Putri Anjungsari (56), Buru-Buru Mulang ka Kawali, Sabada Urang Kulon Pamitan

- 15 Maret 2023, 05:30 WIB
patilasan Prabu Siliwangi Desa Cibeureum  Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis.
patilasan Prabu Siliwangi Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/Galura

“Uing oge sarua, Ka,” tembal Suba.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

“Ke geus nyalse dongengkeun,” ceuk Aki Jaya bari ngalieuk ka lalaki nu anyar datang. Katempona teh keur lelenggutan siga nu tunduh­eun.

“Urang miang deui iraha, Ki?” ceuk Gin-Gin ka Aki Jaya.

“Sakeudeung deui. Leumpang biasa wae,” tembal Aki Jaya.

“Naha?”

“Henteu rusuh, rek balik ieuh,” ceuk Aki Jaya.

Saeungab-saengabeun, Gingin rek nyarita deui, ti luar kadenge tigareblig nu laleumpang ngadeukeutan warung. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin curinghak. Kitu deui lalaki nu keur lelenggutan, malah terus nangtung, bari ngawaskeun ka luar. Ari Suba ukur ngalieuk ka lebah lawang panto warung. Tukang warung oge siga nu teu kapangaruhan.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

Taya nu nyarita saurang oge. Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin taki-taki, bisi aya nanaon. Anu laleumpang teh henteu terus asup ka warung, tapi neruskeun laleumpangna, ayeuna mah ngajauhan warung, bangun nu rusuh. Lalaki tadi gura-giru kaluar bari teu nyarita sakemek oge. Ngan sakiceup teu kanyahoan ka mana leosna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah