Anggota Komisi l DPR RI TB Hasanuddin: Pemakzulan Presiden Lain Makar

- 30 Januari 2024, 13:48 WIB
Anggota Komisi I DPR RI TB Hasanuddin.
Anggota Komisi I DPR RI TB Hasanuddin. /Ayank R Sambara/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  - Anggota Komisi I DPR RI Tb Hasanuddin nandeskeun pamakzulan atawa impeachment presiden diatur dina Pasal 7 B ayat 1-7 UUD 1945. Eta sababna, Tb Hasanuddin  nyebutkeun pamakzulan ka Presiden Jokowi nu ngageunjleungkeun sababaraha waktu katukang ulah dianggap tindakan ngalawan hukum, komo disebit makar mah.

Tb Hasanuddin minangka wakil rayat di DPR Pusat ti Dapil Subang, Sumedang, jeung Majalengka netelakeun  pamakzulan  hal biasa dina jaman demokrasi saperti kiwari. "(Pamakzulan) sanes makar margi diatur dina undang-undang," ceuk Tb Hasanuddin nalika ditepungan di Sekretariat DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Jalan Pemuda, Kecamatan/Kabupaten Majalengka, Saptu (27/1/2024).

Ceuk Tb Hasanuddin, nalika syaratna  geus cumpon luyu jeung undang-undang, pamakzulan ka presiden bisa dilaksanakeun. "Nalika (syarat) teu kacumponan, teu tiasa dilaksanakeun, teu janten masalah, ku kituna teu kedah janten kontroversi," pokna.

Baca Juga: Tb Hasanuddin Siap Bajuang keur Ganjar Pranowo For Presiden RI Taun 2024

Tb Hasanuddin  nyebutkeun proses pamakzulan oge teu gampang sabab kudu ngaliwatan runtuyan rapat paripurna DPR. Satuluyna ka MK tur dibahas di sidang paripurna MPR. Najan kitu, pokna deui, pamakzulan presiden  lain hal nu mustahil dilaksanakeun, sabab geus diatur sarta teu ngalanggar undang-undang.

Ieu politikus PDIP netelakeun aya sababaraha tahapan nu kudu dilaksanakeun saacan ngamakzulkeun presiden. Proses pamakzulan ka presiden dimimitian ku ngagunakeun Hak Menyatakan Pendapat (HMP) ku DPR RI nu geus diatur dina Undang-Undang MPR, DPR, DPD dan DPRD (MD3).

Dina Pasal 79 UU MD3 disebutkeun HMP teh hak DPR pikeun nyurahan kawijakan pamarentah  jeung  kajadian luar biasa.

"HMP oge kangge nyurahan dugaan presiden ngarempak hukum upami tea mah aya indikasai panghianatan ka nagara, korupsi, penyuapan, tindak pidana beurat sanesna, dugi ka perbuatan tercela," ceuk TB Hasanuddin.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah