Putri Anjungsari (47), Prajurit Cirebon Basa keur Meuntas Make Rakit ti Kelebuh di Cimanuk

6 Maret 2023, 05:30 WIB
Jalan di hareupeun Karaton Pakuan Pajajaran (foto @ ainusantara) /Nanang S/Galura

 

AKI Jaya ukur seuri. Memeh kaluar, Aki Jaya, Asmita,  Atus, jeung Gingin nataan heula nu didaharna. Gingin ngaluarkeun duit perak, disodorkeun ka tukang warung. Gingin menta pangwadahankeun kadaharan sacukupna, keur bekel di jalan, ongkoh tacan sasarap samistina. Kadaharanana diasupkeun kana boronjol.

Ku tukang warung dibahanan cai nu diwadahan kana labu. Labuna geus aya talian, tinggal dibeulitkeun kana cangkeng. Sanggeus amitan ka tukang warung jeung amitan deui ka semah anyar, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin, patutur-tutur ka luar ti warung, laju leumpang muru darmaga Cimanuk nu kaayaanana tiiseun keneh.

Lalaunan Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin tarurun kana rakit nu katempona weweg pisan. Di tengahna aya kai pasagi keur diuk. Tukang rakitna, duaan, narangtung di tungtung hareup jeung di tungtung tukang, nyerekel galah panjang. Sanggeus Aki Jaya sabatur-batur diukna merenah, rakitna ngageuleuyeung.

Baca Juga: Putri Anjungsari (45), Sora Manuk Tuweuw nu Jadi Tanda Kajadian Aheng

Lebah dinya, lebah jajalaneun rakit, caina teu pati jero, paling semet dada kolot, lajuna cai teu nyeot, ngan rada kabeulah hilirna mah ngajumbleng. Kenca katuhuna ngaroyom rungkun awi, tepi ka leuwina katembong poek. Tukang rakit teu heseeun ngawelah rakitna teh, ongkoh deui sigana geus manukna, geus tuman rarakitan di walungan.

Teu lila meuntas teh. Sakeudeung oge geus anjog ka peuntas. Di darmaga aya rakit hiji, teu pati gede, anyar keneh, awina oge tembong harejo keneh. Aki Jaya, Asmita, jeung Atus jrat-jrut tarurun. Gingin mah pandeuri, mayar heula. Sanggeus Gingin turun, rakitna balik deui, henteu terus ditambat di dinya.

Karek sabaraha lengkah Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin ti darmaga pameuntasan, katempo ti beulah tonggoh lima urang nu make baju prajurit Cirebon, ngan henteu make baju kere, laleumpang gancang pisan, muru darmaga. Aki Jaya ngarandeg sakeudeung, kitu deui Asmita, Atus, jeung Gingin, tapi laju neruskeun deui leumpangna.

Waktu pasarandog, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin nyarisi, mere jalan. Anu limaan ukur ngareret bari angger leumpang rusuh. Sanggeus nu limaan liwat, Aki Jaya nyalingker ka satukangeun rungkun, dituturkeun ku Asmita, Atus jeung Gingin. Katempo anu limaan teh jlung-jleng kana rakit anyar, tukang rakitna mah naek pandeuri.

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari

Sanggeus rada tengah, rakit katempo ngadadak ngageuleuyeung rada tarik kabawa cai, najan lajuna caina mah angger, henteu nyeot, angger saperti tadi waktu Aki Jaya jeung sabatur-batur meuntas.   Tukang rakit, boh nu di hareup, boh nu di tukang, tembong tibeberegeh ngamudikeun galah sangkan rakit lajuna bener deui.

Galah nu dipake ku tukang rakit panghareupna katempo melenting, sarta marieus, siga nu potong. Atuh rakit teh teu bisa dibebener, lajuna beuki tarik, kawantu deukeut kana leuwi mah caina nyeot.  Waktu rek kana leuwi, rakit siga nu neunggar batu nu teu kaciri kakeueum cai. Rakit ucutan, awina pabureuncay, talina lalesot.

Tukang rakit ngagarajleng kana leuwi, terus ngarojay ka sisi. Anu make baju prajurit satekah polah nincak kana sesa-sesa awi nu masih keneh ngahiji, ngan talina geus ungger. Awakna gagaleongan. Siga aya nu nongtak ti handap, anu limaan ujug-ujug ngagejebur kana cai. Roroesan sakeudeung. Lep wae teu tembong deui. Cai leuwi katempo rada motah.

Asmita, Atus, jeung Gingin colohok.    

“Tulungan, Ki?” ceuk Asmita ka Aki Jaya.

“Kawasna moal kaburu, jeung moal bisa ditulungan ku urang wungkul,” tembal Aki Jaya.

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

“Bejaan atuh urang lembur,” Gingin mairan.

“Tukang rakit salamet, pasti ngabejaan urang lembur,” ceuk Aki Jaya.

“Pakeanana mah pakean prajurit, tapi naha teu bisa ngojay,” ceuk Atus.

“Kasima meureun, karek tumpak rakit,” tembal Asmita. “Tapi asa aneh, rakit bisa ucutan kitu. Lelewodeh pisan nyieunna. Teu mikirkeun kasalametan nu meuntas”

“Enya, nya,” Atus mairan, panonna mencrong ka lebah leuwi nu kaayaanana biasa deui. Tukang rakit geus teu tembong. Duka ka mana ngaleosna.

Aki Jaya ngareret ka Asmita jeung ka Atus.

“Omat ulah geruh, ulah bebeja ka sasaha,” pokna. “Engke oge urang bakal nyaho.”

Baca Juga: Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talaga Manggung

Bari leumpang Asmita, Atus jeung Gingin uleng mikiran kajadian tadi, dipatalikeun jeung kajadian samemehna. Waktu anyar datang ka warung, di warung ukur aya tukang warung jeung pamajikanana. Torojol lalaki tiluan. Teu lila kadenge sora manuk tuweuw, lalaki nu tiluan gura-giru indit. Atus keur meuleum lauk rongheap nu tumpak kuda.

Turun tina rakit panggih jeung lalaki limaan make baju prajurit, leumpang rusuh, siga aya nu diudag. Tumpak rakit anyar. Rakitna kabawa ku lajuna cai, tepi ka leuwi, rakitna ucutan. Lalaki nu limaan titeuleum. Boa nu limaan teh keur ngudag nu tumpak kuda? Boa rakitna ngahaja dijieun teu weweg sangkan nu tumpakna cilaka?

Boa sabenerna mah nu limaan teh bisaeun ngojay, ngan kaburu aya nu ngarogahala manten. Sangkan naon eta teh? Sangkan nu diudagna salamet. Saha nu ngarogahalana? Bisa jadi nu boga lalakonna lalaki nu tiluan nu sanggeus ngadenge tuweuw gagancangan indit ti warung sarta kebat ka hilir, ka lebah leuwi. Gingin galecok dina hatena.

Saha atuh nu disalametkeunana? ***(Nyambung)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler