“Laweun pisan. Entong diturutan,” Ranah mairan.
Tiluanana sareuri.
“Kami amit,” omong Olot Kaya. “Muga urang sarerea waluya salawasna. Muga urang tepung deui di tempat anu leuwih merenah.”
“Muga. Rahayu,” tembal Aki Jaya bari nangtung, panonna neuteup Olot Kaya.
Sajongjongan Aki Jaya jeung Olot Kaya silih pencrong.
“Amit,” ceuk Olot Kaya bari kaluar ti jero warung dituturkeun ku Ranah.
Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos
Rait nyampeurkeun heula tukang warung, ngusiwel ngaluarkeun duit perak sarta dibikeun ka tukang warung bari nyarita lalaunan. Di lawang panto, Rait ngalieuk heula ka Suba, seuri. Geus kitu buru-buru nyusul Olot Kaya jeung Ranah. Teu lila kadenge sora talapok kuda pating beretek ngajauhan warung. Kadengena mah ka kalerkeun.
Sainditna Olot Kaya sabatur-batur, Aki Jaya, Asmita, Gingin, jeung Atus ngarinum cihaneut. Ku tukang warung disodoran wedang nu ngebul keneh. Atuh kacida narimateunana ngarinumna teh. Komo bari nyurungkeun seupan beubeutian mah. Eukeur mah hawa sakitu tirisna.
“Asa ngimpi nyaneh kapanggih,” ceuk Atus ka Suba.