Tita Juwita Hipdiah S.IP., Politisi PDI P Kabupaten Majalengka Tandang Makalangan di Pileg 2024

- 2 Februari 2024, 07:32 WIB
Ti kenca, Tita Juwita Hipdiah, S.IP., nalika diwanohkeun ka masarakat Desa Mekarhurip Kecamatan Talaga, ku Sekretaris DPC PDI Perjuangan Majalengka nu oge  wabup manten Majalengka, Tarsono D Mardiana, Kemis (01/02/2024).
Ti kenca, Tita Juwita Hipdiah, S.IP., nalika diwanohkeun ka masarakat Desa Mekarhurip Kecamatan Talaga, ku Sekretaris DPC PDI Perjuangan Majalengka nu oge wabup manten Majalengka, Tarsono D Mardiana, Kemis (01/02/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Taun 2024 jadi sajarah gede dina pemilu di Indonesia. Gumebyarna pesta elektoral nu kawilang kolosal: pemilu nasional serentak (milih DPR, DPRD, DPD, jeung Presiden-Wakil Presiden) sarta pilkada serentak (milih gubernur, bupati, wali kota sarta wakil-wakilna). 

Wakil Ketua Widang Kebudayaan DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Tita Juwita Hipdiah, S.IP., netelakeun peran wanoja kawilang penting dina kamajuan sistim demokrasi di Indonesia.

Ceuk Tita, wanoja mibanda kamampuh kalayan hade pikeun kamajuan bangsa jeung nagara.

Baca Juga: Ketua DPC PDI P Majalengka Ngondisikeun Strategi Cerdas keur Kaunggulan dina Pemilu 14 Februari 2024

Tina kituna Tita tandang makalangan maju di dunya pulitik jadi kader di PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka. Dina Pileg 2024, Tita tarung makalangan di Dapil 4: Cigasong, Sukahaji, Sindang, Argapura, Maja, Banjaran, jeung Talaga.

Tita miharep makalanganana di Pileg taun 2024 bisa leuwih ngamajukeun Kabupaten Majalengka sarta bisa leuwih ngamajukeun wanoja.

“Wanoja mibanda kamampuh sami sareng kaum pameget dina sagala widang," ceuk Tita Juwita teureuh ti Talaga Kabupaten Majalengka.

Tita teh adi teges Mayjen (P) TNI Dr. H. Tb Hasanuddin SE., MM, anggota DPR RI Komisi I ti F.PDI Perjuangan, jeung Prof. Dr. H. Sanitiar Burhanuddin, SH., MH, Jaksa Agung Republik Indonesia.

Sanajan wanoja, pikeun Tita kudu sumanget bagerak babarengan ka unggal desa, ngawangun komunikasi nu tohaga, tur nawarkeun solusi kongkret keur pasualan nu disanghareupan ku masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah