Menhub RI Ngaroris BIJB, Terbang Asik dari Kertajati, Majalengka Moal Ukur Kaliwatan

- 24 Oktober 2023, 14:30 WIB
Menteri Perhubungan (Menhub) RI bareng jeung rombongan ngaroris BIJB Kertajati (18/10/2023), mastikeun ieu bandara siap ngaladenan penerbangan.
Menteri Perhubungan (Menhub) RI bareng jeung rombongan ngaroris BIJB Kertajati (18/10/2023), mastikeun ieu bandara siap ngaladenan penerbangan. /Ayank R Sambara/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Dina raraga mastikeun siapna Bandara Internasional (BIJB) Kertajati di Majalengka ngaladenan rute penerbangan dalam jeung luar negeri, Menteri Perhubungan (Menhub) RI bareng jeung rombongan ngaroris BIJB Kertajati (18/10/2023).

Dina ieu agenda nu ngarojong jejer " Terbang Asik dari Kertajati" diluuhan ku tamu ondangan Pj Gubernur Jawa Barat, Bupati Walikota sabudeureun wilayah BIJB Kertajati, Pimpinan Angkasa Pura II, pingpinan Media Massa Nasional, Kepala Dinas Perhubungan katut Pariwisata Provinsi oge Kabupaten, sarta tamu ondangan lanna. Pemkab Majalengka diwakilan ku Wakil Bupati.

Maksud Menhub Budi Karyadi Sumadi ka BIJB Kertajati teh pikeun mastikeun ieu bandara nu rek dijual teh siap dioprasikeun dina 29 Oktober 2023. Jadwal penerbangan di Bandara Husein Sastranegara (Bandung) bakal dipindahkeun ka BIJB Kertajati.

Baca Juga: Menkop UKM Teten Masduki Ngujurung Evolusi UMKM Sangkan Mibanda Daya Saeng Global

"Diterapkeun ti mimiti 29 Oktober 2023. Salian eta operator, PT Angkasa Pura II mastikeun sakumna fasilitas ti sisi darat (land side) sarta sisi udara (air side) di Bandara Kertajati dipastikeun siap ngaganti Bandara Husein Sastranegara," ceuk Budi Karya Sumadi.

Salian eta koordinasi jeung sakumna stakeholder oge geus dilaksanakeun sangkan penerbangan nu jadwalna pesawat jet nu dipindahkeun bakal lumangsung kalayan lungsur-langsar.

"Diawitan kaping 29 Oktober 2023, maskapai nu bakal roperasi di Bandara Kertajati: Super Air Jet, Indonesia AirAsia, Citilink katut Malaysia Airlines," ceuk Budi Karya Sumadi.

Rengsena tol Cisumdawu akses ka BIJB Kertajati bisa leuwih gampang. Moda transportasi publik ti jeung ka BIJB Kertajati geus disiapkeun operator beus katut shuttle beus.

Baca Juga: FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

Lian ti eta konektivitas ti sarta ka Bandung, Cirebon, Kuningan, Tasikmalaya, Ciamis, Karawang, Majalengka, Cimahi, Purwakarta, Subang, Indramayu, Banjar, Pangandaran, Jatinangor jeung Sumedang. Sadia oge operator taksi pikeun angkutan point to point.

"Simkuring mastikeun ka Kertajati boh ti Bandung ka BIJB jeung sabalikna ngaliwatan ol Cisumdawu lumangsung kalayan hade. Bandara Kertajati sacara Regional tiasa dioprasikeun sacara alternatif kangge masarakat Bandung Raya, Sumedang, Cirebon, Indramayu, Brebes, Tegal, Tasik, Kuningan, Garut, katut wilayah sabudeureunna," ceuk Menhub.

Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, nyebutkeun ku geus dimimitian dioperasikeunana BIJB Kertajati tangtuna loba masarakat ti jero nagara jeung ti mancanagara bakal datang ka Majalengka.

"Din hal ieu Pemkab Majalengka katut masarakat Majalengka sapuk Majalengka jadi kota tujuan, di antawisna tujuan wisata sareng bisnis. Pemerintah Daerah Kabupaten Majalengka kedah teras satekah polah ngarojong destinasi wisata unggulan katut budaya has Majalengka,” pokna.

Baca Juga: Bupati Bandung Nyayagikeun 5.000 Kuota keur Pelajar Nongton Piala dunia U 17 di Si Jalak HArupat

Kituna teh sangkan pariwisata di Kabupaten Majalengka, boh wisata alam boh budaya katut kesenian tiasa langkung dipikawanoh boh masarakat domestik boh mancanegara," ceuk Wabup.

Dioperasikeunana BIJB Kertajati, Pemkab Majalengka kudu biasa ngamangpaatkeun ieu kasempetan pikeun ngamotekarkeun ekonomi masarakat. “Di antawisna, satekah polah ngalaksanakeun promosi wisata Majalengka sanes mung saukur ngabuka tenant di sabudeureun BIJB Kertajati wae," ceuk Wabup.

Ngabuka tenant boh promosi di daerah-daerah nu jadi tujuan penerbangan saperti di Bali boh tempat lianna perlu dironjatkeun. Masarakat nu bakal lumampah make kapal udara bakal leuwih kairut pikeun datang ka Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah