Diskominfo Kabupaten Majalengka Rukun Gawe jeung bjb Majalengka Ngagelar FGD Admin Medsos

- 27 Juli 2023, 20:30 WIB
Diskominfo Kabupaten Majalengka jeung Bank bjb Majalengka ngagelar Focus Group Discussion (FGD) Admin di aula kantor Diskominfo Kabupaten Majalengka (26/07/2023).
Diskominfo Kabupaten Majalengka jeung Bank bjb Majalengka ngagelar Focus Group Discussion (FGD) Admin di aula kantor Diskominfo Kabupaten Majalengka (26/07/2023). /Ayank /Galura

GALURA - Diskominfo Kabupaten Majalengka rukun gawe jeung bjb Majalengka ngagelar Focus Group Discussion (FGD Admin Medsos) instansi di lingkungan pamerentah Kabupaten Majalengka jeung Amsindo di aula kantor Diskominfo Kabupaten Majalengka (26/07/2023).

Anu miluan FGD Admin Medsos 50 urang, dibuka Kepala Diskominfo Kabupaten Majalengka H. Gatot Sulaeman sarta diluuhan ku wawakil bjb Majalengka. “Salasahiji dasar hukum ngeunaan keterbukaan informasi publik teh Undang-Undang Nomor 14 Taun 2008 ngeunaan Keterbukaan Informasi Publik,” ceuk H. Gatot.

Kepala Diskominfo Kabupaten Majalengka dina biantara pangbage dina FGD Admin Medsos nu di antarana disaksian ku wawakil  bjb Majalengka, netelakeun hiji instansi dina ngamangpaatkeun media sosial bisa ku cara mendengar (listening).

Baca Juga: Program PTSL PM, BPN Majalengka Masrahkeun Sertifikat, Warga Mibanda Kapastian Hukum

Baca Juga: Bawaslu Majalengka: 27.190 Pemilih Tetap Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka Tacan Mibanda KTP

“Instansi ngagunakeun medsos pikeun mikahanyo kereteg hate masarakat nu ditembrakeun dina media sosial,” ceuk H. Gatot. Anu sejenna: berbicara (talking), instansi ngagunakeun media sosial pikeun menyebarluaskeun bewara ngeunaan eta instansi jeung kawijakanana.

Ceuk H. Gatot prinsip medsos pamarentah di antarana kredibel, informasi nu ditepikeun akurat saimbang. Lian ti eta, integritas, nembongkeun sikep jujur sarta ngajaga etika. Profesional, mibanda kaahlian, atikan, jeung kaparigelan dina di widangna.

“Responsif, getapan dina nyurahan kamandang, kritikan ti masarakat. Terintegrasi, nyaluyukeun sareng media komunikasi sanesna (online jeung offline). Keterwakilan, ngawakilan kapentingan instansi pemerintah, sanes kepentingan pribadi,” ceuk Gatot.

Disebutkeun Gatot, manpaat medsos pikeun pamarentah keur ngarojong efisiensi, mulangkeun deui kapercayaan publik, tanda getapan dina nyanghareupan kamotekaran zaman, sarana komunikasi nalika krisis jeung kajadian bencana alam, ngaguar aspirasi, opini jeung kamandang ti masarakat dina kawijakan jeung program pamarentah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah