Jokowi di Kabupaten Bandung, kajaba Masrahkeun 3000 Sertipikat Tanah, oge Ngabagikeun Sembako

- 4 Februari 2024, 06:33 WIB
Warga Kabupaten Bandung nu narima sembako ti Presiden.
Warga Kabupaten Bandung nu narima sembako ti Presiden. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sajaba ti masrahkeun sertipikat tanah tina peogran Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL), tumorojogna Presiden Jokowi ka Kabupaten Bandung, Saptu, 3 Pebruari 2024 kamari, oge masrahkeun sembako ka 3000 urang panarima mangfaat PTSL.

Pikeun ngumpulkeun warga ti saban kecamatan di Kabupaten Bandung nu narima sertipikat, kana 200 beus ngakut warga ka Stadion Si Jalak Harupat.

Kaamanan kacida ketat, di Gelanggang Olah Raga Si Jalak Harupat nu pernahna pangkulonna di komplek Satadion Si Jalak Harupat ti 3 jam samèmèh kadatangan Jokowi disterilkeun.

Baca Juga: Masrahkeun 3000 Sertipikat Tanah di Kabupaten Bandung Jokowi: Dijaminkeun ka Bank Pastikeun keur Modal Usaha

Salain pihak panitia jeung nu teu boga ID, kaasup wartawan nu teu aya lish di Humas teu meunang asup.

Beus warga panarima mangfaat PTSL parkir anggang ti GOR Si Jalak Harupat, ngudukeun nikreun heula ngajugjug GOR SonJalak Harupat kana 100 meteran.

Satutas masrahkeun sacara simbilis sertipikat tanah ka 10 panarima, Jokowi amanat sangkan Sertipokat kasebut dirawat, ulah dijaminkeun ka bank kajaba pikeun modal usaha.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah