Putri Anjungsari (87), Diangkir Make Tanda Haseup, Lain Pitapak Telik Sandi Cirebon

15 April 2023, 03:00 WIB
Karaton di Pakuan Pajajaran hasil tina Artificial Intelligense atawa kecerdasan buatan (Foto tina instagram ainusantara) /Nanang S/Galura

PUGUH diarep-arep datang tengah peuting. Hawu oge pinuh ku lebu dangdaunan, da geus loba nu didurukna,” ceuk nu boga imah.

“Ke, keur naeun ngaduruk dangdaunan?” Olot Kaya panasaran.

“Sangkan haseup ngelun. Nu rek nyemahna tacan apaleun ka imah kula.”

Bena nepak tarangna.

“Ngabejaanana ku haseup, nya, Ki?” ceuk Bena, ngaakikeun ayeuna mah ka nu boga imah teh.

“Enya. Ngan nu nyahoeunana ukur saurang.”

Olot Kaya neuteup nu boga imah. Ras inget deui basa neangan lembur pedah kudana geus laleuseuhan sawaktu masih tacan anjog ka Rajamandala. Sarua aya haseup nu ngelun ti hiji imah sarta nu boga imah nyodoran seupaheun nu hade. Wadah seupaheunana teu beda jeung aya nu di karaton. Ciri nu boga imah geus apaleun bakal ngaliwat urang Pajajaran.

Ayeuna manggih deui haseup nu dijadikeun tanda. Olot Kaya ngagelenyu. Paingan atuh Putri Anjungsari ngajak nyimpang. Nu nyahoeunana ukur Putri Anjungsari. Tapi saha nu ngabejaanana? Iraha? Jeung deuih eta aki-aki teh saha?

“Aeh, can wawanohan,” ceuk Olot Kaya. “Kami Olot Kaya, ieu Bena, Rait, itu nu dikarembong hideung Ranah….”

Olot Kaya teu wanieun ngawanohkeun Putri Anjungsari.

“Kami, Anjungsari,” ceuk Putri Anjungsari nyambung omongan Olot Kaya.

Nu boga imah ngareret ka Putri Anjungsari, tapi gancang tungkul deui, teu wanieun neuteup Putri Anjungsari. Ari Olot Kaya, Bena, Rait, jeun Ranah, rada kageteun Putri Anjungsari ngawanohkeun maneh teh. Salila lalampahan Putri Anjungsari tacan pernah nikukur ka jalma anyar pinanggih.

“Kula ngaran mah Uha, sok disarebut Ki Uha, pedah geus kolot meureun,” ceuk nu boga imah.

“Sorangan di dieu?” Olot Kaya nanya deui.

“Tiluan, jikan jeung nu bungsu, cewene,” tembal Ki Uha.

“Sarare keneh? Atuh kami ngagangu,” ceuk Olot Kaya deui.

“Geus hudang, memeh Bena ka dieu, karek jung ka cai, bari neang bubu di balong,“ ceuk Ki Uha.

“Wanian, janari keur jempling kieu lunta ti imah,” ceuk Olot Kaya.

“Ah, balongna oge tukangeun imah, jeung moal aya nanaeun. Ongkoh deuih ti baheula oge Kawali mah sepi paling towong rampog,” ceuk Ki Uha. “Nyai, reureuh heula di pangkeng nu tengah, geus disadiakeun,” pokna deui ditujukeun ka Putri Anjungsari jeung Ranah.

Bena ngaisyaratan sangkan Ranah nempoan heula pangkengna. Ranah nurut, blus asup ka pangkeng panuduhan Ki Uha. Pangkeng dicaangan ku palita nyenet, kaangseu seungit. Bararesih pangkengna teh. Keur sare, aya kasur warna bodas, dua, karandel. Katempona kasur tacan kungsi dipake sare. Anyar kitu? gerentes Ranah.

Ranah kaluar ti pangkeng, nyampeurkeun Putri Anjungsari, sarta unggeuk ka Bena ciri di kamar teh aman.

“Ki, kami ngaso heula,” ceuk Putri Anjungsari bari cengkat.

“Nya, seug,” tembal Ki Uha bari ngalieuk, ngan angger teu wanieun neuteup Putri Anjungsari.

Patutur-tutur Putri Anjungsari jeung Ranah asup ka pangkeng. Ranah ngageserkeun kasur keur tempat sarena, sina malang kana lawang. Dug wae ngedeng sanggeus sinembah ka Putri Anjungsari, ngan Ranah mah moal sare, ngajaga Putri Anjungsari, bisa aya kajadian nu teu dipiharep, najan Ki Uha sigana mah lain sasaha.

“Daria bisi rek ngaredeng,” ceuk Ki Uha, ka Olot Kaya, ka Bena jeung ka Rait.

“Kami mah jeung Rait ngaso di luar, Ki,” ceuk Bena ka Ki Uha.

“Teu tunduh kitu?”

“Sare salenyap oge cukup,” ceuk Bena bari jung nangtung.

Ki Uha ukur seuri.

Bena jeung Rait kaluar. Anu pangheulana ditempo teh kuda. Tali elesna dilaan, bisi kagokeun nyatuan.

“Rait, jung reureuh heula, Aka nu tugur, “ ceuk Bena.

“Moal Aka heula nu sare?” tembal Rait.

“Ke wae Aka mah maju ka balebat sarena,” tembal Bena.

“Seug atuh,” ceuk Rait. Leos muru tepas nu ngablag, teu dipindingan. Cat unggah kana golodog, goloyoh wae ngedeng, dianggelan ku dua leungeunna. Heuay sababaraha kali, reup wae sare. Ari Bena leuleumpangan, ngurilingan imah. Di lebah dapur kadenge Olot Kaya jeung Ki Uha masih keneh galuntreng ngawangkong.

Tukangeun imah, teu jauh ti pangkeng nu dipake sare ku Putri Anjungsari jeung ku Ranah, sisi balong, Bena diuk dina luhur batu leutik. Panonna luak-lieuk, nempoan kaayaan. Lengkob teh ceuk pangrasana pikabetaheun. Diliwatan ku walungan leutik. Huma katempona teh lega, dipelakan ku rupa-rupa beubeutian.

Najan kitu, Bena ngarasa leuwih endah keneh Pakuan Pajajaran nu kiwari kaayaanana keur genting. Pasukan Banten jeung Cirebon keur meumeujeuhna ngagempur prajurit Pakuan Pajajaran, beuki rongkah sanggeus Jaya Antea hianat ngabejaan rusiah benteng Pajajaran ka urang Banten.

Hatena keukeuh kumejot hayang balik deui ka Pakuan Pajajaran, hayang milu bajuang mertahankeun Pakuan Pajajaran. Ngan samemeh miang diwawadian sangkan ulah balik deui, komo bari mawa balad mah. Hulu jurit pasukanana amanat mun geus tepi ka nu dituju kudu neangan tempat keur nuwuwuhkeun sirung-sirung Pajajaran.

Pajajaran hiji mangsa bakal hudang deui, bakal jaya deui, dina wanda nu beda jeung jaman nu geus kasorang. Pajajaran nu luyu jeung pajamanan, lain Pajajaran saperti nu kungsi jaya salila kurang leuwih salapan abad. Ku Bena moal kaalamanan, kitu deui ku Olot Kaya, Rait, Ranah, Putri Anjungsari, jeung ku nu sejenna nu saumuran.

Bena ngarenghap panjang.

“Asa cocog bumetah di dieu. Lalugina keur nancebkeun jeung ngipuk sirung-sirung Pajajaran,” gerentesna. “Ki Uha daekkeun kitu kacicingan?” *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler