Ketua DPC PDI P Majalengka Ngondisikeun Strategi Cerdas keur Kaunggulan dina Pemilu 14 Februari 2024

- 2 Februari 2024, 06:19 WIB
Ketua DPC PDI P Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd.
Ketua DPC PDI P Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua DPC PDI P Kabupaten Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., nu samemehna ngajabat bupati Majalengka, geus milampah lengkah-lengkah strategis nu efisien keur meunang rojongan politik. Nu utama, Karna Sobahi neueulkeun kana peran konci Ketua DPC jeung anggota partey nu aktif aub jeung calon legislatif (caleg) di tiap desa.

Kitu nu kaungkab dina riungan pasca-kampanye di wewengkon Talaga jeung Cikijing, Kemis (01/02/2024). Karna Sobahi netelakeun metode panarekan (pendekatan) nu inovatif keur mincut hate rahayat.

Karna negaskeun kapentingan interaksi langsung antara Ketua DPC jeung masarakat di unggal desa. Di antarana ku ngaubtkeun masarakat dina riungan jeung dialog, satekah polah ngapresiasi naon anu ditepikeun ku masarakat.

Baca Juga: PDIP Majalengka: Ratusan Urang nu Mundur Massal Lain Kader PDIP

"Maparinan waktos kangge rayat, buktos pangajen dina komitmen konkret urang sadayana kangge ngadangu tur ngarespon nu diperyogikeun ku aranjeunna," ceuk Karna Sobahi kalayan pinuh kayakinan.

Salasahiji kampanye PDI P Kabupapetn Majalengka di padesaan.
Salasahiji kampanye PDI P Kabupapetn Majalengka di padesaan.

Karna Sobahi nyebutkeun salasahiji taktik efektif: ngaubkeun caleg jeung anggota partey secara langsung dina kahirupan sapopoe masarakat desa. Bagerak babarengan ka unggal desa, ngawangun komunikasi nu tohaga, tur nawarkeun solusi kongkret keur pasualan nu disanghareupan ku masarakat.

"Kahadiran sareng kontribusi nyata ti sakumna caleg katut partey bakal ngaronjatkeun kapercayaan sarta rojongan masarakat," ceuk Karna.

Karna oge neueulkeun pentingna ngarojong capres, cawapres, caleg DPR RI, celeg keur tingkat provinsi jeung kabupaten. Strategi sangkan unggul kudu sabeungkeutan di sakumna tingkatan, mastikeun rojongan nu tuluy-tumuluy ti mimiti tingkat lokal nepi nasional.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah