Ngaluuhan Hajatan Rakyat di Cirebon, Ganjar Nyabit Kasus Aiman WIcaksono

- 29 Januari 2024, 15:40 WIB
Calon Presiden nomer urut 3 Ganjar Pranowo kampanyeu di Cirebon jejerna "Hajatan Rakyat nu di laksanakeun di Stadion Bima Kota Cirebon, Saptu (27/01/2024).
Calon Presiden nomer urut 3 Ganjar Pranowo kampanyeu di Cirebon jejerna "Hajatan Rakyat nu di laksanakeun di Stadion Bima Kota Cirebon, Saptu (27/01/2024). /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon Presiden nomer urut 3 Ganjar Pranowo kampanyeu di Cirebon jejerna "Hajatan Rakyat". Kampanyeu nu di laksanakeun di Stadion Bima Kota Cirebon, Saptu (27/01/2024) teh diluuhan ku puluhan rebu urang di sababaraha daerah di Jawa barat.

Kampanye Hajatan Rakyat digumebyarkeun band-band lakoncara. Bubukana pintonan Slank, ngahaleuangkeun lagu andelanna di antarana Orkes Sakit Hati. Rengse lagu, Ganjar Pranowo unggah ka panggung ngabageakeun nu ngarojongna.

Ganjar nepikeun sababaraha program-program kerja nu jadi visi misina. Salasahiji internet gratis, bantuan sosial, integritas kapamimpinan, jeung sajabna.

Baca Juga: Panwaslu Kecamatan Cigugur, Ngutamakeun Koordinasi Dina Nalingakeun Logistik Pemilu

"Saha nu hoyong internet garatis cung diacungkeun pananganna? Simkuring miharep internet garatis bakal janten program entragan ngora kangge motekarkeun kreativitasna sareng ngagampilkeun padamelanna. Ku kituna urang sadayana tiasa mapag Indonesia ka payun ku ekonomi kreatif kangge generasi ngora," ceuk Ganjar.

Dina eta kasempetan Ganjar Pranowo nyabit dirawatanana juru bicara TPN Ganjar-Mahfud, Aiman Witjaksono. "Simkuring ngageuing rayat moal sieun. Anjeunna (Aiman) kiwari diparios ku kapulisian. Aiman teh jurnalis nu nuju medarkeun kondisi sareng hak katut kabebasan jurnalismena," pokna.

Disebutkeun Ganjar timna bakal marengan Aiman sarta bakal terus nalek ka pihak kapulisian naon nu kajadian sabenerna. “Simkuring bakal ngabela Aiman,” pokna deui. Salian eta, Ganjar oge masualkeun kasus nu mibanda akun media sosial @Paltiwest di Kabupaten Batu Bara.

"@Paltiwest mosting warta kajadian nu aya di Kabupaten Batu Bara. Anjeunan diparios, raraosan model-model sapertos ieu teu kenging. Rayat bakal ngalawan ngangge carana," ceuk Ganjar.

Baca Juga: Jum'at Curhat Kapolresta Bandung di Margahayu Amanat ka Warga Sangkan Ngagunakeun Hak Pilih dina Pemilu

Rengse biantara di panggung Ganjar nuluykeun kagiatan lianna. Kampanyeu masih tetep lumangsung nepi ka sore. Kampanyeu dieusi band lianna saperti Jamrud, Tipex, Kuburan Band, Ipank Lazuardi, jeung sajabana.

Opat rebu kader

DPC PDIP Kabupaten Majalengka ngiangkeun rebuan kader jeung simpatisan PDIP keur ngagumebyarkeun kampanyeu Ganjar Pranowo-Mahfud MD, nu digelar di Stadion Bima, Kecamatan Kesambi, Kota Cirebon, Saptu (27/1/2024) dimimitian jam 07.00 WIB.

"Opat rebu kader jeung relawan PDIP Majalengka hadir di Cirebon ngagumebyarkeun Hajatan Rakyat," ceuk Ketua DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Karna Sobahi, nalika ditepungan di DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Jalan Pemuda, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Saptu (26/1/2024).

Karna Sobahi netelakeun, jumlah sakitu can kaasup massa ti partai nu milu ngarojong katut relawan Ganjar-Mahfud di tingkat Kabupaten Majalengka nu aub ngagumebyarkeun eta acara.

Kiwari sakumna struktural nepi kader jeung relawan PDIP di Kabupaten Majalengka bagerak sacara masif keur nyosialisasikeun Ganjar-Mahfud ka masarakat.

Pon kitu deui sakumna caleg ti PDIP di daerah pemilihan (dapil) sa-Kabupaten Majalengka bakal soson-soson keur mastikeun Ganjar-Mahfud unggul dina Pilpres 2024.

"Sim kuring unggal dinten lungsur ka desa-desa di Kabupaten Majalengka kangge nyosialisasikeun program unggulan Ganjar-Mahfud ka masarakat," ceuk Karna Sobahi.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah