Wabup Muka Muscab HIPMI Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, ST Kapilih jadi Ketua Anyar

- 28 Oktober 2023, 09:57 WIB
Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua  HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026.
Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si.,CPHR, ngaluuhan pangogan Musyawarah Cabang  Badan Pengurus Cabang Himpunan Pengusaha Muda Indonesia (Muscab BPC HIPMI) Kabupaten Majalengka.

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka lumangsung di Hotel Fieris, Kertajati, Majalengka, Kemis (26/10/2023). Kapolres Majalengka dibarengan ku pejabat utama Polres Majalengka.

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka jadi kandaga keur paguneman jeung gempungan ngeunaan sababaraha hal ngeunaan  pangusaha ngora sarta kamotekaran paekonomian di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka diluuhan ku sababaraha pihak, kaasup Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D. Mardiana, nu muka Muscab HIPMI.

Kapolres Majalengka mapag kalayan hade Muscab BPC HIMPI Kabupaten Majalengka. Inyana  netelakeun komitmen kapulisian pikeun ngarojong kamotekaran pangusaha ngora di Kabupaten Majalengka.

Ngaluuhanana Kapolres Majalengka dina ieu acara  wujud ti sinergi antara Polres Majalengka jeung sababaraha elemen masarakat dina ngarojong kamajuan ekonomi jeung usaha di Kabupaten Majalengka.

"Riungan ieu janten momen penting kangge ngawangun hubungan nu raket antawis kapulisian sareng pangusaha ngora, sakaligus ngaraketkeun kolaborasi dina nyiptakeun lingkungan usaha nu kondusif tur ngarojong kamotekaran ekonomi daerah," ceuk Kapolres.

Muscab BPC HIPMI dipiharep bisa ngahasilkeun sababaraha gagasan konstruktif nu ngarojong tumuwuhna pangusaha ngora jeung kamotekaran ekonomi di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Kapolres Majalengka jeung Polres Majalengka komitmen pikeun ngarojong aktif dina kamajuan paekonomian di wilayah Kabupaten Majalengka.

Dina Muscab BPC HIPMI Kabupaten Majalengka, Resha Fauzi Zulfikar, S.T., kapilih sacara aklamasi jadi Ketua  HIPMI Kabupaten Majalengka periode 2023-2026.

Wakil Bupati Majalengka Tarsono D. Mardiana, nyebutkeun Kabupaten Majalengka kiwari kawasan nu strategis dina tumuwuhna industri jeung ekonomi.

"Naon nu dipidamel kangge ngawangun ekonomi di Majalengka sarta tumuwuhna ekonomi, ieu buktos kolaborasi antawis Pemkab katut dunya usaha,  masarakat tiasa ngaraoskeun," ceuk Wabup Tarsono.

Wabup miharep kapangurusan HIPMI kahareup  bener-bener bisa nembongkeun energi positif sangkan mere mangpaat ka dunya usaha sakaligus ka masarakat.

"UKM kudu dibina, sangkan ayana HIPMI, jadi  kabutuhan pikeun pengusaha katut umum nu perelu bantuan," pokna.

Muhamad Afzal nyebutkeun Muscab HIPMI Kabupaten Majalengka jejerna "Sinergitas HIPMI dalam mendorong Potensi Ekonomi Baru".

Baca Juga: Caleg DPR RI ti NasDem, H. Deden Mulyana: Kukuhkeun Perjoangan sangkan Anies Baswedan Unggul di Pilpres 2024

Muscab nu diluuhan ku  HIMPI Jawa Barat geus nyumponan AD/ART,  pamilonna 52 anggota HIPMI nu mibnda hak pilih.

Dina Muscab VII taun 2023 nu ngandidat ketua ngan saurang: Resha Fauzi Zulfikar, ST. Rengse rapat peleno sarta tahapan pemilihan, ti 52 nu boga hak pilih,  39 urang milih Resha Fauzi Zulfikar, ST., jadi Ketua BPC HIMPI Majalengka periode 2023 - 2026.

Resha nu kapilih sacara aklamasi ngahatur nuhunkeun ka sakumna panitia katut anggota HIPMI, muscab lumangsung kalayan lungsur-langsar.

Dina kapamingpinanna kahareup bakal satekah pilah ngarojong sakumna pamuda sangkan jadi pangusaha-pangusaha nu kontribusi ngahudangkeun ekonomi daerah.

"Simkuring katut rengrengan bakal sinergis sareng sakumna steakholder klebet Pemerintah Daerah dina ngawujudkeun sauyunan dina pangwangunan," ceuk Resha. *** Ayank Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah