Hibah Gedung Kejari Heubeul ka Pemda Majalengka Dumasar Surat KPKNL

- 14 Juni 2024, 10:05 WIB
Kejari Majalengka nerangkeun sagala rupa pamaredih LSM Penjara Indonesia (13/06/2024).
Kejari Majalengka nerangkeun sagala rupa pamaredih LSM Penjara Indonesia (13/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -LSM Penjara Indonesia ngagelar unjuk rasa (unras) ka Kejaksaan Negeri (Kajari) Majalengka meredih sajumlah dugaan korupsi di Kabupaten Majalengka gancang direngsekeun, Kemis (13/06/2024).

Ketua DPD LSM Penjara Indonesia Jawa Barat, DB Setiabudhi, anu dibarengan ku Ketua DPC LSM Penjara Indonesia Kabupaten Majalengka, Eye Sukarya, nyebutkeun, unras nu dilaksanakeun bareng puluhan anggotana salasahijina meredih 100 hari kinerja Kejari Majalengka, Hibah Aset Kejaksaan Majalengka jeung ngarengsekeun dugaan korupsi kepala desa manten Girimukti Kecamatan Malausma.

Kepala Kejaksaan Negeri Majalengka Wawan Kustiawan nu ditepikeun ku Kasi Pidsus Kejaksaan Negeri Majalengka Hendra Prayoga SH dibarengan ku Kasi Perdata dan Tata Usaha Negara Kejari Majalengka Agus Setiyo Budi SH, Kasi Pidum Kejari Majalengka Heri Joko Saputro katut Kasubsi Intelijen Haryadi Eka Nugraha, SH menta dihampura sabab Kajari Majalengka jeung Kasi Intel Kejari Majalengka keur euweuh di kantor lantaran keur aya di Kejati Jawa Barat.

Hendra netelakeun ngeunaan 100 hari kinerja Kejari Majalengka, "Kejari Majalengka tos ngalaksanakeun penyuluhan katut pendidikan hukum ka Instansi instansi sareng sajola-sakola kangge nyegah tur ngaberantas tindak pidana korupsi ngalangkungan sosialisasi Jaga Desa, Jaksa Masuk Sekolah, sarta pendampingan hukum ka OPD."

Pidsus kiwari keur ngalaksanakeun penyidikan kana sababaraha kasus korupsi. Ngan tacan bisa dibuka heula tur masih dina proses.

Satuluyna ngeunaan Kepala Desa manten Girimukti, Kejari Majalengka geus ngadegeun tim tangkap buron (Tabur) pikeun neangan kades bieu.

Di sisi lianna dina tindak pidana umum Kejari Majalengka, "Alhamdulillah peringkat I jumlah penanganan perkara tindak pidana umum nu aya patalina sareng Restorative Justice
sawilayah hukum Kejaksaan Jawa Barat salami Dua taun noron," ceuk Pidsus. 

Ari hibah gedong Kejaksaan heubeul, Kasi Perdata dan Tata Usaha Negara Kejari Majalengka Agus Setiyo Budi SH netelakeun, nyebutkeun eta gedong dipenta ku pamarentah daerah ka Kejaksaan Agung, ngan nepi ka kiwari tacan aya kaputusan.

Dina masrahkeun aset kejaksaan dumasar ayana surat ti Kantor Pelayanan Kekayaan Negara dan Lelang (KPKNL) bisa dimangpaatkeun ku pamarentah daerah tur geus dipasrahkeun resmi ka pamarentah daerah ku Kajari jeung Pj Bupati Majalengka. Hartina bisa dimangpaatkeun.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah