. Sasat di imah téh ukur duaan. Dulur mah loba, ngan jararauh. Geus baroga imah masing-masing.

Basa Suyéti ditikah ku Jang Nana, saméméhna dipénta sarat ku Ma Iyah: meunang ngawin Suyéti, tapi kudu cicing ngariung di imah Ma Iyah.

Enya ari mimitina mah Jang Nana satuju, malah sukur wé nu aya dititah cicing di imah mitoha sabab da acan kabedag boga sorangan. Ari imah kolot-kolotna Jang Nana mah jaba ngontrak jaba loba pangeusina.

Enya ukur tepi ka baroga budak dua, cicing marengan Ma Iyah téh, sabab Jang Nana kudu gawé di Jakarta dina proyék bangunan kantor pamaréntah.

Meunang tilu bulan mah, Jang Nana masih kuat hirup misah jeung anak-pamajikan. Manéhna gawé di Jakarta, anak jeung pamajikan tetep maturan Ma Iyah. Ngan lamun diitung-itung, bahruteng atawa biaya sapopoé jadi olok. Sasat boga rumah tangga dua, meureun. Kudu ngabayuan nu di Bandung jeung kudu ngurus pengeluaran sapopoé di Jakarta. Acan biaya tambahan sabab saminggu sakali kudu balik ka Bandung. Tungtungna Ma Iyah kudu ngéléhan, kudu daék hirup sorangan sabab anak jeung incu dibawa ku salakina. Pleng ari geus kitu mah. Suyéti paling tilu bulan sakali balik ka Bandung.

Tah, ayeuna gé dina nyanghareupan lebaran, Ma Iyah téh kakara bisa karumpul deui jeung anak-incu.

Ngan kitu geuning, kalah ka nampa dongéng anu matak jadi pikiran keur Ma Iyah. Malah ti saprak nampa dongéng impian nu jadi anakna, Ma Iyah mah kalah ngingu pikiran nu goréng-goréng.

“Boa Si Yéti téh bakal pondok umur …,” cenah dina jero haténa.

Kacipta lamun éta impian téh jadi kanyataan, enya Suyéti paéh ngora-ngora, meureun bakal ninggalkeun budak sadua-dua. Lamun budak milu ka manéhna, jelas teu sanggup. Sabalikna lamun budak dibawa ku bapana, manéhna bakal leungiteun incu.

“Emh, kacipta incu aing anu dua, bakal boga indung téré,” ceuk pikir Ma Iyah.

“Manéh ari di Jakarta engké, sing loba ngadoa, sing séhat, sing panjang umur, sing loba rejeki,” ceuk Ma Iyah.

“Tapi pan dina impian téh Kang Nana hirupna senang da bisa ngabangun imah gedong agréng anu pepek pangeusina, Ema …,” ceuk Suyéti. Ku Ma Iyah teu ditémbalan.

*

SABULAN ti lebaran, Ma Iyah cicing nunggelis di imah téh kalahka beuki nguyung beuki teu bérag. Lain nguyung pédah teu dahar da duit pangsiun salaki masih katampa. Tapi nguyung sotéh ku haben mikiranan impinan nu jadi anak. Enya, kumaha cenah lamun impian téh gubrag jeung kanyataanana?

Hayang pisan Ma Iyah patepung deui jeung nu jadi anak. Malah mah hayang ulah pisah. Hayang ngariung sapiriumpi. Tapi pan mustahil laksana. Anakna kakara sabulan balik deui ka Jakarta. Maenya ayeuna geus rék kudu mulang deui ka Bandung? Ma Iyah mah gapték mun ceuk basa kiwari mah. Teu bisa nyekel HP. Sanajan kungsi dipangmeulikeun, tapi ari teu bisa jeung teu resep mah, nya kudu kumaha.

Tilu bulan ti harita, Suyéti geus mudik deui ka Bandung. Sasat ku Ma Iyah digaléntoran diceungceurikan. Mungguh anéh keur diri Suyéti.

“Aya naon Ema mani bangun sedih?” ceuk Suyéti.

Teu ditémbalan ku Ma Iyah mah, iwal ti nyusutan cipanonna.

Ukur tilu poé kumpulna di Bandung téh, sabab Suyéti teu téga ninggalkeun salakina lila teuing.

“Mun teu aya anu mangmasakkeun, sok olok modal Ema. Meuli sangu bungkus di ditu mah, mahal. Sakali dahar salawé rébu. Sapoé kudu limapuluh rébu, acan rokona. Ari aya abdi mah sagalana bisa diatur,” ceuk Suyéti.

Basa Suyéti ngabring ninggalkeun golodog jeung anakna anu dua, Ma Iyah mah ukur bisa neuteup lila tepi ka ngilesna maranéhna dina péngkolan gang.

Samulangna Suyéti ka Jakarta, isuk-pagétona Ma Iyah mah tatanya jeung tetelepék, ti mimiti ka ustad di masjid tepikeun ka jalma anu kasebut bisa. Ngan kitu jawaban maranéhna mah henteu némbongkeun karingrang.

“Ngaranna ogé ngimpi atuh, Ema. Nu penting mah sing loba ngadunga wé. Anggursih méménta ka Gusti nu Maha Agung sangkan anak urang dipanjangkeun umurna,” ceuk nu mapagahan téh.

Ngan baé basa waktu maju ka sabulan, Aya tatangga Ma Iyah anu nyusulan ka Jakarta.

“Aya naon mani rareuwas kieu?” ceuk Suyéti.

“Tuang ibu teu damang wales. Mending énggal mulih ka Bandung. Malah upami teu kaabotan mah, hayu ayeuna kénéh disarengan jeung Mamang,” ceuk Mang Udi, tatanggana Ma Iyah.

Bari geumpeur, Suyéti mulang ka Bandung, bareng jeung Mang Udi.

Basa anjog ka imah di Bandung, enya wé Ma Iyah keur ngajoprak teu walakaya. Leungeunna nu katuhu teu bisa gerak, ngomong gé réro teu écés naon anu keur diomongkeun.

Suyéti nungkulan Ma Iyah, tepi  ka maotna di tempat saré. *** (Dimuat dina Galura cetak edisi V Maret 2024).

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah