Kandaga 100,8 FM dina Gumebyarna Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Narasumberna ukur Pajabat

- 22 April 2024, 05:30 WIB
Kadiskominfo Kabuoaten Bandung, H. Yosep Nugraha, jeung bojona..
Kadiskominfo Kabuoaten Bandung, H. Yosep Nugraha, jeung bojona.. /Sopandi/galura.co.id.

GALURA.CO.ID -Puluhan stan Organisasi Perangkat Daerah (OPD) ngajajar di Jalan Raya Al Fathu Soreang nambah gumebyarna acara puncak Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Ahad, 21 April 2024 sorè.

Stand Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung salasahijina geus diagedkeun ti poè Juma'ah, 19 April 2024.

Salila tilu poè stand Diskominfo sayaga dina runtuyan acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, ASN di lingkungan Diskominfo manco di dinya.

Baca Juga: Gumebyarna Karnaval Budaya Bedas 2024 Puncak Acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Acarana Pemda

Diskominfo nu diwakilan Radio Kandaga 100.8 FM nyiarkeun langsung runtuyan acara Milangkala ka- 383 Kabupaten Bandung.

Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha, dibarengan Petugas Penyiaraan Radio Kandaga 100.8 FM, Eti Harliati alias Teh Asri nètèlakeun, salila tilu poè stand Diskominfo midangkeun sajumlah narasumber ti kalangan para pejabat ASN di lingkungan Pemkab Bandung.

"Kantos gunem catur sareng Sekda Kabupaten Bandung, Pak Cakra Amiyana," ceuk Yosep di Stand Radio Kandaga 100.8 FM Diskominfo Kabupaten Bandung, Ahad sore.

Harita Sekda Kabupaten Bandung, ceuk Yosep, ngawilujengkeun Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, ogè nepikeun harepan Kabupaten Bandung leuwih maju jeung masyarakatna leuwih raharja.

Baca Juga: Wakil Ketua DPRD Yayat Hidayat: Milangkala Kabupaten Bandung Pamiangan keur Bupati Ngaronjatkeun Kinerja

Yosep ogè nyebutkeun Ketua DPRD Kabupaten Bandung, H. Sugianto ogè kungsi jadi nara sumber di stan Diskominfo. Ceuk Yosep, Sugianto apal Radio Kandaga ti masih kènèh frekwensi AM, ayeuna geus FM.

Kepala Dinas Pengendalian Penduduk, Keluarga Berencana, Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak (DP2KBP3A) Kabupaten Bandung M. Haerun ogè kungsi tumorojog di stand Diskominfo.

Haerun, ceuk Yosep nyaritakeun sajumlah pangajèn nu ditarima ku DP2KBP3A Kabupaten Bandung, minangka sumbangsih DP2KBP3A dina hontalan 313 pangajèn nu ditarima Pamarèntah Kabupaten Bandung dina kapamingpinan Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Kitu deui sajumlah pangajèn nu dihontal ku Diskominfo Kabupaten Bandung, milu nyumbang pangajèn pikeun Kabupaten Bandung.

Radio Kandaga Diskominfo ogè kungsi ngadatangkeun Bunda Bedas Hj. Emma Dety jeung istri Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan, Dine Mutiara jeung istri Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung.

Yosep nepikeun,  Saptu,20 April 2024 Radio Kandaga 100.8 FM Diskominfo ngayakeun lomba karaoke nu dibagèakeun warga. Ngan, waktuna kawates pamilonna ogè ukur 20 urang.

"Pamilon nu ngahaja datang dina raraga  milangkala ka-383 Kabupaten Bandung," ceuk Yosep.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah