Merlawu di Kabuyutan Gandoang Desa Wanasigra Ciamis Diluuhan ku Bupati

- 7 Oktober 2023, 21:08 WIB
Bupati Ciamis Herdiat Sunarya diapit ku Koramil Cikoneng, Kapala Desa Wanasigra, jeung ku tokoh masyarakat dina Acara Merlawu di Situs Kabuyutan Gandoang Desa Wanasigra, Jumaah 6 Oktober 2023.
Bupati Ciamis Herdiat Sunarya diapit ku Koramil Cikoneng, Kapala Desa Wanasigra, jeung ku tokoh masyarakat dina Acara Merlawu di Situs Kabuyutan Gandoang Desa Wanasigra, Jumaah 6 Oktober 2023. /Jarkasih/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Ciamis Herdiat Sunarya ngaluuhan ritual Merlawu di Kabuyutan Gandaong Desa Wanasigra, Kecamatan Sindangkasih, Jumaah, 6 Oktober 2023.

Merlawu di Kabuyutan Gandaong dilaksanakeun maneuh unggal poe Jumaah kaliwon pamungkas dina bulan Mulud (Rabiul Awal). Taun ayeuna meneran tanggal 6 Oktober 2023.

Acara Merlawu di Kabuyutan Gandaong di antarana tawasulan jeung ngadu'a di makam Syeh Padamatan, tokoh NU kawilang gede jasana, hususna keur wewengkon Desa Wanasigra.

Baca Juga: Peuyeum Kroto ti Ciluncat Ciamis, Dijieunna Teu Sagawayah, Tilu Poe Samemeh Jumaah Kaliwon

Dina eta kasempetan, Bupati Ciamis nganuhunkeun ka tokoh masarakat Wanasigra nu geus ngondang dirina ngaluuhan Merlawu di Kabuyutan Gandaong.

"Simkuring ngarasa bingah margi tiasa langsung silaturahmi sareng masarakat Wanasigra, " ceuk Bupati Ciamis.

Bupati  Ciamis nyebutkeun tradisi Merlawu lain keur nyembah-nyembah kuburan, tapi tarekah keur ngamumule, jeung ngarumat warisan budaya ti luluhur.

Merlawu oge, ceuk Bupati Ciamis,  salasahiji bentuk rasa syukur kana kasehatan jeung kasalametan anu dipasihkeun ku Gusti Alloh SWT.

Baca Juga: Ngarasionalkeun Nyangku, Panjang Jimat jeung Jamasan, Ngarumat Pusaka kudu Make Teknologi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x