Kapanasaran Wartawan Korea ngeunaan Indonesia, ti Mimiti Layanan Cai tepi ka Isu Pulitik

- 11 November 2023, 12:24 WIB
Rombongan wartawan Korea dibageakeun tur diajak balakecrakan ku tim ti PWI Pusat.*
Rombongan wartawan Korea dibageakeun tur diajak balakecrakan ku tim ti PWI Pusat.* /Dok. PWI Pusat/Galura/

GALURA.CO.ID. - Rombongan wartawan Korea anu ngahiji dina beungkeutan Journalists Association of Korea (JAK) anjog di Jakarta, Kemis (9/11), sanggeus saméméhna ngadongdon ka Bali salila opat poé. Satepina di Jakarta, ti Bandara Soekarno-Hatta, rombongan JAK diajak balakecrakan di Sate Khas Senayan, anu langsung dibagéakeun ku tim ti Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat.

Ngadongdonna JAK ka PWI Pusat téh mangrupa kunjungan persahabatan antara wartawan Indonesia jeung Korea Selatan anu geus lila kabina.

Rombongan anu dipingpin ku Presiden JAK, Kim Dong Hoon, dibarengan ku wakilna, Lee-Ju Hyung, ngarasa kataji pikeun ngaguar isu pulitik Indonesia ka dieunakeun jeung masalah layanan masarakat Jakarta, saperti layanan cai nginum jeung sajabana.

Baca Juga: Ceuk Hanyen Tenggono, Sukses Butuh Proses

Wartawan Korea tumanya, ku naon Ibu Kota RI bet dipindahkeun ka Ibu Kota Nusantara (IKN) di Kalimantan? Dijawab ku Bendahara Umum PWI anu ogé Pamingpin Redaksi Koran Jakarta, anu harita ngabagéakeun rombongan wartawan Korea, Marthen Selamet Susanto.

“Pindahna ibu kota ti Jakarta ka IKN Kalimantan téh salasahijina pikeun pemerataan pangwangunan jeung tumuwuhna ékonomi,” ceuk Marthen anu marengan Ketua Bidang Pendidikan PWI Pusat, M. Nasir.

Wartawan Korea ngaduga-duga aya masalah anu serius di Jakarta, hususna layanan publik, tangka ibu kota kudu dipindahkeun ka Kalimantan. Maranéhna tatalék sual layanan publik di Jakarta ka dieunakeun.

“Kumaha masalah layanan cai nginum di Jakarta?” ceuk wartawan Korea téh. Sual layanan cai, ceuk Marthen, henteu aya masalah. Pengelolaan cai dilaksanakeun ku Perusahaan Daerah Air Minum (PDAM) nu kungsi gawé bareng jeung pihak swasta.

Kunjungan persahabatan antara wartawan Indonesia jeung Korea Selatan anu geus lila kabina.*
Kunjungan persahabatan antara wartawan Indonesia jeung Korea Selatan anu geus lila kabina.*

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah