Kepala Desa jeung Lurah Sakabupaten Majalengka Nampa deui Randis Roda Dua

- 26 Februari 2024, 21:13 WIB
Kades jeung lurah di Kabupaten Majalengka dibagi motor sangkan bisa leuwih ngaronjatkeun layanan ka masarakat.
Kades jeung lurah di Kabupaten Majalengka dibagi motor sangkan bisa leuwih ngaronjatkeun layanan ka masarakat. /

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngaronjatkeun pangladenan publik di Kabupaten Majalengka, hususna di desa jeung kelurahan Pemkab Majalengka ngabagikan kandaraan operasional roda dua keur sakumna kepala desa katut lurah sa-Kab.Majalengka.

Prosesi simbolis masrahkeun kandaraan roda dua dilaksanakeun ku Pj Bupati Majalengka, di hareupeun Pendopo Gedong Nagara Kabupaten Majalengka, Senen (26/02/2024).

Anu ngaluuhanana Ketua DPRD Majalengka, unsur Forkopimda, Sekda jeung sakumna Kepala Dinas, Staf Ahli, Asisten sarta pejabat di lingkungan Pemkab Majalengka, sakumna Camat katut kepala desa jeung Lurah sa-Kab.Majalengka.

Baca Juga: Anyar Keneh Direhab SDN 2 Sidamukti Kabupaten Majalengka Rurug, Guru Tiluan Jadi Korban

Dina laporanna, Sekretaris Daerah Kabupaten Majalengka, H. Eman Suherman, netelakeun kandaraan roda dua keur kepala desa jeung lurah teh bukti rojongan operasional keur kades katut lurah di Kabupaten Majalengka.

"Simkuring ngaraoskeun kacida abotna tugas kepala desa sareng lurah. Ku kituna nalika teu dirojong ku Pemda, dina ngalaksanakeun tugasna kades katut lurah bakal ngalaman halangan-harungan, " pokna.

Rojongan ti Pemda teh ngawujud dina nyadiakeun motor operasional keur kepala desa jeung lurah. Taun ayeuna jumlahna 330 keur kades jeung 13 keur lurah. Jumlah sagemblengna 343 motor, anggaranana Rp11 milyar.

Masih ceuk Sekda, minangka Ketua Tim Anggaran Pemerintah Daerah (TAPD) Kabupaten Majalengka dina taun 2023 inisiatif nyadiakeun motor keur kades katut lurah dirojong ku bupati Karna Sobahi.

Baca Juga: PDI Perjuangan Majalengka Diprediksi Meunang 4 Kursi di Dapil 5 Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah