Pj Bupati Majalengka Launching Program Kencan Data

- 4 Februari 2024, 12:30 WIB
Kemis (01/02/2024, Bupati Majalengka ngaluanching Kencan Data.
Kemis (01/02/2024, Bupati Majalengka ngaluanching Kencan Data. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Majalengka lebah dieu Bidang Statistik Sektoral dan Persandian ngalaunching Program "Kencan Data"  dina acara Talk Show nu jejerna "Majalengka Merespon Bersama" di Radio LPPL Radika 99.8 FM Majalengka.

Program Kencan Data  dilaunching ku Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi, Kemis (01/02/2024).

Kepala Diskominfo Kabupaten Majalengka, H. Gatot Sulaeman, ngahatur nuhunkeun kana kasadiaan Pj Bupati Majalengka  nu ngalaunching program "Kencan Data (Kenali, Cukupi, dan Analisis Nilai Data) dina Talkshow di Radio Radika 99.8 FM.

Baca Juga: Ka Mana Pj Bupati Majalengka? Patani Majalengka Ngangluh Hese Meuli Gemuk Subsidi

Kadiskominfo netelakeun Kencan Data teh bagean ti literasi data nu dijerona aya sababaraha program: Webinar Kencan Data, Talkshow Kencan Data, Visualisasi Bewara Statistik dan Edukasi Data (Bestie) data.

Pstalina jeung informasi data  pamarentahan, pembangunan, aspek budaya, kamasyarakatan sarta hal lianna di Kabupaten Majalengka bisa ditempo tur diakses dina hiji sistem database nu ngaranna Open Data, bisa diakses di laman opendata.majalengkakab.go.id.

"Open Data maparinan informasi perkawis data-data, dibagi dina 10 topik nu aya patalina sareng ekonomi, infrastruktur, kemiskinan, kependudukan, kesehatan, lingkungan hidup, pariwisata dan Kebudayaan, pemerintahan desa, pendidikan, jeung sosial," ceuk Gatot.

Masih disebutkeun H.Gatot, salasahiji tugas poko jeung fungsina Diskominfo keur mere informasi ka masarakat sarta oge ngalaksanakeun sababaraha tarekah dina ngabewarakeun informasi jeung literasi data digital ku cara make medsos,  instagram Diskominfo, IG Open Data unggal poe Kemis jejerna Bestie Data.

Baca Juga: Tita Juwita Hipdiah S.IP., Politisi PDI P Kabupaten Majalengka Tandang Makalangan di Pileg 2024

"Bestie Data nyuguhkeun informasi panganyarna perkawis kamotekaran informasi nu diperyogikeun ku masarakat," ceuk Gatot.

"Dina hal ieu simkuring katut rengrengan Diskominfo Majalengka ngahatur nuhunkeun ka Bapa Pj Bupati Majalengka nu tos keresa ngaluuhan Launching munggaran platform Kencan Data di YouTube oge Radio Radika. Ku kituna bakal ngeuyeuban informasi-informasi nu positif keur masarakat," ceuk Kadis Kominfo.

Masih dina acara Talkshow Kencan Data di Radio Radika, Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi. mapag kalayan hade tur ngapresiasi Launching Kencan Data nu dipokalan ku  Bidang Statistik Sektoral dan Persandian.

Eusi Kencan Data hal-hal nu aya patalina jeung kamotekaran Majalengka sacara data jeung ngeunaan pamarentahan, pangwangunan di Majalengka, sosial kamasyarakatan, pemberdayaan kepariwisataan, jeung sajabana.

"Pangemut sim kuring, program Kencan Data  kawilang mangpaat kangge masarakat Majalengka, kalayan nyandingkeun sababaraha informasi basis data nu teu diragukeun deui kaabsahanna," ceuk Dedi.

Baca Juga: Ketua DPC PDI P Majalengka Ngondisikeun Strategi Cerdas keur Kaunggulan dina Pemilu 14 Februari 2024

Hal eta oge jadi bagian ti literasi digital sangkan warga Majalengka naek kelas, salian eta kahareupna bakal di agendakeun keur sababaraha Perangkat Daerah diondang datang ka Radio Radika 99.8 FM pikeun ngaekspos ngeunaan kamotekaran jeung sajabana dibewarakeun ka masarakat.

"Sanes eta wae, pendesiminasian informasi sareng data ngalangkungan sababaraha saluran informasi salasawiosna peran radio oge kawilang penting kangge dilaksanakeun," ceuk Dedi.

Hal eta sangkan kacipta jaringan- jaringan komunikasi antara pamarentah daerah jeung masarakatna, ku sababaraha cara. Dipiharep masarakat bisa ngerasakeun pamarentah karasa ku masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah