Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna

25 Februari 2023, 05:30 WIB
Patilasan Cakrabuana di Cirebon Girang Kabupaten Cirebon. Cakrabuana atawa Walangsung teh nu ngadegkeun Cirebon.* /Nanang S/Galura

 

KARATON Surawisesa, Kawali, pasosore. Maharaja Sakti sila andekak di paseban. Panonna neuteup ka luar, ka alun-alun nu kaayaanana teu karumat, meh teu beda jeung Karaton Surawisesa. Karaton nu jaman Prabu Wastu Kancana sakitu agrengna sarta komarana luhung  teh nungtutan barubud jeung loba nu ambruk, najan kaina petingan oge.

Saprak ditinggalkeun ku luluhurna, ku Jayadewata, lantaran puseur dayeuh karajaan dipindahkeun ka Pakuan Pajajaran, Kawali muguran. Kawali geus lain deui puseur karajaan badag. Ukur karajaan daerah nu ngindung ka Pajajaran. Komo sanggeus Surawisesa nu ngaganti Jayadewata kungsi ngagempur Kawali mah.

Harita Karajaan Kawali kurang panujueun Surawisesa ngaganti Jayadewata. Anggapan urang Kawali, aya nu leuwih boga hak jadi raja di Pajajaran. Dianggap bahula, Kawali dirurug ku pasukan Surawisesa, perang campuh teu kajadian, lantaran direrema ku parasesepuh, masing kumaha wae oge luluhur Surawisesa teh ti Kawali.

Baca Juga: Putri Anjungsari (37), Bena bari Demit Dibawa ku Imah nu Nyingkur, Beunang Beja Putri Anjungsari Tikelebuh

Apanan bapana Surawisesa, Jayadewata,  mere ngaran Surawisesa oge keur pangeling-ngeling ka Karaton Surawisesa nu dihade-hade ku Prabu Wastu Kancana, ku akina Jayadewata. Jayadewata nu geus jeneng raja di Pakuan Pajaran mibanda gelar Sri Baduga Maharaja teh nineungeun pisan ka karaton tempat diwedalkeun jeung digedekeunana.

Lain ukur Kawali nu nganggap Surawisesa lain putra mahkota teh, tapi karajaan daerah sejenna. Nu matak jaman Surawisesa mah, Pajajaran remen perang. Eta sababna, kakuatan karajaan-karajaan daerah jadi hengker. Kaharti mun waktu Sundakalapa dirurug pasukan gabungan Cirebon-Demak, karajaan daerah teu bisa mantuan.

Ti beulah kaler, Karajaan Cirebon beuki ngangseg. Sanggeus Kuningan ditalukkeun,  Talaga jeung Rajagaluh, oge bisa direbut. Cirebon keur meruhkeun Rajagaluh mah kudu make reka perdaya. Keur nalukkeun Kawali, Cirebon tinggal ngalengkah. Teu kudu mawa bala tentara nu loba jeung samagreng, lamun Cirebon niat mah.

Kawali   saenyana kungsi mibanda kakuatan mandiri dina militer. Waktu Talaga toh-tohan nadah panarajang Cirebon,  Kawali mantuan. Kawali ngarasa mibanda Talaga lantaran Talaga diadegkeun ku urang  Galuh. Talaga teu bisa ditalukeun, ngan raja Talaga teu terus nyanghareupan Cirebon lantaran leuwih mentingkeun kasalametan rahayat .

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Karajaan Rajagaluh oge diadegkeun ku luluhur Maharaja Sakti. Diadegkeun  ku Dewa Niskala nu ngecagkeun kalungguhanana di Kawali alatan kawin ka wanoja ti Majapahit nu geus tunangan. Harita urang Majapahit loba nu ngungsi ka Kawali waktu di Majapahit beuki ngageder Perang Paregreg, perang dulur marebutkeun tahta.

Maharaja Sakti leuwih ti apal kana sajarah karajaan di Tatar Sunda teh. Waktu masih keneh di Pakuan Pajajaran, mindeng ngawangkong jeung parasesepuh nu apal kana sajarah jeung mindeng maca di pabukon. Kulawadet Pajajaran sejenna oge rata-rata nyarahoeun kana sajarah karajaanana jeung kana lalakon luluhurna.

Waktu dipasrahan  Kawali, Maharaja Sakti ngarasa pancenna beurat pisan: kudu mertahankeun adeg-adeg Galuh, kudu ngabendung pangaruh Cirebon, pangaruh nu bisa ngaleungiteun ajen-inajen Galuh. Paling henteu kudu mertahankeun ciri, jeung titinggal luluhurna di wewengkon urut Karajaan Sunda-Galuh, ulah tepi ka leungit.

Maharaja Sakti henteu perlu nyiapkeun pasukan. Maharaja Sakti yakineun, Cirebon moal ngagempur Kawali ku kakuatan militer. Luluhur raja-raja Cirebon teh ti Kawali, ti Galuh. Walangsungsang atawa Cakrabuana, seuweu Jayadewata, ngadegkeun Karaton Pakungwati nyanghareup ka Galuh, tanda Walangsungsang ngahormat ka luluhurna.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Kajaba ti eta, urang Cirebon nganggap Kawali geus teu boga kakuatan nanaon, geus teu boga angkatan perang nu tohaga. Cirebon leuwih museurkeun perhatianana ka Pakuan Pajajaran nu bentengna tacan bisa wae bisa diperuhkeun. Urang Kawali mindeng ngawenehankeun pasukan Cirebon ngaliwat ka Kawali, ngajugjug ka Pakuan Pajajaran.

Pancen Maharaja Sakti sejenna: urang Pajajaran nu ngungsi ka Kawali salamet jeung aman. Jati dirina henteu kanyahoan ku Cirebon jeung ku Demak. Memeh nu ngungsi mariang ti Pajajaran, urang Pajajaran mere iber heula ka Kawali. Urang Kawali sok mapagkeun jeung milu ngamankeun bari teu dipikanyaho ku nu ngungsina.

Anu sina mapagkeun jeung ngamankeunana teh lain tokoh jore-jore, tapi nu mibanda pangalaman jeung mibanda elmu linuwih. Lain ukur kanuragaan, tapi oge elmu nu diperlukeun ku rahayat sangkan sajero lalampahan aman jeung dibantuan mun aya karerepet atawa mun dipenta tulung.  Anu ngawal ti Pajajaran oge, lain jalma samanea.

Sakur nu ngungsi ka Kawali, geus sababaraha kali entragan, teu weleh salamet tepi ka Kawali sarta saterusna dumuk di Kawali, bari teu dipikanyo ku nu sejen, babakuna ku telik sandi Cirebon, bisa nyumput di nu caang, teu nembongkeun  asalna ti karaton Pajajaran. Atuh mun tadina prajurit teu nembongkeun dirina prajurit*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler