FDBS XXI Tingkat Pelajar sajawa Barat Diguar dina Galura Cetak II Agustus 2023

- 8 Agustus 2023, 14:36 WIB
Galura cetak III edisi Agustus 2023 ngabahas Festival Drama Basa Sunda ka-21 (FDBS XXI) Tingkat Pelajar sajawa Barat.
Galura cetak III edisi Agustus 2023 ngabahas Festival Drama Basa Sunda ka-21 (FDBS XXI) Tingkat Pelajar sajawa Barat. /Nanang /Galura

GALURA -Festival Drama Basa Sunda ka-21 (FDBS XXI) Tingkat Pelajar sajawa Barat pokalna Teater Sunda Kiwari (TSK) dijadikeun bahasan utama Galura cetak II edisi Agustus 2023.

FDBS XXI Tingkat Pelajar sajawa Barat nu digelar deui ku Teater Sunda Kiwari dibuka Senén, 7 Agustus 2023. Lumangsung tepi ka 13 Agustus 2023, di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Kosambi, Kota Bandung. Galura cetak II edisi Agustus 2023 nyebutkeun bubukan diluuhan henteu diluuhan ku Kepala Disbudpar Jawa Barat.

Galura cetak II edisi Agustus 2023 ngadadarkeun dina bubuka FDBS XXI Tingkat Pelajar sajawa Barat, Teater Sunda Kiwari ngagelar prosési “Sunda Ngajomantara” nu puisina digalantangkeun ku Dodi Éka Pratama, jeung tarina ku Yayas.

Baca Juga: Tokoh Masarakat Cipaku, Hendra Sundara: Plt bupati Ciamis Ulah Ngagogoreng Bupati Samemehna

Baca Juga: Wakapolda Jabar Ngaroris Lintasan Anyar Ujian Praktek SIM C di Polres Majalengka

Baca Juga: Ingin Rebut Takhta Live Streaming, Ruben Onsu Bertekad Rebut Omzet Besar di Shopee Live pada Puncak 8.8

Teater Sunda Kiwari sataun sakali ngagelar FDBS XXI Tingkat Pelajar sajawa Barat teh udaganana keur ngamumule jeung ngamotekarkeun basa jeung budaya ka entragan ngora.

Salian ti ngayakeun FDBS XXI Tingkat Pelajar sajawa Barat oge ngagelar FDBS keur umum. Anu miluanana teater basa Sunda. Teu diwatesan Jawa Barat wungkul, tapi oge ti provinsi sejenna, Banten, DKI Jakarta, Lampung jeung sajabana.

Tulisan sejenna dina Galura cetak edisi II Agustus 2023: rubrik Warna-warni nulis ngeunaan kuliner has Ciamis nu ti baheula tepi ka danget ieu masih keneh aya, malah mah leuwih dipikawanoh salina ti ku urang Ciamis.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah