Pangajen Manusastra 2023 ti Bupati Bandung pikeun Para Tokoh Basa jeung Sastra Daerah

- 31 Oktober 2023, 05:00 WIB
H. Us Tiarsa R. sabada nampa Pangajén Manusastra (dina korsi roda). Di tukangeunana, ti kenca, Kadisdik Kab. Bandung, Dr. H.  Agus Fitman Zaini, M.Si., Herry Heryadi, Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Hérawati S.S., M.A., Dian Hendrayana, jeung Rosyid E Abby.*
H. Us Tiarsa R. sabada nampa Pangajén Manusastra (dina korsi roda). Di tukangeunana, ti kenca, Kadisdik Kab. Bandung, Dr. H. Agus Fitman Zaini, M.Si., Herry Heryadi, Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Hérawati S.S., M.A., Dian Hendrayana, jeung Rosyid E Abby.* /Sopandi/Galura/

LIMA urang tokoh Kebahasaan jeung Kesastraan narima pangajèn Manusastra ti Bupati Bandung Dadang Supriatna mangrupa piagem, plakat, jeung duit tawis kadeudeuh.

Ngawakilan Bupati Bandung nu keur dines ka Singapura, Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Kabupaten Bandung Dr. H.  Agus Fitman Zaini, M.Si. masrahkeun éta pangajèn dina acara “Publikasi Kebahasaan dan Kesusastraan” nu digelar di Gedung PGRI Jalan Raya Katapang - Soreang, Kabupaten Bandung, Senén, 30 Oktober 2023.

Éta 5 tokoh Manusastra téh, nyaéta H. Us Tiarsa R. (Baleendah), Dian Hendrayana (Bojongsoang), Holisoh ME (Cileunyi), Rosyid E Abby (Katapang), jeung Herry Heryadi (Margaasih).

Ngawakilan para panarima pangajèn, Dian Hendrayana nètèlakeun, pangajèn nu ditarima tangtu bakal jadi pamecut pikeun ngaronjatkeun kamampuhna.

Baca Juga: KIM Cerdas Tarumajaya Kabupaten Bandung Dileler Dua Pangajèn Tingkat Nasional

LIMA  tokoh Kebahasaan jeung Kesastraan Kab. Bandung dilélér pangajèn Manusastra ti Bupati Bandung Dadang Supriatna. Dina foto, ti kénca, Herry Heryadi, H. Us Tiarsa R, Dian Hendrayana, jeung Rosyid E Abby, anu dipasrahan pangajén ku Kadisdik Kabupaten Bandung, Dr. H.  Agus Fitman Zaini, M.Si.*
LIMA tokoh Kebahasaan jeung Kesastraan Kab. Bandung dilélér pangajèn Manusastra ti Bupati Bandung Dadang Supriatna. Dina foto, ti kénca, Herry Heryadi, H. Us Tiarsa R, Dian Hendrayana, jeung Rosyid E Abby, anu dipasrahan pangajén ku Kadisdik Kabupaten Bandung, Dr. H. Agus Fitman Zaini, M.Si.*

"Ieu pangreugreug utamina kanggo para penulis, ahli basa, sareng pemerhati basa. Tangtos Pa Us Tiarsa ogé, salasawios nu kasinugrahan, bingah pisan katingalna ku diperhatoskeun ku pamaréntahna téh. Ieu tèh janten pamecut para penulis kanggo ngaronjatkeun deui kamampuhna. Nya pangpangna kanggo nyeungitan Kabupaten Bandung. Da dihenteu-henteu ogé piraku pengarang, penulisna diperhatoskeun ku pamarentahna, piraku henteu aya tarekah kanggo ngembangkeun deui. Insyaalloh ieu janten pamecut,” ceuk Dian Hendrayana.

Iwal ti 5 urang tokoh Manusastra di luhur anu dilélér pangajén ku Bupati Bandung, dina éta acara “Publikasi Kebahasaan dan Kesastraan” téh aya 10 tokoh Kebahasaan & Kesastraan anu dilélér pangajèn ku Kadisdik Kabupaten Bandung, Agus Firman Zaini.

Éta nu 10 tokoh téh, nyaéta Dedih Suryadi, S.Pd. (Banjaran), MM, Pd., Dadan Dania (Cicalengka), Atep Kurnia (Cikancung), N. Ida Widaningsih, S.Pd. (Cimaung), Ahmad Aman (Ciparay), Drs. Aep Damanhuddin, S.Hi.,MM (Ciwidey), Wiharlan (Kutawaringin), Dadan Sungkawa (Majalaya), Rukanda, S.Pd. (Pameungpeuk), jeung H. Nandang Ruhimat, SH (Pangalengan).

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x