Kadiskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha: Wartawan Pancenna Ngareka Ungkara

- 7 Februari 2024, 08:54 WIB
Kadiskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha, dina Talkshow  Ngwangkong Ngabedaskein di hotel di Garut, lain di hotel nu aya di Kabupaten Bandung, Salasa peuting (09/02/2024).
Kadiskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha, dina Talkshow Ngwangkong Ngabedaskein di hotel di Garut, lain di hotel nu aya di Kabupaten Bandung, Salasa peuting (09/02/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kadiskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha, nyebutkeun Jurnalis tèh pancènna dina hiji dimensi, nyaèta ngarèka ungkara," pokna.

Inyana ngaku ngarasa reueus ku produk jurnalis. Inyana oge ngibaratkeun wartawan tèh getih jeroeun awak, kacida dibutuhkeun. Ngan, lamun getihna èncèr bisa ngabahayakeun. Pon kitu deui munseug kentel teuing.

Jadi, ceuk Yosep, mun seug dina ngajalankeunr profesina wartawan dibarengan ku kasaimbangan, nyaèta etika, wartawan paham Kode Etik Jurnalistik (KEJ) tanwandè kamerdekaan pers bakal lumangsung kalawan hadè.

Baca Juga: Diskominfo Kabupaten Bandung Ngajak Wartawan Touring ka Garut, cenah keur Ngaraketkeun Silaturahmi

Kituna tèh ditepikeun Yosep dina acara puncak ' Bawa Touring Wartawan Batur Bedas' Diskominfo Kabupaten Bandung, dina talkshow Ngabedaskeun Ngawangkong Bersama Dadang Supriatna (Gaskeun) nu digelar di Hotel Sumber Alam, Cipanas, Kabupaten Garut, Salasa, 6 Pebruari 2024 peuting.

Ku lantaran aya kagiatan sèjèn nu teu bisa ditinggalkeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna teu bisa ngaluuhan, bolay jadi nara sumber dina acara ieu.

Ngan inyana talatah ka Yosep Nugraha, sangkan para wartawan nyumebarkeun pangajak ka masarakat sangkan dina Pemilu 14 Pebruari 2024 ngagunakeun hak pilih.

Talkshow diiluan para jurnalis ti organisasi Persatuan Wartawan Indonesia (PWI), Ikatan Jurnalis Televisi Indonesia (IJTI), jeung Ikatan Jurnalis Pajajaran (IJP).

Baca Juga: Komisi IV DPRD Jabar Apresiasi Hasil Revitalisasi Pasar Harapan Jaya Bekasi

Narasumberna salian ti Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, oge Ketuan PWI Kabupaten Bandung (2019-2023), Pimred dara.co.id, Rahmat Sidarmaji katut Kepala Program Studi Bidang Jurnalistik Universitas Gunung Djati, Enjang Muhaimin.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah