Baca Juga: Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, Kabupaten Ciamis, Sumanget Mieling HUT ka 78 RI
Ku mindeng digelarna kagiatan, kaasup dina raraga HUT ka 78 RI, nembongkeun Komunitas Gada Membaca lain ukur tempat maca, tapi oge nyadiakeun pasilitas keur rupa-rupa kagiatan nu ngaubkeun masarakat.
Ieu kagiatan jeung lomba teh gratis, sarta meunang rojongan ti pihak-pihak nu gede katineungna kana gerakkan literasi di desa. Sabada ngabagikeun hadiah, dipoto bareng diteruskeun dahar sangu liwet. *** Naufalia Qisthi, Relawan Gada Membaca