H Dédé Hermawan, S.IP Hirup Mangpaat, Kabupaten Bandung Barat geus Leungiteun Figur

- 31 Januari 2024, 12:00 WIB
H Dédé Hermawan, S.IP
H Dédé Hermawan, S.IP /PESONA/

 

GALURA.CO.ID -Halimun isuk-isuk, matak seunggah nu lumampah. Kahayangna mah ngaringkeb manéh di hareupeun hawu siduru isuk-isuk. Tapi, pikeun H. Dédé Hermawan, S.IP., lulusan Sekolah Tinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (STISIP) Bekasi taun 2018, hawa tiris Désa Wangunharja téh geus dalit nyobat jeung dirina.

Pa Haji, kitu katelahna, remen ngalanglang pilemburan, nalingakeun patani nu indit ka kebon, nalingakeun nu ngaringu ingon-ingon. Haji Dédé, nu geus kapapancénan jadi Kepala Désa Wangunharja salila tilu periode, sadar pisan, aweuhan tina jadi pamingpin di désa téh lintang ti hirup wargana sugih mukti.

Udagan ieu téh, luyu jeung ngaran Désa Wangunharja nu ngadeg taun 1982, pamekaran ti Désa Cikidang. Wangunharja, wancahan tina kecap ‘ngawangun’ jeung ‘raharja’. “Ubyag pangwangunanana, hirup masarakatna raharja, kitu hartina,” ceuk Dédé, ngawangkong di panganjrekanna,  Minggu (14/01/2024) di Kampung Cikawari.

Baca Juga: Minggu ka-8 Tahapan Kampanye, Panwaslu Kecamatan Margaasih 21 Kali Cumeluk Ulah Ngarempak Aturan

Wangunharja, kaéréh Kacamatan Lémbang, Kabupatén Bandung Barat, hiji désa tapel wates jeung Désa Cupunagara, kaéréh Kacamatan Cisalak, Kabupatén Subang. Pangwangunan di Désa Wangunharja, beunang disebutkeun kaluli-luli, sarwa tinggaleun. Kasab masarakatna ukur jadi patani, beunang diitung nu jadi pagawé, da puguh pendidikanna paling copél lulusan SD atawa MI.

Dédé, nu 8 taun kapapancenan jadi Kadus Cikawari, taun 2005 kabiruyungan kapilih jadi Kadés Wangunharja pinilih. Eungeuh désana nu mencil loba tinggaleun téh,  Dédé ngabelesat ngajak para tokoh jeung wargana lumpat ngudag kamajuan.

Sawatara inovasi jeung jurus kréatif dina mingpin désa dilakukeun ku ieu anak Yaya Tarya suargi nu mangsa jumenengna kungsi jadi juru tulis (ayeuna mah Sekdes) Désa Cibodas. Kabeneran deuih, harita nu jadi Kadés Cibodas, Bapa Danu suargi, akina pituin. Jadi, dijungjung lungguh jadi Kadés Wangunharja, keur Dédé nu gumelar ping 12 Juni 1972 téh aya teureuh ti luluhurna.

Aya jalan komo meuntas, Dédé nu hirup ti bubudakna weureu seubeuh ku kapeurih téh, kréativitasna bisa campur gaul jeung urang Kuwait, nu antukna gugon tukon ngocorkeun sumbangan  dana pangwangunan ka Désa Wangunharja.

Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

Tina bantuan dana ti Kuwait téh, di antarana, Dédé hasil ngawangun 650 Rumah Tidak Layak Huni (Rutilahu). Dédé ge, meuli tanah kuburan di RW 01 nu hargana Rp 300 juta jeung tanah kuburan di RW 04 nu hargana Rp 200 juta. Sarana agama, Dédé ngawangun ogé sababaraha wangunan madrasah jeung opat masjid nu kawilang tohaga, di opat kampung jeung di buruan kantor désa.

Cindekna mah, pikeun Dédé, sumbangan dana ti masarakat Kuwait, saenyana diterapkeun keur kamekaran  pangwangunan jeung  karaharjaan masarakatna. Atuh keur kapentingan SDM, sababaraha wargana, teu diwilah-wilah, piligenti dijurung milu sawatara pelatihan petani milenial.

“Sektor tatanén di nagara urang geus asup kana jaman 4.0, digitalisasi, malar teu tinggaleun, warga simkuring geus waktuna melék jadi patani nu ngawasa téknologi digital,” ceuk H. Dédé Hermawan, S.IP.

Adumanis sumber dana tina Dana Désa jeung dana ti Kuwait téa, Dédé nu kungsi meunang pangajén Kades Teladan Peduli Lingkungan taun 2011 ti Presidén RI (harita Susilo Bambang Yudhoyono), teu reureuh ngawangun infrastruktur jalan ku cara di-hotmix, boh jalan di lingkungan pilemburan boh jalan désa nu ngahubungkeun jalan Désa Wangunharja jeung Désa Cupunagara katut Désa Cikidang.

Baca Juga: Adjie Esa Poetra: Kudu Aya Gubenur nu Nawujudkeun Provinsi Sunda

Malah, nyéngsarkeun tina dana sumbangan Kuwait, ieu carogé Hj Rosmanah téh ngabantu warga Désa Cupunagara, ngawangun 30 imah Rutilahu jeung ngawangun 14 masjid. Di  Désa Cikidang mah, Dédé  ngawangun 100 imah Rutilahu. “Warga di désa tatangga gé, perlu dibantu,” pokna.

Nilik kana préstasina nu kawilang leubeut,  dina jabatanna nu nincak periode katilu, Dédé nu ngaranna dilandih Dédé Dermawan, diperedih ku sakumna masarakat, kudu ludeung makalangan jadi calon DPRD KBB ti Dapil 3, ngawengku Kacamatan Lémbang, Kacamatan Parongpong, jeung Kacamatan Cisarua.

Teu bisa majar kumaha, dorongan sakumna warga jeung para ulama, tigin ogé kana paréntah partéy, PKS, Dédé ge antukna léah haté.

“Upami Alloh marengkeun, program abdi ngadorong pangwangunan SDM di KBB nu kaayeunakeun tos leungiteun figur, ngawangun poténsi Dapil 3 tina widang pariwisata, pertanian, jeung pendidikan, ieu PR sim kuring,” ceuk Dédé.

Nyarita pendidikan, Désa Wangunharja nu kiwari mingkin melesat téh, galituk pasantren jeung SD. Atuh dina tanah carik, Dédé ngabobotohan ngadegna SMPN Lémbang 5 di Kampung Cicalung, Désa Wangunharja.*** Cécép Ks

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah