Pamarentah Kabupaten Ciamis Meuseuh Aparatur Kecamatan jeung Desa, sangkan Optimal Ngaladenan Masarakat

- 30 Agustus 2023, 07:00 WIB
Sekda Ciamis keur pidato dina raraga ngabina aparatur kecamatan jeung desa di aula Kecamatan Sindangkasih (28 Agustus 2023).
Sekda Ciamis keur pidato dina raraga ngabina aparatur kecamatan jeung desa di aula Kecamatan Sindangkasih (28 Agustus 2023). /Jarkasih/galura.co.id


GALURA.CO.ID. -Keur ngaronjatkeun kapabilitas aparatur kacamatan jeung desa, pamarentah Kabupaten Ciamis, Bupati, Sekretaris Daerah (Sekda) jeung Asisten babarengan ngabina aparatur kacamatan jeung desa.

Udaganana sangkan aparatur kacamatan jeung desa di Kabupaten Ciamis mibanda kapabilitas jeung wawasan anu lewih hade. Aparatur pemerintah kacamatan jeung desa tugasna langsung hubunganana jeung masyarakat.

Ku hal eta pamarentah Kabupaten Ciamis boga kawajiban ngabina jeung mere wawasan ka aparatur kacamatan jeung desa.

Baca Juga: Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

"Ieu sangkan kapabilitas aparatur kacamatan jeung desa dina ngalaksakeun tugas pokona (tupoksi) lewih proposional," ceuk Sekda Ciamis Dr. H. Tatang waktu ngayakeun pembinaan keur aparatur kacamatan jeung desa di Aula Desa Sindangkasih, Salasa (28/08/223).

Sekda Ciamis ngajelaskeun, aparatur pamarentah, kaasup aparatur kecamatan jeung desa kudu mibanda sipat koopratif, tanggungjawab disiplin, jujur jeung tulaten (akuntabel).

Aparatur pamarentah oge kudu boga sikap anu hade, someah, utamana dina ngaladenan masarakat tur bijaksana hartina kudu boga kualitas (kompeten).

Sekda Ciamis neueulkeun aparatur kudu boga sikep saling ajenan, sok sanajan kasang tukangna beda. Aparatur pamarentah kudu harmonis, boh jeung sasama aparatur pamarentah boh jeung masarakat.

Baca Juga: Di Gada Membaca Ciamis, Gol A Gong Duta Baca Indonesia Ngaguar Rusiah Maher Nulis

Jadi aparatur di mana wae tugasna kudu kudu rasional jeung proposional. Aparatur kudu boga inovasi, hartina kudu aya probahan ka anu lewih hade tur mangpaat keur masyarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x