Ceuk Hanyen Tenggono, Sukses Butuh Proses

- 11 November 2023, 09:09 WIB
Hanyen Tenggono
Hanyen Tenggono /Ajun Mahrudin/

GALURA-Saban jalma miboga kahayang hirup sukses. Upamana wae sukes dina widang usaha pikeun nyubadanan kahirupan, sukses ngahontal pendidikan luhur jeung sajabana.

Tapi kituna teh henteu gampang, ku sabab dina ngawujudkeun hirup sukses teh butuh tarekah jeung cara anu kudu dilakonan ngaliwatan proses ngahontal udagan.

Eta kamandang ditembrakeun ku Hanyen Tenggono, salah saurang pangusaha sukses di Kuningan, basa ngobrol jeung sababaraha urang wartawan, hususna  pangurus Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kuningan, di Hotel The Icon, sabudeureun Desa Cisantana, Kabupaten Kuningan, Poe Jumaah, 10 November 2023.

Baca Juga: Rea Tangkal Anu Runtuh, Angin Lilimbungan Narajang Daerah Tapel Wates Kuningan-Cirebon

Ceuk Hanyen, dina ngahontal hirup  sukses teh gumantung kana dirina sewang sewangan. Hartina butuh tarekah jeung cara sewang-sewangan.

Cara sukses, ceuk Hanyen, utamana mah tangtu didadasaran ku kahayang, sumanget anu ngagedur dina ngahontal harepan.

Manehna nyontokeun, kawas  wartawan dina nulis jeung midangkeun warta miboga cara sewang-sewangan.

Baca Juga: Ngungkulan Tangkal Anu Runtuh, Ti Mimiti Sore Nepika Wanci Nyedek Tengah Peuting

Teu padu nulis, tapi  dibarung ku seni nulis. Rupa-rupa seni nulis dilakonan ku wartawan, dina nyumponan anu dikpikahayang ku anu maca 

Ku sabab kitu, dina mekarkeun kreasi nulis kacida dibutuhkeun ku saurang wartawan dina nembrakun ideu tulisan sangkan henteu sarua sakumaha anu ditulis ku wartawan sejen.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah