Hafidz, Korban Tiwas Titeuleum di Pangandaran Dikurebkeun di Majalaya

- 14 Juni 2024, 10:26 WIB
Karangan bunga di padumukan ninina Hafidz di Desa Gandasoli, Kabupaten Bandung.
Karangan bunga di padumukan ninina Hafidz di Desa Gandasoli, Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Hafidz Arrafi Musafa (15 taun) korban tilar alatan titeuleum di Pantai Barat Pangandaran, Kemis, 13 Juni 2024, kamari, dikurebkeun di Majalaya poè ieu,  Jumaah, 14 Juni 2024, isuk-isuk.

Layon budak kadua karyawan PLN, Yanna Kustiawan, teh tepi ti Pangandaran ka padumukan ninina di Lembur Cibisoro RT 04 RW 04, Desa Gandasoli, Kecamata Katapang, Kabupaten Bandung, Kemis, 13 Juni 2024, kira-kira jam 23.00 WIB.

Hafidz dikurebkeun di makam kulawarga di Kecamatan Majalaya, Kabupaten Bandung. Dimiangkeun ti lembur ninina, Jumaah, 14 Juni 2024 jam 08.00 WIB, isuk-isuk.

Hafid salila ieu nganjrek jeung indung bapana di Lembur Sukamanah RT 05/ RW 3, Desa Bojongkunci, Kecamatan Pameungpeuk, Kabupaten Bandung. Aggangna kana 5 kilometer ti sakolana , Persis Katapang, Lembur Bojongbuah, Desa Pangauban, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.

Diwartakeun samèmèhna, Hafid   tilar kabawa ombak di Pantai Barat Pangandaran satutas Buggyboat nu dipakè ngojay ditarajang ombak gedè. Haidz jeung tilu baturna kasèrèd ka tengah laut. Kapanggih 200 meter ti lokasi kajadian.

Ari tilu urang baturna bisa kasalametkeun ku tim SAR: Sidqi Bin Hasan Bin Hasan Mubaroq (15 th), warga Cincin Desa Soreang, Kabupaten Bandung, Rafi bin Wawan (15 th) warga Perumahan  Sangkanhurip, Desa Sangkanhurip, Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung, jeung Agil Ramadhan bin Sudarmanto (15 th) warga Lembur Bojongbuah, Desa Pangauban, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah