Putri Anjungsari (56), Buru-Buru Mulang ka Kawali, Sabada Urang Kulon Pamitan

15 Maret 2023, 05:30 WIB
patilasan Prabu Siliwangi Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/Galura

UING jeung Aki Jaya deui,” ceuk Suba dumareuda.

Olot Kaya ngusapan sirah Suba.

“Jung milu deui jeung kolot hidep. Kahade tong lalawora. Sing asak guguru ka Aki Jaya,” pokna.

Suba ukur unggeuk, laju nyampeurkeun Rait jeung Ranah.

“Hampura, Ka, Aceuk, uing kungsi ngabarubahkeun jeung ngahesekeun,” pokna.

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari

Rait jeung Ranah nepakan taktak Suba.

“Kami mah keur budak leuwih ti dia,” ceuk Rait rada ngaharewos.

Suba mencrong ka Rait.

“Laweun pisan. Entong diturutan,” Ranah mairan.

Tiluanana sareuri.

“Kami amit,” omong Olot Kaya. “Muga urang sarerea waluya salawasna. Muga urang tepung deui di tempat anu leuwih merenah.”

“Muga. Rahayu,” tembal Aki Jaya bari nangtung, panonna neuteup Olot Kaya.

Sajongjongan Aki Jaya jeung Olot Kaya silih pencrong.

“Amit,” ceuk Olot Kaya bari kaluar ti jero warung dituturkeun ku Ranah.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Rait nyampeurkeun heula tukang warung, ngusiwel ngaluarkeun duit perak sarta dibikeun ka tukang warung bari nyarita lalaunan.  Di lawang panto, Rait ngalieuk heula ka Suba, seuri. Geus kitu buru-buru nyusul Olot Kaya jeung Ranah. Teu lila kadenge sora talapok kuda pating beretek ngajauhan warung. Kadengena mah ka kalerkeun.

Sainditna  Olot Kaya sabatur-batur, Aki Jaya, Asmita, Gingin, jeung Atus ngarinum cihaneut. Ku tukang warung disodoran wedang nu ngebul keneh. Atuh kacida narimateunana ngarinumna teh. Komo bari nyurungkeun seupan beubeutian mah. Eukeur mah hawa sakitu tirisna.

“Asa ngimpi nyaneh kapanggih,” ceuk Atus ka Suba.

“Uing oge sarua, Ka,” tembal Suba.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

“Ke geus nyalse dongengkeun,” ceuk Aki Jaya bari ngalieuk ka lalaki nu anyar datang. Katempona teh keur lelenggutan siga nu tunduh­eun.

“Urang miang deui iraha, Ki?” ceuk Gin-Gin ka Aki Jaya.

“Sakeudeung deui. Leumpang biasa wae,” tembal Aki Jaya.

“Naha?”

“Henteu rusuh, rek balik ieuh,” ceuk Aki Jaya.

Saeungab-saengabeun, Gingin rek nyarita deui, ti luar kadenge tigareblig nu laleumpang ngadeukeutan warung. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin curinghak. Kitu deui lalaki nu keur lelenggutan, malah terus nangtung, bari ngawaskeun ka luar. Ari Suba ukur ngalieuk ka lebah lawang panto warung. Tukang warung oge siga nu teu kapangaruhan.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

Taya nu nyarita saurang oge. Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin taki-taki, bisi aya nanaon. Anu laleumpang teh henteu terus asup ka warung, tapi neruskeun laleumpangna, ayeuna mah ngajauhan warung, bangun nu rusuh. Lalaki tadi gura-giru kaluar bari teu nyarita sakemek oge. Ngan sakiceup teu kanyahoan ka mana leosna.

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin papelong-pelong. Sadar, eta lalaki lain jalma sabrongbrong.

“Saha lalaki tadi?” ceuk Asmita ka tukang warung.

“Teuing, teu apal. Kungsi mangkukna ka dieu, meuting sapeuting,” tembal tukang warung.

“Memehna tacan kungsi ka dieu?” Atus milu nanya.

“Kami teu nyaho. Atuda loba pisan ku kungsi ka ngawadang di dieu teh. Tapi ari ka tukang iang jeung tukang balantik  mah warawuh, da mindeng nyimpang,” ceuk tukang warung.

Baca Juga: Kangjeng Prebu, Bupati Manten Galuh nu Mampuh Mengkolkeun Jalan Kareta Api

Boh Asmita boh Atus teu nanya deui.  Aki Jaya siga nu keur uleng mikir. Gingin jeung Suba nyuruput wedangna.

“Urang kudu miang ayeuna,” ceuk Aki Jaya ujug-ujug.

Asmita, Atus jeung Gingin ngaralieuk ka Aki Jaya.

“Enya, urang alusna miang ayeuna,” ceuk Aki Jaya bari nangtung.

Gingin ngaluarkeun kanjut kundangna tina kaneron. Ngaluarkeun duit perak.

Tukang warung hideng nyampeurkeun.

“Teu kudu mayar, geus dipangmayarkeun ku tadi mariang ti heula,” pokna.

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin colohok.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

“Apan tacan diitung nu didahar ku kami mah.”

“Duit ti nu tadi mahi najan daria meakkeun kadaharan oge,” ceuk tukang warung bari seuri.

“Kutan kitu?” ceuk Asmita.

“Duitna oge wareuteuh keneh,” ceuk tukang warung deui. “Bisi rek mekel? Ku kami dipangmung­kuskeun.”

“Entong kadaharan mah, ieu wae eusian ku wedang,” ceuk Aki Jaya bari nyodorkeun wadah caina.

Asmita, Atus, jeung Gingin pipilueun nyodorkeun wadah caina. Ukur Suba nu henteu teh. Hiji-hiji wadah cai dieusian ku wedang langsung tina katelna nu nagen dina hawu, laju diasongkeun ka saurang-urang.

“Teu kurang?” ceuk Gin-Gin tukang warung bari nampanan wadah caina.

“Henteu,” tembal tukang warung. “Jung geura mariang. Muga waluya di jalan.”

Aki Jaya neuteup tukang warung, nyeh seuri.

“Matur nuwun,” ceuk Aki Jaya. “Amit, kami miang.”

Nu pangheulana kaluar ti warung teh Aki Jaya, dituturkeun ku Asmita, Suba, Atus, jeung pangpandeurina Gingin. Leumpangna biasa henteu bebelesatan teu kawas kamari. Taya nu nyarita. Ngahereneng. Hawa beuki nyecep tiis, di warung mah teu pati karasa, ongkoh kahaneutan ku hawu nu teu weleh hurung.***   Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler