Reuni Akbar Alumni APDN Bandung Munggaran Diayakeun Sakumna Entragan

- 27 Februari 2024, 13:48 WIB
Reuni Akbar alumni APDN lintas angkatan nu digelar di Gedung Bumi Permasih, Jalan Gegerkalong Hilir, Kota Bandung, Salasa, 27 Pebruari 2024.
Reuni Akbar alumni APDN lintas angkatan nu digelar di Gedung Bumi Permasih, Jalan Gegerkalong Hilir, Kota Bandung, Salasa, 27 Pebruari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana 400 urang alumni Akademi Pemerintahan Dalam Negeri (APBD) Bandung aub kana Reuni Akbar lintas angkatan nu digelar di Gedung Bumi Permasih, Jalan Gegerkalong Hilir, Kota Bandung, Salasa, 27 Pebruari 2024.

Ketua Lintas Angkatan Alumni APDN, Mulyono Wartono nyebutkeun, Reuni Akbar Lintas Angkatan munggaran diayakeun ti entragan 1 tepi ka entragan 23.

"Memang tos sering diayakeun reuni mah, tapi ukur ku sèwang-sèwang entragan," ceuk Mulyono nu dibarengan Pembina Alumni Lintas Angkatan Endang Hudaya jeung Humas Alumni Lintas Anggkatan, Bambang Budiharjo dina lolongkrang acara.

Baca Juga: Forum TBM Kabupaten Bandung Barat Ngaronjatkeun Literasi finansial

Mulyono nyebutkeun reuni akbar bisa digelar  ku alpukahna Pembina Alumni Lintas Angkatan,  Endang Hudaya ti entragan 5 nu nyadiakeun fasilitas ti mimiti gedong tepi ka konsumsi.

Ketua Lintas Alumni APDN, Mulyono Wartono (tengah) dibarengan  Pembina Alumni  Endang Hudaya  kènca jeung  Humas Alumni APDN, Bambang Budiharjo, pangkatuhuna.
Ketua Lintas Alumni APDN, Mulyono Wartono (tengah) dibarengan Pembina Alumni Endang Hudaya kènca jeung Humas Alumni APDN, Bambang Budiharjo, pangkatuhuna.

Tujuan reuni akbar, keur mageuhkeun tali silaturahmi antar alumni APDN.  "Alumni APDN memang tos sarepuh, tos lansia. Tapi, arinyana kantos gaduh jasa ka bangsa, nagara, sareng ka daerahna," ceuk Mulyono .

Mulyono miharep kagiatan silaturahmi terus manjang. "Sanaos angkatan urang mungkin tos teu aya 10-20 tahun èngkè, namung entragan satuluyna ngarumuskeun neraskeun silatutahmi," pokna.

Alumni, ceuk Mulyono, mindeng mere santunan ka anggota nu keur gering. Lian ti eta maneuh nyumbang ka daerahna sèwang- sewangan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah